Adab-Adaban Dzikir Latifah

Risalah Tarekat TQN


Ieu risalah keur nerangkeun kana kaayaan Tarekat TQN, sareng nerangkeun kana prak-prakanana dina ngajalankeunnana.

Ari manusa eta kaancikan ku rupa-rupa nafsu dina saban-saban latifahna, tegesna lelembutanana manusa. Ari nafsu aya nu ngajak kana kahadean, jeung aya nu ngajak kana kagorengan, anu matak dina agama Islam, di sayagikeun pangajaran TAREKAT, nyaeta maksudna pikeun miara badan manusa sakujur lahir batinna, supaya bisa nyingkahan tina kagorenganana, nyaeta moal daek nurut kana hawa nafsuna, daek milampah kana kahadeanana.


Ari pangwujukna nafsu anu goreng teh eta jadi rereged kumarewedna manusa didunya anu temahna cilaka akheratna, upama manusa henteu palay ngaleungitkeun reregedna ku anjeun tangtu moal ajeg panceug dina kabenerannana moal cucud dina kajujuranana moal tinemu kaluhunganana, jeung moal tanjrih kaadilanana, salawasna, sabab ngagugulung kana pangwujukna hawa nafsu anu henteu aya ereun-ereunana, benang disebut nu kitu teh ngajauhkeun kana ka-islaman, tegesna nirca tina kasalametan dunya rawuh akherat, anu matak dawuhan para ulama muhakikin. 


Manusa-manusa kudu ngageum Tarekat Haq Maliyah Qodariyah Naksyabandiyah, anu matak tawajuh latoif, hartina perjalanan keur madepkeun lelembutan manusa kana kahadean, keur nukangkeun kana kagorengan, seperti dawuhan kanjeung SYEKH ABDUL QODIR JAELANI. Pihartosen ceuk sundana kieu : “ JADI KAWAJIBAN MILURUHNA HIRUPNA ATI TEGESNA ELING KA PANGGERAN, ANU JADI KASALAMETAN AKHERATNA, SUPAYA JADI LEUNGIT REREGEDNA MANUSA ANU JADI PANGHALANG-HALANG KANA KAHADEAN, ARI MILURUHNA NYAETA ANJEUNA MASIH HIRUP KENEH DIDUNIA SARTA NGALAPNA TI PARANTINA (GURU TAREKAT). Malahan dawuhan SYEKH IBN ATTO’ILLAH moal bisa wusul ka Allah Ta’ala salagi hatena masih keneh kaganggu kana hawa nafsuna.

Sundana : DIMANA REK BISANA PADANG ATI, TEGESNA ELING KA PANGGERAN (TAUHID) SALAGI ATINA PINUH KU RUPA-RUPA GAMBAR MAHLUK (NGALAMUN) ANU DI CAP DINA KACANA HATE (RUPA-RUPA CIPTAAN). JEUNG MOAL BISA WUSUL KA ALLAH TA’ALA, MALAH NUMUTKEUN DAWUHAN ALLAH DINA QUR’AN. SAKIRA-KIRA MANUSA HAYANG NGALEUNGITKEUN REREGEDNA DINA AWAKNA LAHIR BATIN TAYA LIYAN IWAL KUDU DZIKIR KA ALLAH, SUPAYA BISA WUSUL KA ALLAH AYANA IEU AYAT DINA JUZ QUR’AN.


