Carita Ngahiyangna Pajajaran - 4

Pun Sapun ka Pamunjung di Mandala Agung, ka Mandala Pangungahan, ka sakabéh nu kadeuleu teu karasa, nu kaambeu teu kadeuleu... 
Paralun.
 
Wilujeung wengi batur, di powék mongkléng di damaran ku bulan sapasi urang lajeung lalakon Ngahyangna Pajajaran/Pajajaran Sérén Papak dina Pantun Bogor.

Lajeung.
Urang kocapkeun sisi leuwi Sipatahunan, Raja urang keur ngawurkeun, awurkeunana saeutik deui. Barang deuk ngawurkeun deui, kadeuleu ku inyana sisi leuwi sabrang wétan Dina luhur tangkal jati Aya nu keur ngintip...

Ceuk Raja : "Ééééh aya manusa". 

Gorobas...Gubrag. Gorolong jiga kadu murag asak, Reg Eureun hareupeun Raja Rorowésan jiga peusing".

Ceuk nu jiga peusing : "Lain Gusti. Ieu mah Si Léngsér, nun. Mantas miceun buntelan.
Ceuk Raja : Ngaing geus nyaho dia lain manusa. Dia téh Si Léngsér. Tapi itu tuh. Di sabrang wétan aya nu ngintip, Urang jieun lutung bae kituh?"

Ceuk Si Léngsér : "Ulah Gusti ulah. Sabab lutung mah aya kokodna. Inyana tangtu geus neuleu, Engké dimana urang geus euweuh Tangtu inyana ujap-ajap Ngemukan di ieu leuwi.
Keun kumaha kula bae, Gusti mah geura ka tonggoh, Tuh... musuh geus nanyakeun Gusti". 

Laju Si Léngsér nyokot popongkol howé, Gedéna sagedé cangkéng Banteng. Laju dipaléngpéngkeun. Keuna ka nu keur ngintip palebah beungeut inyana pisan. Beletak. Gajabag.

Nu dipaléngpéng salin rupa, Inyana jadi kalong. Tah éta sabab-sababna matak neupi kiwari Kalong téh jeding bangusna.

Ceuk Si Léngsér : "Bongan sorangan, Neuleukeun lain deuleun sia. Tapi najan geus kadeuleu sungut sia moal bisa nyarita, kokod sia moal bisa nyokot. Ayeuna sia jadi kalong, tetep enggon sia dina tangkal".

Engké, di mangsa nu bakal kasorang, sia bisa jadi jelema deui. Tapi engké.. Amun ieu Nagara jadi sampalan sisi leuwi ngadeg lembur, Wétaneun kandang kebo bulé. Tah di éta lembur.

Sia bakal ngarunjakeun deui turunan. Tapi tingkah laku inyana heunteu béda tina kalong. Malah engké deui bakal aya turunan sia. Nu ngarana ogé Si kalong. Laku lampah inyana henteu béda tina kalong. Tah éta sabab sababna nepi ka kiwari di kebon gedé hutan samida loba baé kalong.

Urang kocapkeun Raja urang. Inyana unggah ka tonggoh, Laju nyabrang, Der perang. Rosa jasa, Leuwih rosa ti nu ti heula.

Raja urang perang ngaganda. Inyana dihurup ku Kai Cakra, Kai Jaya, Kai Asep, Kai Tubagus, jeung dua béngkong Uwah Mahmud, Uwah Bakar.

Tapi Raja Sunda henteu kéder. Beuki loba nu ngahurup, Meni rosa perangna Raja urang. Datang ka éta genep jawara kulon jeung wétan.

Perangna mani enggéh-enggéhan. Ting gulilap kolépat pedang, Ting jelegér sora tampiling, Ting jalegur sora paneunggelan. Matak torék! Ngadenge sora nu ngareuhak. Keun sina perang bari ngareuhak.

Ayeuna urang kocapkeun anu keur ngalanglang buana. Saha? Nya éta Sanghiyang Santang Aria Cakrabuana nu gagah jeung kasép téa. Ti Pajajaran inyana loba ganti ngaran jadi Guriang Sétra. Mimitina nindakna ka Ujung Kulon, laju nyabrang lautan, unggah di sabrang kulon, di nu kiwari disebut tanah Lampung.
 
Laju Ki Santang nanya ka urang Lampung : "Saha tah jagona di dieu?"

Ceuk urang Lampung : "Di dieu mah teu boga jago. Sabab jagona aya di sabrang, Di Nagara Pajajaran".

Ceuk Ki Santang : "Nahaeun sababna?"

Ceuk urang lampung : "Urang dieu téh baraya ka urang Pajajaran".

