Papatah Dalem Pangeran Mekah (Pangeran Soeria Atmadja)

Ieu Papatah Dalem Pangeran Mekah teh, langkung keuna anu janten pangagungna Kabupaten Sumedang sareng nu janten wawakil rakyatna, poma kitu deui urang salaku pamimpin keluarga.


1. Manusa mah kudu cicing dina rasa sareng rumasa, nganggo nyalikan dina korsi eling, mayungan meja wiwaha, nu ditaplakan ku iman, nganggo amparan ku kasabaran, ditelekungan ku elmu, nu dibanderaan ku ikhlas.

2. Manusa nu lumampah kudu tutunggangan wiwaha, bulu napas, diselaan ku asihan, dikadalian ku pamilih, disebrakan ku kahormatan satia, didudukuy ku lungguh, disanggawedian ku pangarti, sareng rintih, diapis buntutna ku jujur, nganggo pecutna ku elmu, nu dicandakna banderana sabar, panganggona ridho, soleh, pibalukareunnana kabagjaan. (Tah ieu jalanna jalmi Islam).

3. Kanggo nu nyarengannana kawalapadna Bani Adam nu disebut Islam, nu linggih dina korsi eling, sareng lumampah tunggang kuda miwaha :
- Ka pasrah,
- Ka sumerah,
- Ka ridho,
- Ka iklas,
- Ka tumamprah,
- Ka sumangga, kakudrat Illahi dikapalaan ku percaya. (Iman).

4. Sawangsulna manusa ulah aya dina jagal cidra sareng ngarasula, ulah linggih dina korsi hilap sareng bengbatan, mayunan meja lalawora, nu ditaplakan ku mang-mang, nganggo amparan ku kabarangasan, nganggo telekung ku hasud takabur, nyandak banderana haranga.

5. Anu lumampah tunggang kuda amarah, nu diselaan ku haranga, dikadalian ku dengki, disebrakan ku harak, didudukuy ku umangkuh, disanggawedian ku licik sareng delit, nganggo pecutnta ku takabur, diapis buntutna ku murugul, nu dicandak banderana Bengal, panganggona bohong, pibalukareunana bahaya. ( Tah ieu jalana atanapi erelna Islam )

6. Kanggo nu nyarengan kawalapadna karunia Bani Adam nu di sebut islim, linggih dina korsi bengbatan, sareng kuda amarah :
- Ka reuwasan,
- Ka risi,
- Ka riweuh,
- Ka hariwang,
- Ka keueung,

6. Kasieun, dikapalaan ku mang-mang, numawi disebut jalmi islam.


--------------------------------------------
Dicutat Tina Koleksi; R.A.A Soeria Danoeningrat

Baca Juga :

Tidak ada komentar