Urang Selaawi baréto hubungan sosial-ékonomina leuwih deukeut ka Sumedang larang jeung Cirebon batan ka Timbanganten atawa ka Galih Pakuan. Malah tepikeun ka awal abad 19 mah, mun urang Selaawi hayang ka Cirebon, milih jalan téh ka kalér, nyaéta ka Cibugel, terus ngalér tepikeun ka anjog ka Situraja, terus bangblas ka Kadipatén.
Selaawi perenahna di Kabupatén Garut tebéh kalér, kaléreun Kecamatan Limbangan. Ti sisi jalan Limbangan, teu jauh-jauh teuing. Kitu lah, sapuluhan kilométer mah aya. Jalanna lucir sanajan rada heureut gé. Tapi da ari mobil mah larsup. Aya ojég, aya angkutan pedésaan. Motor pribadi pasulibreng pagancang-gancang da puguh jalanna mulus. Lamun diteruskeun ka tebéh kalér, bakal anjog ka Cibugel. Malah mun diteruskeun beuki ka kalér, nya bakal anjog ka wewengkon Kabupaten Sumedang. Selaawi téh ayeuna mah jadi wilayah kacamatan. Tapi da ari Selaawi anu asli mah, ayeuna gé aya, mangrupa lembur kuna. Disebut kitu, sabab ti keur jaman Pajajaran kénéh ogé ngaran Selaawi mah geus aya.
“Selaawi nu asli mah, nya ieu ukur sacangkéwok, mun ayeuna mah wewengkonna salega wilayah RT,” ceuk Amir urang Lembur Selaawi.
Amir téh bibit-buitna mah ti sabrang, nyaéta ti Boné, Sulawesi. Ngan Amir ngarasa aya hubungan jaman baheula antara Boné jeung Sunda. Pék wé bandungan cenah, di Sunda aya jenis opieun anu katelahna bugis. Naha cenah maké disebut bugis? Puguh aya jujutanana, nyaéta tina ngaran salah sahiji suku-bangsa nu aya di Sulawesi, suku Bugis. “Nu matak abdi ngahaja bumén-bumén di dieu, seja nyusud tapak lacak karuhun,” ceuk Amir. Sual Amir nyusud lacak karuhun, keun éta mah urang pedar ka hareup. Ngan ceuk Amir, di wewengkon Selaawi téh loba pisan titinggal jaman baheula. Éta mah cenah henteu kudu anéh. Ari sababna, apanan Selaawi mah asup ka wewengkon Karajaan Galih Pakuan. Ari Galih Pakuan, sanajan umurna jauh leuwih kolot, tapi béh dieu béh dieu mah nyaéta sanggeus abad 15, kaéréh ka Pajajaran.
Loba kagiatan sosial-ékonomi di Galih Pakuan. Boh hubungan ékonomi jeung puseur nagara, nyaéta Pakuan (Bogor kiwari), boh jeung nagri-nagri luareun Pajajaran.
“Minangka conto, di Selaawi seueur penduduk anu ngagaduhan barang kuna titinggal Galih Pakuan tapi éta banda kuna gaduh ciri-ciri karya seni Cina. Éta henteu kedah anéh, margi dina jaman Karajaan Galih Pakuan, seueur kadongkapan ku padagang-padagang ti daratan Cina,” ceuk Amir. Ceuk Amir deui, Cina-cina anu ngayakeun hubungan dagang jeung Galih Pakuan téh, loba anu teu baralik deui ka nagrina, malah tepikeun ka baranahan. Sawatara masarakat Limbangan malah nyebutkeun, taun-taun béh dieu, aya Cina beunghar anu gawéna meulian lahan tanah anu ngandung patilasan kuna. Ieu pangusaha téh kabéjakeun ngukumpul barang-barang kuna, dikumpulkeun di Limbangan da cenah di dieu rék ngadegkeun museum. Bisa jadi manéhna resep kana sajarah, jeung kabeneran keur narékahan hayang nyusud karuhunna di Limbangan.
