Karinding: Alat Musik Sunda Tradisional

Naon atuh ari alat Musik Karinding Teh, Karinding mangrupa salah sahiji alat musik tiup tradisional Sunda. Aya sababaraha wewengkon nu dipikawanoh minangka wewengkon nu ngahasilkeun karinding, nyaeta: Darmaraja (Sumedang), Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, Lewo Malangbong, (Garut) sareng Cikalongkulon (Cianjur) nu ngadamel karinding tina palapah kawung . 

Di wewengkon Limbangan jeung Cililin mah, karinding teh didamelna tina awi, ieu nandaan taun didamelna, jeung nu nganggona ge para wanoja istri, hal ieu katiten tina wangunna nu jiga cucuk gelung nu gampil ditancebkeun dina gelung atanapi rambut para wanoja. Karinding tina kawung sesuseurna dianggo ku pameget, wangunna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu buku (ruas).

Eta karinding teh ayeuna mah geus dipake sumebar dihijikeun jeung alat kasenian modern ku barudak ayeuna da ku sabab karinding nimbulkeun sora nu unik jang nu ngadengena.

"Sabenerna eta alat karinding teh alat pikeun musik ki sunda buhun pikeun ngadeukeutkeun ka Yang Widi nu Maha Tunggal baheula na teh," Ceuk salah sahiji sesepuh urang Sumedang. Jiga rebana mun di Islam mah.

Kunaon atuh dijieun kalobaan alat musik sunda tina "Awi" (bambu) saperti suling, calung, kolentrang, jsb, kusabab awi mah lempeng tara teu bengkok jeung bisa ngahasilkeun sora da sabab baheula mah can aya alat musik impor jiga ayeuna, jadi hirup urang teh ulah bengkok, goreng hate, tojaiah, hade budi, jrrd. Ngarti meureun urang sunda oge.

Cara nabeuhna karinding disimpen dina lambey, terus tepak bagian paneunggeulna ngarah kacipta resonansi sora. Karindng biasana ditabeuh sacara solo atawa grup (2 nepi ka 5 Urang). Hiji diantarana disebut juru kawih anu ngatur ritem. Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding dimaenkeun sareng takokak (pakakas musik bentukna kawas daun).

Mangfaatna lain karinding teh alat pikeun ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina ke leterna jarum karinding kaitung sora nu handap. Sorana dihasilkeun tina ditabeuha gagang karinding sareng tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. Eta sora nu kaluar teh ngan kadangu ku sabangsa sasatoan insekta, kayaning wereng, simeut, jangkrik, atawa oge ku manuk, sarengsajabana. Kiwari eta sora teh disebutna ultrasonik. Salian ti ngusir hama, mangpaat karinding oge pikeun ngabeberah maneh, sangkan betah waktu jaga sawah atawa huma. Sangkan jadi wirahma, carana karinding ditabeuhna ku cara ditiup ku baham. Kiwari, nabeuh karinding diinovasi dibarungan ku pakakas musik sejenna.

Bedana nabeuh karinding jeung alat musik jenis 'mouth harp' sejenna nyaèta lebah tepakan. Ari nu sejenna mah ditoel. Nya ku cara ditepak loba kapanggih wirahma anu beda-beda. Ketukan tina waditra karinding disebutna Rahel, nyaèta keur ngabedakeun saha anu kudu nepak tiheula jeung saterasna. Nu pertami nganggo rahèl kahiji, anu kadua nganggo rahèl kadua, sareng saterusna. Euyeubna sora nu dihasilkeun ku karinding nimbulkeun rupa-rupa sora, antarana bae sora kendang, goong, saron bonang atawa bass, rhytm, melodi sarengsajabana. Malah ku karinding urang bisa nyieun lagu sorangan, sabab cara nepakna anu beda jeung sora tina baham nu bisa divariasikeun bisa ngagampangkeun urang ngahasilkeun sora nu warna-warni. Cek kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, upama urang geus maher ngulinkeun sora karinding, bakal manggihan atawa ngahasilkeun sora pikeun nyarita, tapi sora anu kaluarna sada sora roge botik.


Cah ah hanca nu lain

Baca Juga :

Tidak ada komentar