Ceuk Ki Santang : "Kumaha mimitina?"

Ceuk urang Lampung : "Raja Pajajaran éwéan ka urang dieu, Ka nyai Putri Gambir Sari".

Ceuk Ki Santang : "Mun bener baraya, saha jagona di Pajajaran? "

Ceuk urang Lampung : "Jago Pajajaran aya dua Nu kolot jeung nu ngora. Nu kolot ngarana Embah Léngsér".

Ceuk Ki Santang : "Anu ngora?"

Ceuk urang Lampung : "Si Raden Si kasép Aria Pajajaran, disarebutna Ki Hiyang Santang". 

Ki Santang ngenah jasa angeun, laju méré bako ka nu ditanya. Laju nindak deui, Nindak, Nindak, mingkin lila beuki jauh. Nya anjog ka hiji dayeuh gedé, leuwi gedé manan ciliwung.
 
Ceuk Ki Santang ka urang dinya: Ngaran ieu Nagara?"

Ceuk nu ditanya : "Paliman".

Ceuk Ki Santang : "Kunaha ngarana kitu?"

Ceuk nu ditanya : "Sabab loba Gajah".

Ceuk Ki Santang : "Pantes. Sagala mani gedé kieu, walunganana gedé Tatangkalanana garedé, dayeuhna ogeh gedé, ngan jelemana henteu garedé, sarua baé gedena jeung kula. Tapi Rajana sagedé kumaha?"

Ceuk urang Paliman : "Meujeuhna."

Ceuk Ki Santang : "Di mana imahna?"

Ceuk urang paliman : "Tuh, imah nu panggedéna".

Laju Ki Santang nindak deui. Carita asup inyana ka Karaton, Kasampak aya jeulema gedé keur ucang angge dina bale ukir. Balena bale gedé dijieunna tina caling gajah. Diukiran rupa gajah, gigireun bale gedé aneprok nu gareulis jarede, Garedé géh, Gedé bujurna...

Ceuk Ki Santang : "Dia téh Raja di dieu?"

Ceuk nu ucang anggé : "Heu'euh".

Ceuk Ki Santang : "Saha ngaran Dia?"

Ceuk Raja : "Prabu Liman Jaya Kencana. Éta ngaran kula nu kaceluk ka tanah sabrang. Ngaran kaula di dieu mah séjén deui".

Ceuk Ki Santang : "Ngeunah nya jadi Raja?'

Prabu Liman Jaya Kencana lain Raja sambarang Raja, tapi Raja nu rancagé. Inyana ngartieun Ki Semah téh eudeuk nyiar gara-gara.

Ceuk Raja Liman Kencana : "Di mana lebah ngeunahna?"

Ceuk Ki Santang : "Tuh, lebah bujur-bujur nu darémpok, sela pingping nu parungkil".
 
Ceuk Raja nu rancagé : "Parungkil mah Ki Semah tandana jagjag waringkas, sabab tara tinggal ti jajamu. Dararémpok? Éta mah aya sababna, sabab loba gawé bari cingongo, ngored bari cingongo, ngaréjo bari cingongo, karihna bari cingongo. Jeung deui kitu buktina nu biasa gawé beurat. Sabab di dieu mah najan ngaran nyi putri. Ngahuma téh mudu bisa, ninun hayu, nutu hayu tara jerih ka gawé beurat".

Tapi Ki Semah, saha ngaran dia, jeung naeun nu seja ku dia?

Ceuk Ki Santang : "Ngaran kula Guriang Sétra. Datang ka dieu nya éta eundeuk nyiar pangabisa, eundeuk mulung pangaweruh, sabab di Nagara kaula geus euweuh nu sarua eujeung kula. Saha jagona di ieu Nagara?"

Ceuk Prabu Liman Kencana : "Di dieu mah euweuh jago".

Ceuk Ki Santang : "Tilok tah? Tilok di dieu Nagara euweuh lalaki?"

Ceuk Prabu Liman Kencana : "Lalaki mah ngabadeg, tapi lain pieun jadi jago".

Ceuk Ki Santang : "Pikeun naeun atuh?"

Ceuk Prabu Liman Kencana : "Pikeun ngabantu ngamakmurkeun Nagara".
 
Ceuk Ki Santang : "Lain pieun ngalawan musuh? Kumaha mun aya nu nangtang perang?"
 
Ceuk Prabu Liman Kencana : "Perang mah tara datang saban mangsa. Tapi makmur mah mudu saterusna, Abéh Nagara salalawasna, Gemah ripah sugih mukti".

Tunda heula nya nundutan....kuringna nu ngabogaan kurung capeun...

Baca Juga :

Tidak ada komentar