Nerangkeun Mulih Ka Jati Mulang Ka Asal


Anu ngaranna jalma hirup mah miboga awak anu leutik, sedengkeun lamun geus tilar dunya mah awakna téh jadi gedé. Tapi lain awakna anu robah téh. Ieu dina hal beurat reujeung hampangna awak jalma.

Ceuk anu geus ngarasakeun mawa (ngagandong, manggul atawa ngagotong) awak jalma, aya anu béda antara jalma anu hirup reujeung anu tilar dunya. Jalma anu hirup kénéh mah leuwih hampang tibatan awak jalma anu geus tilar dunya atawa Mulih Ka Jati Mulang Ka Asal. Naon atuh ari Mulih Ka Jati Mulang Ka Asal teh??? tah kuring rek nerangkeun nu geus kaharti ku kuring ayeuna.

Mulih ka dzati, Dzati anu dimaksad eta Dzatulloh, hartosna urang Mulih ka DzatNa, sanes ka Asmaulloh, sanes ka Sifatulloh, mulih/pulih sanes ka Af’alullloh. Urang ti Alam Dunya ieu bade Mulih teh sanes ka Surga sanes ka Naraka, tapi Mulih/Pulih ka Dzatulloh.

Anapon pami Surga mah (Kani’matan/Kasenangan/Mamanis). Naraka (Kasangsaraan/Kasusahan/Papait) tegesna eta kalebet Af’alulloh, ayeuna oge kasaksi-karasa hasilna, kasorang - kapidamel - kalampah, diojayan Surga jeung Naraka teh beurang jeung peuting.

Sugan aya anu nyebatkeun “Mulih ka Jannah/Surga, Mulang ka asal? Tah upami aya anu palay lebet ka Surga dibaturan ku 40 bidadari saparantosna PUPUS ngalalakon di Alam Dunya, hartosna miharep Mulih ka Af’alulloh keneh, sanes Mulih ka Dzati (Dzatulloh). Pangharepan anu kieu, teu keuna kana kecap dalil “Innaalillahi Wa inna Illaihi Ro'jiun”.

Anu kumaha atuh Mulih/atawa Pulih ka Dzati teh? Anu mana atuh anu Mulih/atawa Pulih ka Dzatulloh teh?, da geuningan buktos ari Jasad/Waruga/Kurung nana mah di kubur, dibalikeun deui ka jero Kandungan (Bumi), tah palih dieu namina disebat Ibu Pertiwi (taneuh)

Ti tungtung sausap rambutna dugi ka handap sausap dampalna (Waruga) mah dipulangkeun deui waeeee kana Kandungannana (Bumi) da eta tempat pangbalikan anu Sajati pikeun Jasmanina.

Kandungan (Bumi) => Indung Ka-kandungan => tuluy lahir (kaluar tina kakandungan indung), tuluy balik deui kana => Kandungan(Bumi). Bumi/Lemah Cai/Tanah Air, ieu disebatna Indung anu “Sajatina”.

Mulih deui kana pertarosan, anu mana atuh anu Mulih/atawa Pulih ka Dzatulloh na, apan sadayana oge Af’alulloh (Padamelan Alloh)? Manawi kadugi kutulisan, kaharti ku pikiran.

Urang udag tina katerangan Padamelan Alloh (Af’alulloh) waktos nyiptakeun MALAIKAT, JIN, ADAM. Ieu ASAL dadamelannana :

MALAIKAT didamel ku Alloh tina Cahaya, JIN didamel ku Alloh tina Seuneu, ADAM didamel ku Alloh tina Taneuh (Lumpur hitam anu dibentukkeun...jst).

QS.As-Sajdah, 9: Kemudian Dia menyempurnakan dan meniupkan ke dalam (tubuh) nya ruh-Nya dan Dia menjadikan bagi kamu pendengaran, penglihatan dan hati; (tetapi) kamu sedikit sekali bersyukur.

QS.Al-Hijr, Ayat 29: Maka apabila Aku telah menyempurnakan kejadiannya, dan telah meniupkan ke dalamnya ruh-Ku, maka tunduk kamu kepadanya dengan bersujud.

Ruh ditiupkan langsung, dari Ruh-KU (Min-Ruuhi). Ari RUH didamel ku Alloh tina?

Dina al Quran QS.Al-Isro : 85, Artina : Dan mereka bertanya kepadamu tentang roh. Katakanlah : “Roh itu termasuk amri (perintah/utusan/urusan) Tuhan-ku, dan tidaklah kamu diberi pengetahuan (tetang roh) melainkan sedikit“.

Tah geuning kapanggih, nyaaaah!!!, nyata geuning RUH dina jero ADAM/Jasad/Waruga/Kurung JELEMA teh Amri/Parentah/Utusan/Urusan Alloh.

