Jati Kasilih Ku Waduk Jatigede

Sesa ibun nu nyalangkrung na pucuk-pucuk daun jati,
Tinggurilap katojo sumirat surya, lir intenna amparan sajadah.
Kembang tanjung jeung malati silihwangi, nyambuang samadhab papat.
Halimun nyingray, Angin liuh ngusap raray bray, muka lawang kaendahan.
Gunung-gunung ngajungkiring jadi bentang babad kasumedangan.

Di ditu...di Cipaku pisan.!
Ki Sunda hirup na kahuripan Silih simbeuh kadeudeuh
Nyimpaykeun rasa kanyaah, ka baraya katut semah.
Bener ceuk deungeun, ieu insun medal, insun madangan.
Dharmaraja Geusan ngajadi nu tara leupas jadi carita.
Matak betah anu nyemah dinangna-nengne kinanti jeung asmarandana.
Dipepende jentreng kacapi, jeung gelik sora suling.

Genah, merenah, tur tumaninah...Tapi naha?
Cipaku kiwari bet beda...alam nu endah jadi sagara
Langit kulawu, bumi oyag tatangkalan rungkad
Bongan bendung nu tohaga, disasak, digunasika, tepi ka tumpur jeung akarna.
Deudeuh Tembong Agung, lir cacag nangka nu ngalayah, na carangka runtah.

Ciwangi tinggal wawangi
Kalunta-lunta, nyiar tempat pangiuhan.
Nu kasampak ngan bangkarak bulan
Susukan koredas dileled hempas cai sagara, cai buruk milu mijah

Gunung pasir meh rata jeung pajaratan ditugar mangsa sagara.
Leuweung dikavling deungeun Sawah diranjah euwah-euwah, ku sagara.
Jati kasilih ku junti boa bakal ngajadi.

Jalan kahirupan nu poek mongkleng karungkupan haliah dunya
Hariringna, lain sinom atawa kinanti nu ngayun-ngambing sanubari

Kiwari mangsa nakon diri rek miang kamana ki Sunda.
Nu ngejat tina tangtungan kabuyutan, sanggeus tatu sakujur awak.

Gudawang ditugar ku jaman edan? Ukur cimata nu kasampak.
Nu muntang na pucuk eurih lir ci ibun nu menang kapeurih.

Dina palupuh tajug, kuring jeung kurungna sumujud,
Dina palupuh tajug, kuring ngan saukur wujud,
Ukur raga titipan Anu Kawasa.

Dina palupuh tajug, kuring menekung,
Ngaawi bitung, Ngosongkeun diri,
Ngapungkeun bakti Mung ka Gusti Nu Maha Suci.


 ===============
Dedi E Kusmayadi
19/12/2015
 

Baca Juga :

Tidak ada komentar