Kilas Balik Hari Ketiga Pemindahan Penduduk Warga OTD Jatigede, Desa Sukersa dan Cipaku


Berita - Ini adalah Hari Ketiga Pemindahan Penduduk Warga OTD Jatigede, Desa Sukersa dan Cipaku, Pasca Peresmian Waduk Jatigede Sumedang (3/Sept/15). Sungguh menyedihkan penduduk harus rela meninggalkan kampung halamannya demi untuk pembangunan sebuah waduk yang katanya terbesar di Asia Tenggara itu. 

Jatigede anu ka cipta megahna, jeung endah upami Bendungan janteun di bendungna.

Baheula bendungan Jatigede teh ngan ukur jadi kembang carita nu ayeuna ges nyata, Sanajan ukur ceuk beja ti rakyat nu nalangsa.

Naha, ku teu sangka Cimata Jadi Sagara, Sagara katunggaraan rakyat Gumuruhna walungan Cimanuk lir ibarat jeritna warga Jatigede anu katindas jeung katalangsarana, rahayat anu teu tua teu dosa nu jadi korban kasarakahan manusa.

Ulah kawas cadas pangeran anu pinuh ku hujan cimata, nu ngorbankeun rebuan jiwa, piraku Jatigede rek kawas kitu.

Teretet tarompet, matak nyeredet kana hate. Sora Karinding nu matak muriding. Jentrengna Kacapi marengan impian nu can katepi.

Rakyat Jatigede nu kiwari neangan pamuntangan pikeun mereskeun, kamana kuring indit nya kamana kuring ngumbara.

Deudeuh anaking nya kamana anjeun rek miang, neang tempat anu bakal di sungsi. Geusan nitipkeun diri nyangsangkeun badan, nu pinuh ku lara balangsak.

Jatigede anu di udag–udag ku jaman, ngan hanjakal batur anu erek mibanda rasa, urang mah ngan saukur jadi korban.

Cimanuk anu ngagulung ngawangun catur, Darmaraja anu tinggal beja, ka Ibu nu ngandung, ka Bapa nu ngayuga, ka karuhun nu buhun, nya kamana kuring mulang, nya kamana kuring neang, nya iraha anjeun rek tandang, ngabelaan diri kuring anu pinuh ku reumbay cimata.

Tutunggul nu rentul di luhur kubur, tetengger nu hempak meurbayaksa, lain tutunggul tempat pamunjungan lain tetengeur tempat pamujaan tapi harewos beja pikeun ngeusian sajarah guareun anak incu urang nu bakal datang. Kudu Hirup jeung Huripna, kudu tigin kana janji, Kudu wani bumela ka wangsit luluhur pasti salamet lahir jeung bathin.

Teu jalma teu tutunggul sagala di korbankeun keur ngaleungitkeun bukti sajarah anu sakitu ahengna, tangtu engke mah bakal hanjakal lamun Jatigede geus jadi Sagara.

Geura beuntakeun eta mata aya naon jeung aya saha di Jatigede, Geura bukakeun eta halimun anu salila ieu ngahalangan.

Diri sasampiran, raga sasampayan geus teu bisa kumawasa ngan saukur bisa ngeclakeun cimata nu pinuh ku rasa hanjakal jeung ka peurih…!!

Hareudang...bayeungyang...ngahiji jeung kasedih. (Dedi Smd - 15/11/2015)


Baca Juga :

Tidak ada komentar