“Dugika taun 60’an mah, seueur pangusaha Cina di Selaawi sareng Limbangan. Upami aya istilah encék pindring, tiasa janten di Limbangan sareng Selaawi, seueur Cina anu usahana ngulinceran pilemburan, dagang encit, dagang alat rumah-tangga, ditatanggung bari mawa kolontong disadakeun,” ceuk tokoh ti Limbangan.
“Ayeuna di Bandung atawa di kota-kota badag loba Cina. Padahal ari mimitina mah Cina téh lain jol ti Bandung, tapi di wewengkon-wewengkon samodél Limbangan jeung Cicaléngka,” ceuk tokoh Limbangan nerangkeun. Ceuk inyana, jauh saméméh Bandung aya, karaméan mah malah geus karasa di Limbangan. Terus maju ka kulon, saperti ka Cicaléngka, ka Ujungberung, kakara ka Bandung, nyaéta sanggeus ngadeg Kota Bandung.
“Pék wé talungtik, kuburan Cina pangkolotna lain Cikadut Bandung tapi Cicaléngka,” pokna. Ceuk ieu tokoh, tepikeun ka taun 50’an, di Cicaléngka masih kénéh aya kuburan Cina, katelahna Santiong. Ku kamekaran pakumbuhan, kuburan Cina di Cicaléngka dipindahkeun ka Nagrég. Ayeuna mah, Santiong téh ukur ngaran lembur, kuburan mah geus euweuh,” omongna deui. Cina-cina di Limbangan, di Selaawi, atawa di wewengkon-wewengkon padésaan, taun 60’an dialusiran. “Pan jaman Bung Karno aya aturan, bangsa asing, kaasup Cina teu meunang cicing di padésaan,” ceuk Mang Soléh, urang Balubur Limbangan.
Sumedanglarang Cirebon
Ceuk Amir, tepikeun ka awal abad 20, hubungan sosial-ékonomi urang Selaawi lain ka Limbangan atawa ka Garut, tapi ka wilayah Sumedang larang. Jaman harita, lalampahan téh babarina ka wewengkon Sumedang. Loba barang hasil-bumi ti Selaawi, diakutna ka Sumedang. Mun geus anjog ka Sumedang, teu hésé lalampahan ka Kadipatén atawa ka Cirebon mah.
Sanggeus jaman Islam, hubungan jeung Cirebon jauh leuwih raket ti batan ka wewengkon séjénna. Ceuk kolot-kolot baheula urang Selaawi, baheula lamun bulan Mulud, urang Selaawi ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang, seja jarah ka makam Sunan Gunung Jati. Ti Selaawi nu boga kuda iangna kana kuda, nu teu boga nya milih mancal. Laleumpang mapay jalan padati muru ka tebéh kalér. Ngaliwatan Cibugel, mun méngkol ngénca bakal anjog ka Maronggé, mun méngkol ngatuhu, bakal anjog ka Tomo, bangblas ka Situraja. Ti dinya muru Kadipatén.
“Geus tepi ka Kadipatén mah, geus nyampak tutumpakan karéta api, nya ariang ka Cirebon tarumpak karéta,” ceuk tokoh Limbangan.
Sabenerna, masing jaman kiwari gé, rék muru wewengkon Sumedang mah bakal dianggap praktis ngaliwatan Cibugel, batan kudu ka Cileunyi heula mah. Malah jalan téh ari tepikeun ka Cibugel mah, ti Limbangan téh kawilang lucir sanajan leutik gé. Ukur di tapel-wates antara Kabupatén Garut jeung Kabupatén Sumedang rada renjul téh tapi da geus ka wewengkon Sumedang mah, jalan téh mulus deui.
Yén hubungan jeung Cirebon leuwih raket batan jeung wilayah séjénna, bisa dibuktikeun ku lobana urang Garut anu aya kokocoran ti Cirebon. Malah di sawatara tempat nu aya di Limbangan, loba makam karamat anu dipendem di dinya téh, baheula inohong ti Cirebon. Ceuk Amir, teu kudu anéh. Sabab dina jaman kamekaran Islam, urang Cirebon loba ngajugjug ka wewengkon Galih Pakuan pikeun ngislamkeun urang dieu. Galih Pakuan kudu leuwih loba kapangaruhan ku Cirebon batan ku Pajajaran, anu harita dianggap embung asup Islam.