RUH diparentah/diutus ku Alloh kucara ditiupkeun tina Ruh anjeunNa (Ruhulloh) ka Jero Waruga /Jasmani, dimana Jasmani ieu anu asalna tina KANDUNGAN BUMI. Janten anu Mulih /atawa Pulih ka Dzatulloh teh, tegesna RUH anu langsung Urusan/Utusan Alloh.

Anu kumaha atuh Mulih/atawa Pulih ka Dzati teh?, nyaeta ka Dzat Laisa Kamitslihi Syaiun (Dzat anu teu bisa disarupakeun jeung sagala rupa).

Kumaha supaya kapaham mikirna? Walerannana mah, kumaha ari rupana rasa panas?, Kumaha ari rupana rasa amis?, Rupana “Rasa” Panas jeung Rupana “Rasa” Amisna wae urang teu apal, tapi nyata kasungsi jeung karasa ayana “Rasa” anu teu aya “Rupa-na”.

Tuluy pikiran ku urang dina mangsa urang keur dijero kandungan indung, ceuk beja ti indung, sok usik-sok malik, aya soca teu ningal, aya cepil teu rungu, aya bahamna tapi teu aya ucapna, aya irung teu ungsa-angseu, usik sausikna-mailik samalikna. Tah kitu geuning beja (Elmu tina Kandungan) anu disebat ASALna urang memeh lahir ka Alam Dunya.

Janten upami Mulang ka ASAL teh, model keur dina kandungan indung, hartosna :
- Panon kantun buleudna, euweuh Paningalna, asalna oge teu Ningal
- Ceuli kantun Rebingna, euweuh Pangdanguna, asalna oge teu Rungu
- Irung kantung Molongona, euweuh Pangangseuna, asalna oge teu Angseu
- Baham kantun balemna, euweuh Pangucapna , asalna oge teu Ucap.
- jeung saterusna


- Kamana atuh anu sok Popolototna?
- Kamana atuh anu sok Sadenge-dengena?
- Kamana atuh anu sok Saangseu-angseuna?
- Kamana atuh anu sok Sesentak-Gogorowokannana?
- Kamana atuh anu sok Tatajongna?
- Kamana atuh anu sok Teuteunggeulna?
- Sasatna Waruga/Kurung/Jasmani-na geus jadi Babatang, jadi Rokrak, Usik di Usikeun, Malik di Malikeun kunu Ngurebkeun.


NYATA geuning SAJATIna anu Ningal teh sanes Panon buncelik, SAJATIna anu Denge/ngarungu teh sanes Ceuli rebing, SAJATIna Ucap/Pangucap teh sanes Baham calawak, SAJATIna anu Ngangseu teh sanes Irung molongo, SAJATIna Hirup teh sanes Waruga/Jasmani.

PRAK geura diajar ngarak-rak samemeh jadi rokrak, geura Wanohan anu SAJATIna dina Diri, prak geura Ningal teu kalayan Panon, dangu teu kalayan Cepil, Ngucap teu kalayan Baham, Lempang teu kalayan Suku…jst, elmu/kawanoh/kanyaho kana perkara anu SAJATIna ieu disebut Elmu SAJATI pibekeleun Mulih ka JATI kalayan Elmuna.

Upami Mulih ka JATI bahasa Arabna DZATI, hartosna :
- paningalna Mulih kanu Maha Ningal bahasa Arabna mah (Al-Basor)
- pangrunguna Mulih Kanu Maha Rungu bahasa Arabna mah (As-Sama)
- pangucapna Mulih Kanu Maha Ucap bahasa Arabna mah (Al-Kalam)
- pangersana Mulih Kanu Maha Kersa bahasa Arabna mah (Al-Qudrot)
- elmuna/kanyahona Mulih Kanu Maha Uninga bahasa Arabna mah (Al-‘Ilmu)
- hirupna Mulih Kanu Maha Hirup bahasa Arabna mah (Al-Hayyu)
- jeung saterusna


Kitu oge upami Lulus dina migawena, saluyu sareng AsalNa Anu Maha Suci. Katarima hasilna, Sampurna dina PanampiannaNa. Bade kecap bahasa DZATI (Arab)/atawa kecap JATI (Sunda) tujuannana mah AKUR ka  Gusti/Tuhan/Alloh/Ellohim, beda sotenan dina kecap BAHASA, BUDAYA (Cara Laku Hirupna) masing-masing Suku, Bangsa anu pada-pada boga Hak sami pikeun, Mulih ka JATIna – Mulang ka ASALna.



Hapunten uyut Djawi sareng uyut Samsiah, seuweu putu nambut photona ~ Al Fatihah.

Tah sakitu heula pedaran sakedikna, ieu oge panjang teuing, etang-etang ngingetan diri pribadi.



Manawi katampi, hapunten anu kasuhun, hatur nuhun.

Wallohu’alam

Baca Juga :

Tidak ada komentar