Ulikan Tina Agama Ngeunaan Kasakit/Panyakit

Ieu ulikan/elmu anu aya dina khasanah sunda pikeun ngubaran diri atawa batur anu aya dina Naskah Maryanah (Subang) dina prosa, aksara Latin, tebalna 105 halaman jeung 19 halaman :

- Lamun mimiti sakit dina poe Saptu teu aya tambana kudu pasrah ka Pangeran Lillaahita’ala tapi, maca "Laillaha illa anta subhanaka ini kuntu minaa dholimin".

- Upama nyieun ubar milih poe pikeun ngubaran anu sakit, Poe Juma'at, Poe Kemis, Poe Rebo, Poe Senen.

- Upama aya nu menta tamba diitung aksarana nu menta tamba sareng nu sakitna diitung aksarana tuluy dihijikeun dibagi tilu (3) sesana sabaraha.

- Lamun mimiti sakit dina poe Ahad asal ti malaikat ubarna ku daun gempol jampena maca shalawat 7 kali.

- Lamun mimiti sakit dina poe Senen asal tina kalakuanana ubarna papagan kayu pala jampena maca al Fatehah 7 kali.

- Lamun mimiti sakit dina poe Salasa asal ti indung ti bapa tambana menta dihampura ka ibu ramana.

- Lamun mimiti sakit dina poe Rebo asal tina beas atawa pare ubarna ku daun kelor maca Surat al Fatihah 7 kali.

- Lamun mimiti sakit dina poe Kemis asal tina paturon ubarna sangu sareng daunna dibalurkeun jampena maca Ayat Kursi 3 kali.

- Lamun mimiti sakit dina poe Jum’at asalna ti Gusti Alloh ubarna sabar ti wekal macana "Lailha illalloh ya ilaihi ya sayidi" lobana sateuacan waras mah bacakeun ari wengi.

WaaAllohu a'lam bishowab.

Baca Juga :

Tidak ada komentar