Di wilayah Pasirhuut, Limbangan, aya anu nyieun tugu kujang, duka saha da urang lembur teu apaleun. Ngan cenah ieu dijieun ku anu kungsi kukurusuk ka dinya tur boga anggapan ieu teh tanah karamat. Pasirhuut dipercaya baheulana urut lokasi Karaton Karajaan Galih Pakuan.
Pasirhuut Lembur nu Pinuh Lalangse
Loba nu hayang ngapimilik hiji lahan di Pasirhuut sabab diduga ngandung pependeman harta Pajajaran. Angot dina taun 1940, aya nu macul manggihan emas sagede peureup.
Pasir Huut teh hiji lembur leutik, ngabawah ka Kacamatan Balubur Limbangan. Ceuk salah-sahiji sumber ti kalangan Pemda Garut, di eta tempat ka hareupna bakal dibangun kantor Pemda di mana engke Kabupaten Garut Utara ngadeg.
Ngan anu jadi perhatian husus mah, lain ngeunaan beja sual bakal ngadegna Kabupaten Garut Utara. Anu leuwih has deui mah, beja yen eta wewengkon teh cenah pinuh ku lalangse.
Ceuk Aki Sahuri (80), di wewengkon Pasirhuut teh, baheulana, jauh ka baheula aya karaton anu katelahna Galih Pakuan. Malah henteu jauh ti dinya oge aya deui karaton sahandapeunana, katelahna Karaton Burak Setra, kalawan nu jadi rajana Prabu Pati Gulang Diwangsa. Ari nu ngaratuan di Galih Pakuan mah harita teh Prabu Wijaya Kusumah, putuna Prabu Siliwangi. Ka beh dieunakeun katelahna Sunan Cipancar, pasareanana aya di kuloneun Pasirhuut.
Ceuk Aki Sahuri, kira taun 1940-an, loba jalma ngalian taneuh pajero-jero. Cenah maksudna mah neangan pependeman, sabab diduga di handapeun Pasirhuut, beunghar ku pakaya karaton.
“Keur mah da dina taun eta kapendak aya perhiasan emas sakeupeul, kapendak ku anu macul,” ceuk Aki Sahuri basa ngahaja ditepungan di Pasirhuut. Nya cenah ti harita loba anu ngahaja ngali taneuh teh. Malah loba jalma daratang ti kota, hayang meuli lahan tanah di Pasirhuut.
“Duka enya butuh keur muka tatanen, atawa keur muka paimahan, duka dumeh kabongroy ku beja ngeunaan pependeman karaton bae, teu apal peresis,” ceuk Aki Sahuri.
Kapercayaan pajah handapeun Pasirhuut aya pependeman emas jeung inten, parat tepika budak ngora pantar Madu (27) tukang ojeg. Manehna mah sasat percayaeun pisan. Ngan lamun mah teu ngarasa perlu milu kula-kali, sabab Madu mah percaya, yen dina enyana aya pependeman, tangtu moal bisa diala ari lain ku anu hakna mah.
“Sanget pisan, wewengkon Pasirhuut mah,” pokna. Nu disebut sanget teh, dumeh di Pasirhuut mah remen aya kajadian aneh anu teu asup akal, ti mimiti masalah sepele, tepikeun ka anu badag ceuk ukuran maranehna, lain sakali dua kali kajadian. Nu ngadongengkeunana, lain ukur Jang Madu tukang ojeg, dalah Pa Sasmita pangsiunan TNI oge, mani norolang nyaritakeun kaanehan teh. Cenah hiji waktu aya tukang baso. Tujuanana rek ngurilingan perumahan Pasirhuut natawarkeun daganganana. Ngan samemeh anjog ka anu ditujul, di tengah jalan ngaliwat ka anu keur hajat tatanggapan wayang. Sawatara nu lalajo gugupay mesen baso. Malah ahirna loba anu maresen baso. Baso satanggungan, sarintakan beak dibareuli. Tukang baso teu tulus muru perumahan da dagangana kaburu beak. Isukna bae waktu ditalek naha peuting kamari teu dagang ka perumahan. Waktu tukang baso bebeja yen kaburu beak di nu hajat, warga perumahan pungak-pinguk, naha saha nu hajat da peuting kamari mah euweuh raramean di lapang maenbal teh? Tapi tukang baso keukeuh nyarita yen di lapang maenbal yakin aya balandongan jeung noyek nu lalajo.
