Makam Karuhun Pasir Limus di Kampung Pasir Limus Desa Leuwihideung Kecamatan Darmaraja

Makam Di Pasir Limus di Kampung Pasir Limus Desa Leuwihideung kalebet makam rundayan ti Prabu Lembu Agung, kitu deui kasebat dina Layang Darmaraja rundayan ti Prabu Lembu nyaeta : 


Prabu Lembu Agung (Aria Surya Agung) migarwa Hasanah putrana Hidayat ti garwana Sari Fatimah, ngarundaykeun :
a. Dalem Santapura puputra Dalem Santa Dinata.
b. Dalem Santa Dinata puputra Dalem Mangunraga.
c. Dalem Mangunraga puputra Dalem Jaya Manggala.
d. Dalem Jaya Manggala puputra Dalem Tanudipa.
e. Dalem Tanudipa puputra Dalem Dipawangsa.
f. Dalem Dipawangsa puputra Dalem Saca Manggala,
g. Dalem Saca Manggala puputra Dalem Jamanggala.

Makam Karuhun Pasir Limus di Kampung Pasir Limus Desa Leuwihideung Kecamatan Darmaraja, nyaeta :
1. Makam Embah Dalem Jamanggala
Tokoh nu utama nu aya di pamakaman karamat Situs Pasir Limus. Batu balayna tina batu alam tanpa dimodifikasi.Numutkeun carita rakyat Dalem Jamanggala tokoh anu mimiti aya Kampung Pasir Limus.

2. Makam Nyi Mas Ratna Komala Inten
Makamna aya palebah kidul wetan mbah Dalem Jamanggala. Makamna tina tatanan batu alam denahna persegi panjang, belah wetanna aya monolit.

3. Makam Eyang Dipa, Eyang Dipawangsa, Eyang Mananti
Makam-makam ieu ayana di beulah kidul kulon makam Eyang Jamanggala. Makamna ditandaan ku batu alam.

4. Petilasa Eyang Jaya Raksa (Eyang Nanti).
Patilasan ieu lokasina dibeulah wetan sakelompok makamna Eyang Dipa. Lokasina aya dina wangunan teras berundak.

Patilasan Eyang Jaya Raksa seueur nu nyebutkeun Jaya Perkasa, padahal numutkeun Kang Pangawung Rangga ti Darmaraja : "Saleresna eta patilasanna Jaya Raksa anu katelahna Eyang Nanti, anu nganti-nganti datang nu ti kulon sangeus eleh tanding, sabab ucapna kula bakal datang deui pikeun males..." 

Kitu deui Kang Pangawung Rangga nerangkeun :  "Patilasan Jaya Perkasa ayana di Lembur Nangkod,  Malah aya situs dua Eyang Martapati sareng Narapati nu dialihkeun sateuacan datang cai genangan ka caket situs Mbah Jaya Perkasa (komplek Situs Nangkod), tah nu di Nangkod Mbah Jaya Perkasa ceuk sakaol mah urut karajaan matak aya ngaran Bagelen".

Ngeunaan Makam Karuhun di Pasir Limus tiasa ditinggal dina youtube dihandap ieu kintunan youtuber Kang Andri Mulyadi ti Darmaraja, nangging upami bade ziarah ka makam Karuhun Pasir Limus kedah naek parahu ku margi caina naek deui.


Sumber tina cutatan nu kaserat dina naskah Babon Salsilah katurunan Sumedang sareng Layang Darmaraja dugi ka Dalem Dipa Manggala ngajelaskeun :
Kocap Prabu Lembu Agung (Jayadi Brata) saderek Prabu Gajah Agung (Atma Brata) apuputra Batara Sakti atanapi Haji Putih (Katerangan : Haji Putih, (sanes Prabu Aji Putih nu janten Akina), Batara Sakti apuputra Santowan Awi Luwar Darnaraja (Keterangan : sanes Santowan Awi Luar / Pangeran Bungsu anu di Cisarua Cimalaka putrana Pangeran Santri). Santowan Awiluar Darmaraja (katerangan sumber sejen mah nyeratna Batara Ayah) apuputra Dalem Maniis/Paniis, Dalem Maniis/Paniis puputra Dalem Santapura (Makam Tanjungsari anu tos kakaeueum ku Jatigede), Dalem Santapura apuputra Dalem Tumenggung Jagasatru Darmaraja, Dalem Jagasatru puputra : Dalem Dipa Manggala, salah sawios putrina nyaeta Nyimas Srikandi dipigarwa Dalem Wangsa Soebaya.
Hapunten bilih lepat namina Istrina Dalem Wangsa Soebaya, margina tos kirang jelas seratanna.

Sumangga bilih aya katerangan nu langkung paos. 

Upami rundayan saterasna mah teu kacutat dinu buku, rupina kedah nyalusur sarsilah nu aya di Darmaraja.

Hatur nuhun sateuacanna.

Baca Juga :

Tidak ada komentar