Sundana : MANUSA DIMANA MARILAMPAH KANA RUPA-RUPA KAGORENGAN ATAWA NGARASA AWAKNA SORANGAN POEK KU KARUDETAN JEUNG KACUPETAN, TEU SALAH DEUI DZIKIR BAE KA ALLAH (ELING KA PANGERAN) TANGTU MOAL DAEK DEUI MILAMPAH KANA KAGORENGANANA, JEUNG TANGTU LEUNGIT POEK MONGKLENGNA, SACARA KA BUKA KARUWEDAN JEUNG KACUPETANANA, JADI BISA SALAMET LAHIR BATINNA NYAKITU DEUI DAWUHAN ALLAH DINA QUR’AN.
“ PANGNA KAMI NURUNKEUN KANA DZIKIR KA MANEH MUHAMMAD, SUPAYA BISA ATRA JEUNG PERTELA DINA LAKU LAMPAHNA MANUSA, TEGESNA BOGA PADOMAN BISA NGALAKUKEUN KAHADEAN JEUNG BISA NYINGKAHAN TINA KAGORENGAN”.


Ari dzikir ceuk mungguh lugat : Tiap-tiap kalimah anu ngeunaan kana asmana Pangeran seperti sajabana, eta kasebut dzikir mungguh lugat. Tapi ari dzikir mungguh istilah tegesna dzikir anu diatur dicatur ku ahli dzikir aya dua bagian ; sabagian dzikir anu di amalkeunana ku badan rohani, anu dingaranan Tarekat Naksyabandiah, jadi dzikir ieu anu dua bagian dingaranan Tarekat Qodariah, nyaeta pikeun agemen manusa, supaya lulus jasadna, nyawana, mulus lahir batinna, beres syareatna, hakekatna jeung matak wilujeung dunya akheratna.


Ari tuduhna kana dzikir anu di amalkeun ku badan jasmani, anu dingaranan tarekat qodiriah nyaeta anu diunggeulkeun dina salah sawios katerangan :

Nalika Allah Ta’alla nurunkeun kana dzikir-dzikir pikeun maraneh pek geura kanyahokeun kumaneh, saestuna dzikir teh nyaeta


Ari adab-adaban dzikir aya 12 perkara

Dzikir teh kudu di gurukeun heula, sarta guruna kudu anu mursyid, tegesna cukup elmuna, bijaksana ngawurukeunana, titi surti maparin pangartina.
Kudu dijaga dzikirna ulah sampai ka Ghoplah nyaeta ari petana cara nu dzikir, ari hatena luas leos inget kanulian, sabab utamana dzikir = dzikir lambei kudu dibarengan ku dzikir hate. Malah aya kasauran. “ Ari dzikir ku lambei, tapi atina poho, nyaeta dzikir biasa bae (lumrah) nu kitu teh dzikir jalma anu bodo. Ari buahna dzikir jadi siksa, karna dosa, sabab bongan dohirna nyangharep ari batinna sulaya.


Dina rek dzikir kudu Robithoh heula, tegesna nyipta dibarengan ku guru, supaya sagala piwulang guru ulah di momorekeun.
Kudu bersih atina tina sagala hadas jeung najis.
Kudu nyanghareup ka kiblat upama nyorangan
Dina keur dzikir ulah aya pamandangan istuning wungkul kumereb.
Kudu perem supaya lewih tuhu
Kudu dina poek atawa dinu sunyi supaya leuwih tengtrem
Upama keur dzikir nafi-isbat, kudu karasa mapayna ka sakabeh latifah, nurunkeun sakumaha panuduh guru upama keur dzikir isbat wungkul, kudu dipernahkeun dina jero latifahna.
Kudu terang kana hartina.
Dina keur dzikir sina karasa dina sakabeh latifahna,malah dina sakuliah warugana oge karasa milu dzikir.
Sabada dzikir maca latifah :

Ari latifahna manusa tegesna lelembutanana manusa, numutkeun hukum Muhakikin nyaeta aya 10 latifah :
Latifah Qolbi (Lelembutan Jantung)
Latifah Ruh (Lelembutan nyawa)
Latifah Sir (Lelembutan rasa)
Latifah Khofi (Lelembutan anu samara)
Latifah Akhfa (Lelembutan rasa anu leuwih samar)
Latifah Nafsi (Lelembtan Nafsu)

Kakurung ku latifah Qolab, tegesna lelembutan sakabeh badan nyaeta lelembutan acining Cai – Angin – Seneu – Taneuh, sabab badan jasmani the kajadian tina acining Cai – Angin – Seneu – Taneuh.