“Lapang maenbal teh kaereh ka karaton kapungkurna mah,” ceuk Aki Sahuri bari nuduh-nuduhkeun lebah-lebahna legana karaton.
Ceuk Aki Sahuri, boh Galih Pakuan boh Burak Setra, duanana oge karajaan anu kaerah ka Pajajaran. Sawaktu Pajajaran burak dirurug balad ti Banten, urang Pajajaran ngungsi ka ditu ka dieu, di antarana lumpatna ka wewengkon Pasirhuut. Kituna teh bari marawa pakaya karajaan, dibungkus ku samping, disolendangkeun dina taktak welasan atawa boa puluhan jalma. Eta pakaya Pajajaran anu diwengku ku emas, inten, perak jeung sajabana, dipendem di hiji wewengkon di Pasirhuut, teu jauh ti karaton. Tapi Galih Pakuan oge ahirna dijorag ku balad Banten, tepikeun ka urang Pajajaran katut pangeusi Galih Pakuan ge milu bubar katawuran. Pakaya Pajajaran sawareh tetep disumputkeun di Pasirhuut, sawarehna deui, malah lolobana, dibawa ngungsi ka Karajaan Arcamanik, wewengkon kaler Kota Bandung. Nu matak di wewengkon lembur Arcamanik oge dipercaya aya pependeman Pajajaran (aos Ujung Galuh No.5).
“Upami ku anu kawenehan, di tengah lapang maenbal sok katawis aya adegan karaton, namung teu katingali aya nu nyicingan. Muhun da ku margi ngarungsi tea,” ceuk Aki Sahuri. Anu leuwih aneh deui ti eta, dina mangsa-mangsa anu tangtu, jalma nu kawenehan teh sok mireungeuh aleutan jalma anu ngungsi bari ngabengkot ku babawaan pependeman tea. Tinggolontrangna sora logam anu paketrok dipapanggul kadenge atra cenah. Pon kitu deui sora huam-hiemna aleutan kuda, matak kukurayeun anu ngadenge.
Beja anu matak narik ati (angot ku tukang ngukumpul pependeman kuno mah), nyaeta perkara disumputkeunana makuta Raja Pajajaran anu katelahna Binokasih Sanghyang Pake. Kapan aya anu nyebutkeun ieu makuta anu kuduna dibawa ka Sumedanglarang teh, ku Jayaperkosa, disumputkeun di dieu, ari anu dipasrahkeun ka Prabu Geusan Ulun mah, anu ngahaja meunang nyieun deui. Ceuk sawatara catetan tradisional, polah Jayaperkosa nyimpangkeun makuta raja Pajajaran tepika henteu tepi ka Sumedanglarang, mungguh matak mawa riweuh. Keur anu apal kana rusiahna mah, jadi piomongeun, kaasup Prabu Wijayakusumah raja Galih Pakuan oge ngiring ngagelendeng.
Karaton Karajaan Galih Pakuan
Anu diduga makamna Prabu Mundingwangi, raja Karajaan Galih Pakuan pamungkas, aya di ponclot Gunung Pabeasan, Kacamatan Selaawi, Garut. Loba anu daratang ka ieu tempat ti mimiti tatapa tepikeun ka kula-kali ku ajaman di eta tempat kungsi dipake panyumputan harta Pajajaran.
Barang-barang hiasan anu kapanggih di wilayah Pasirhuut sabab baheulana urut Karaton Karajaan Galih Pakuan. ceunaaah...
Tidak ada komentar
Posting Komentar