Ari lelembutan manusa di eusian ku nafsu anu rupa-rupa pangajakan, ari luluguna aya 7 nafsu nyatana :


1. Nafsu Amarah

Tegesna tukang marentah kana kagorengan kalawan maksa mirusa sangkan ngalampahkeun kana kagorengan, ngancikna dina latifah Nafsi, pernahna antara halis dua, ari baladna aya 7 nyaeta :
  1. Buhlun (koret)
  2. Hirsun (Sarakah tur hawek taya ereunna teu noleh mere kanu lian).
  3. Hasadun (dengki ka papada batur)
  4. Jahlun (bodo)
  5. Kibrun (angkuh jeung gumede)
  6. Sahwatun (keukeureweut)
  7. Ghodobun (barangasan, getasan, henteu kaopan)


2. Nafsu Lawwamah


Nafsu Lawwamah tegesna pojokan, cawadan nganjreukna dina latifah qolbi, pernahna dina handapeun kenca, ari baladna aya 8, nyaeta :
  1. Hawaun (kabitaan) temahna teu matak jujur kana pagawean.
  2. Mukron (deleka)
  3. Udjbun (nangtukeun nu tacan bukti)
  4. Ghibatun (ngumpat simuat)
  5. Riyaun (amal perbuatan mandang katingali, katangen ku batur)
  6. Dhulmun (neungteuingan)
  7. Kidbun (cidra)
  8. Ghaflatun (ngamomorekeun kana kawajiban)


3. Nafsu Mulhamah atawa Sawiyah


Tegesna tukang nampa ilham, bisa terbuka rasana, padang atina, ngancikna dina Latifah Ruh, pernahna dina handapeun susu katuhu, ari baladna aya 7, nyaeta :
  1. Sanowah (balaba laluasa taya rudetan)
  2. Qona’ah (ngalap cukup saayana)
  3. Hilmun (someah ramah tamah rasrasan)
  4. Tawadhun (handap ashor)
  5. Thobatun (kapok tina sagala kasalahan)
  6. Shobrun (bisa nahan kangewa jeng kakeseul hate)
  7. Tahamul (kuat nandangan kasusah)

4. Nafsu Mutmainah

Tegesna anu purah ngajak-ngajak kana kateguhan, ka ampuhan, kajatnikaan, ngancikna dina Latifah Siri, pernahna dina luhureun susu kenca, ari baladna aya 6, nyaeta :
  1. Judun (berehan, murah tangan)
  2. Tawakulun (pasrahan, kajeunan)
  3. Ibadatun (kumereb, humadep, saregep)
  4. Sukurun (metakeun waruga katut milikna kanu idin Panggeran)
  5. Ridhotun (tengtrem ayeum kana pamasti ti Allah Ta’ala)
  6. Hosyatun (inggis risi narajang kana salah)

5. Nafsu Rodiyah

Tegesna narik kana kapilucueun dina sagala tingkah polah, ngancikna dina Latifah Qolab, nyaeta dina sakuliah badan, ari baladna aya 6, nyaeta :
  1. Kanomun (mulus tingkah polahna)
  2. Zuhdun (tatapa)
  3. Ikhlasun (bersih ati dina sagala tingkah polah)
  4. Waraun (apik ati-ati dina sagala tingkah polah)
  5. Riyadotun (ngawarah salira sina dumuk dina kasaean)
  6. Wifaun (nyumponan, nohonan kana kahadean)

6. Nafsu Mardiyah

Tegesna ngajak kana sagala kanu dipisuka, nyaeta jalan kasaean, ari ngancikna dina Latifah Khofi, pernahna luhureun susu katuhu, baladna aya 7, nyaeta :
  1. Husnul chuluk (hade bubuden)
  2. Tarku masiwallah (henteu nolih rasana kana sagala rupa anu dipigawe (Tauhid)).
  3. Lutfun biholqi (mikawelas ka papada makhluk).
  4. Hamluhum alassolah (daek leukeun nungtun kana ka alusan).
  5. Sophunan dunubil ghoer (hampuraan ka jalma anu nyieun salah ka pribadina).
  6. Hubul Kholqi (deudeuhan ka papada batur).


7. Nafsu Kamilah

Tegesna purah ngajak kana kasampurnaan manusa, ngancikna dina Latifah Akhfa, pernahna dina tengah-tengah dada, ari baladna aya 3, nyaeta :
  1. Ilmu yakin (kanyahona tetela)
  2. Aenal yakin (kanyataan anu tetela)
  3. Haqul yakin (kanyataanana anu kacida tetelana

Numutkeun Syekh Faruk Sarhanji yen Latifah 10 teh aya 2 bagian. Sabagian 5 nyaeta : Qolbi, Ruh, Sir, Khofi, Akhfa dingaranan Alamul Omri/Alam Amar (tempat wawadah sagala aturan), nyaeta parabotna manusa pikeun mikir-mikir anu henteu kaharti, paranti mikir-mikir anu henteu kaharti, paranti ngulik anu muskil-muskil (mustahil) mahamkeun anu bangga /demit (hese), paranti narima rumasa kana parentah Allah Ta’ala jeng Rasulna, pangna kitu ku ayana Latifah di manusa wungkul, di makhluk sejenna henteu aya malah dawuhan Ulama Muhaqqiqin.

Sundana : ieu Latifah anu 5 (lima) teh aya panampaan paparentahan dampal sampean anu aragung anu kagungan kasabaran, nyaeta para Rasul anu 6.

  1. Nabi Adam As
  2. Nabi Nuh As
  3. Nabi Ibrahim As
  4. Nabi Musa As
  5. Nabi Isa As
  6. Nabi Muhammad SAW
Ari anu 5 deui nyaeta Latifah Nafsiah (lelembutan nafsu jeung 4 anu aya dina Latifah Qolab. Lelembutan sakabeh badan nyaeta tina acining CAI, ANGIN, SENEU, TANEUH eta latifah anu 5 disakabeh makhluk (manusa jeung liyanna) dingaranan Alamul Kholqi (alam kajadian sakabeh makhluk) ari aturananasupaya dina lelembutan manusa ulah kalindih ku pangwujukna nafsu, nyaeta kudu karasa dzikir dina hiji-hijina Latifah, ditungtutan hiji-hiji Latifah tina asal di ajar dilalanyah tepika ngalemah, betah ayana dzikir (eling) teh hideng sorangan, tuluy ditungtutan deui kana latifah anu kadua nyakitu bae cara ngawarah latifah anu kahiji, tepika saterusna kabeh latifah, malah karasana lain dina latifah bae, tapi dina sagala waruga sakujur oge pada ngarasa ngalemah katut kabulu-bulu sadagingna sakulitna, sauratna katut ka pejit-pejitna pada nyarampak nyararing areling tepika nyerep lenyep sumeresep dina sakuliah waruga manusa, ceuk bahasa arab mah khusyu (tuhu, junun, teu nolih kanu liana, henteu malire rasana kana sagala anu dipilampah ku jasadna, anging rasana anu cengeung manteung ka Allah Ta’ala wungkul beunang oge disebut istigrok = tegesna kaliputan ku lautan Muso’adah Sidkiyah (waspada anu tetela) ngesto taya petotna, ngabdi taya sepina, rumasa sapapanjangna teu nolih kana liana teu malire kanu sejenna, ngancik rasa anu sampurna, istu tetes teleb-teleb, nyelep lenyip, lahir batinna, sumawona kanu ngayuga, sanajan kapapada manusa teu weleh aya ras-rasan karumasaan boga rasa samodal sawedal sabangsa taya aya rasa angkuh sorangan, sepi tina kadiran, pinter aing henteu lian, ginding aing heunteu lian, beunghar aing teu lian, pangkat aing estu kasaluhureun boh harkat darajatna, boh kabogana tara hayang nanduk, sabalikna daek nyampur aku-baur kasasama tara hayang pasea, sabalikna jadi persahabatan anu sampurna, kasahandapeun tara hayang ngahina, sabalikna nungtun nuju kana jalan kajujuran, kapakir miskin teu weleh darehdeh sareseh, jeung daek mere maweh nganyatakeun welas asihna jeung ngarasakeun dina sagala rupa ka purba ku kawasa sanajan sagede lisah (benyer), moal salah tumarima, kasugri paparina, misilna tileuleutik tepika gede, ti susah tepika bungahna, teu weleh ngait meulit dina rasana aya karumasaan anu sampurna. 

Tah anu kitu dingaranan tegesna anu bisa nungtik nyangsi kana kasampurnaan manusa = keuna kasauran sepuh-sepuh tara unggut kalinduan, tara gedag kaanginan, ceuk basa arabmah ‘Istiqomah’. 

Tegesna ajeug panceug salalawasna tara katarik kataji ku anu muji, teu tugenah manah ku anu mitnah, tara sewot ku anu moyok, teu haripeut ku anu ngaleum, teu kabongbrong ku anu ngolo, teu tibelat ku anu ha’at, teu sedih pedah kaperdih, teu sungkan pedah dipenta, jejeug ajeug calik dina kayakinan teu aral ku rugina, teu bosen ku usahana, teu agul ku untungna, sadrah dina keur geringna, ikhlas keur ngubaranana, syukuran dina cageurna. Teu cicingeun keur bodona, teu bosenan diajarna, teu takabur ku pinterna, jadi teu sepi-sepi hasilna, dina sagala tingkah polahna, henteu suwung ibadahna tegesna humadep saregep ngawula sapapanjangna.

Teu kaliwat pedah berang teu kalindih pedah peting, teu kahalangan ku berang, teu kahalingan ku peting, singhoreng teh cicingna dina antara, heuleut berang heuleut peting, heuleut hina heuleut mulya, heuleut rugi heuleut untung, berjalan diduanana, kelar napak sapanjangna. Misilna nu tumpak kuda, calik ditengah-tengah sanes payun sanes pungkur, heuleutna payun jeung pungkur payun teuing mah tisuksruk, tukang teuing mah tijengkang, cirina kudu nengahan, ari kuda ditunggangan, nu matak tipayun dipasang kadali rangah, ti pungkur ku apis buntut, papak rata sangawedina, bisina kuda jengjaran, bisina rusuh sandungan, lain kuda teu huluan, lain kuda teu buntutan, ngan cicing diantarana nahan pungkur jeung payunna, lain teu aya susahna, lain teu aya bungahna, lain teu aya geuringna, lain teu aya cageurna, lain teu aya rugina, lain teu aya untungna, ngan cicing diantarana, ngamudi kaduana, tah kakara ngarasa papak ratana, henteu beurat kasabelah sabab mun resep teuing kakatuhu, sok jadi ngewa ka kenca, resep teing ka kenca sok tugenah ka katuhu, resep teuing kana benghar, sok ngewa kana malarat, cicingeun dina malarat, sok hayang nu benghar, resep teuing dina pangkat, sok ngewa panggih jeung cacah, pedah urang dina cacah, teu hayang luyu jeung pangkat, padahal mah keur susah teh pibungaheun, padahal keur bungah teh pisusaheun, padahal mah keur benghar teh pimalarateun, padahal keur malarat teh pibenghareun, padahal mah keur jadi rakyat teh pipangkateun, padahal mah keur jadi pangkat teh pirakyateun.

Tah lamun kitu teh karasa papak ratana layeut kahilir kagirang, upamana marojengja, pasti kana sulayana, tinangtu paraseana, sababna pakia-kia. Kumargi kitu kasugri nu parantos ngageum Tarekat Haq Malyiah Qodariyah khususna kaum Muslimin umumna, mugi sami bareng-bareng ngaihtiaran kana jalan kasaean, nyingkahan tina jalan kaawonan, karana anu jadi kasalametan di akherat teh nyaeta anu ngalampahkeun hade di dunyana, nyakitu deui anu cilaka akheratna teh, nemahan salah didunyana, jadi sadaya manusa pada boga tanggung jawab, kuduna ngurus badan sakujur, ngadidik diri pribadi, ulah rasa kajongjonan, betah dina kasalahan, matak cerik akhirna, matak cilaka tungtungna dina enggoning ngumbara di alam dunya, kudu bisa mernahkeun salira, dina kahadean salawasna, mangkana salira taya serepna, kari-kari lalawora, henteu apik miarana boh dohirna boh batinna, tetep resep dina kasalahan, ngumbar nafsu sapanjangna. Numatak ayana Tarekat Haq Maliyah Qodariyah the, nyaeta perjalanan perihtiaran keur mernahkeun kahadean kasampurnaan lahir batin, nyingkahan tina kasalahanana.

Mugi-mugi Gusti Allah Ta’ala maparin terbuka ilham anu mulya supaya tinemu bagja, hasil pamaksudanana, sinareng ieu risalah, muga-muga jadi wasilah, ka seja nu milampah, bisa ka ala buahna bisa kapeutik hasilna, manfaat sapapanjangna, salamet dunya akheratna, salamet jasadna, salamet nyawana, salamet lahir batinna, diraksa ku Nu Kawasa, bisa napakkeun hadena, bisa nyingkahan gorengna, parek rizkina, jauh balaina, taya sanes nu di suprih Cageur-Bageurna.


INTISARINA

Martabat Alam nurutkeun Makomna Aya 2 (dua) nyaeta :
  1. Alam Amar (Alamul Omri)
  2. Alam Khalaq (Alamul Kholqi)
Ari Alam Amar kasusun tina :
  • Qolbu nyaeta Alam Malak jeung Sahidan
  • Roh nyaeta Alam Malakut jeung Arwah
  • Sir nyaeta Alam Jabarut
  • Chafi nyaeta Alam Lahut
  • Achfa nyaeta Alam Ghoib Huwiyah Ilahiah.

Alam Kholaq kasusun tina 1 Nafsu jeung 4 Unsur Alam hiji-hijina diantawisna :
  1. Nafsul Hayawani (Hewaniah)
  2. Turabun (Acining Taneuh)
  3. Maun (Acining Cai)
  4. Hawaun (Acining Angin)
  5. Narun (Acining Seneu)
Martabat Qolbi dilebetkeun kana Martabat Af’al
Tempatna : Riqqah, Marifah, Hub, Sabr, nyatana kelembutan, tahu, kecintaan dan sabar.

Martabat Roh dilebetkeun kana Martabat Asma
Tempatna : Rahmah, basath, dan surur yatana kasih sayang, kemurahan, dan kegembiraan.

Martabat Sir dilebetkeun kana Martabat Sifat Subutiyah
Tempatna : Farah, dhahak, ghurur, yatana gembira, tertawa dan kebimbangan.

Martabat Chafi dilebetkeun kana Martabat Sifat Salbiyah
Tempatna : Hazzan, chauf, buka yaitu kecemasan, takut dan tangis.

Martabat Achfa dilebetkeun kana Martabat Zat Mutlaqah yang tertinggi
Tempatna : Syahwat, djur’ah, sjadja’ah, harus yatana hawa nafsu, keberanian, kesatria dan kesungguhan.

Baca Juga :

Tidak ada komentar