Garut Mangsa Karajaan Jeung Walanda

Kabupaten Limbangan ibukotana di Pasirhuut (kadieunakeun nelah jadi Balubur Limbangan), terus ka Distrik Suci tanggal 13 Pebruari 1813,  Rd. Adipati Adiwijaya (tedak menak Sumedang; putrana Pangeran Kornel) maksakeun neangan deui tempat anu leuwih merenah. Panitia pikeun neangan tempat teh manggihan tempat di daerah Cimurah anu padatarana lega ngan hanjakal hese cai (lembur Pidayeuheun), tuluy neangan ka kuloneun Suci manggihan padataran lega tur pamandangana endah dipager ku gunung-gunung, di tengah padataran aya cai nyusu mangrupa kulah (Cigarut) herang ngagenyas katutup ku rerembetan jeung areuy. 

Aya saurang anu kakarut leungeuna nepika getihan, urang Belanda (padahal mangsa harita keur dijajah ku Inggris) nanyakeun kunaon getihan, dijawab : kakarut (kadengena Gagarut), atuh eta rerembetan teh katelah Ki Garut (Maranta). Demi eta kulah Cigarut pernahna di SMP Negeri 1 jeung SMP 2 Garut Kota. Wewengkon ieu nu jadi ibukota Kabupaten Limbangan, salah sahijina ngawangun jembatan Cimanuk (aya tulisan 15 September 1813 dina ieu jambatan).


Wanci abad ka 14-16, di wewengkon karajaan Pajajaran (khususna di tatar Parahyangan) tacan aya bentuk pamarentahan kabupaten. Pupuhu pamarentahan mangsa harita disebut Prabu; Nalendra (raja muda); kahandapna disebut Umbul, anu dina ngajalankeun roda pamarentahan tanggung jawab na ka raja. 

Wewengkon Garut mangsa harita dibagi jadi sababaraha Kaprabuan, antarana bae :

No.
Kaprabuan
Pupuhu Pamarentahan
1.
Galih Pakuan (Balubur Limbangan)
1. Prabu Layaran Wangi / Sunan Rumenggong
2.  Nalendra Prabu Liman Senjaya (incu Prabu   Siliwangi).
3.  Prabu Wijayakusumah (Sunan  Cipancar).
2.
Sudalarang (Sukawening)
1. Prabu Wastu Dewa
2. Sangga Adipati  Liman Senjaya (ti Galih   Pakuan) jeung Wastu Dewa (ti Sudalarang) teh   adi lanceuk putrana Prabu Layakusumah (Raja   Pakuan Raharja di Cicurug Sukabumi; putra   Prabu Siliwangi ti Ratu Anten). Indung Liman   Senjaya jeung Wastu Dewa teh nyaeta Nyi   Rambut Kasih (anak Raja Sekean Layaran   Wangi ti mumunggang gunung Haruman)
3.
Cangkuang (Leles)
1.  Prabu Layakusumah
2. Prabu Perhancilan
3. Prabu Pangadegan (Sunan di Kandanghaur)
4.
Mandala Puntang (Timbanganten; asalna mah Nagara Panembong)
1.  Dalem Pasehan
2. Nalendra Ratu Maraja Inten Dewata (putri       Dalem Pasehan anu ditikah ku Prabu Siliwangi)
3. Prabu Permana (di Puntang)
4. Prabu Panten Rama Dewa
5.  Prabu Derma Kingking
5.
Batuwangi (Singajaya)
1.  Prabu Terus Bawa
2. Prabu Wirawangsa
3. Batara Tawalang Tedeba
6.
Kandangwesi (Bungbulang)
1. Prabu Surata (Sri Maharaja)
2. Adipati Jeping
7.
Nagara Sancang (Pameungpeuk)
1.  Prabu Brajadilewa (jeung patih Parenggong  Jayakaraton, tilem babarengan jeung Prabu Siliwangi di Sancang).
  


Mangsa Pamarentahan Mataram Islam (1575) jeung Sumedanglarang (1580)
No.
Wewengkon
Pupuhu Pamarentahan
1.
Limbangan
-   Prabu Wijayakusumah (1525 - 1575) nu katelah Sunan Cipancar, di Islamkeun ku Prabu Kean Santang kalayan dipasihan pusaka duhung (keris) nu make lafad “Laa Iqro Hafidiin” jeung  Qur’an gede.
-   Bupati Dalem Tanu Wangsanagara (1975-1600) nu katelah Sunan Cipicung. Mangsa harita, Limbangan jadi Kandaga (kabupaten). Perenah ngadeuheus ka Sultan Pangeran Jolang.
2.
Sudalarang
-  Dalem Nayawangsa (Sanga Adipati II), salah sahiji incuna nyaeta Nyi Mas Ayu ditikah ku Pangeran Sacakusumah (putra Sultan Pangeran Jolang)
-   Dalem Cakrajaya
3.
Kadungora
-   Rujak Gedong
4.
Tarogong
-   Dalem Nalasuta
5.
Timbanganten
-   Sunan Derma Kingking
-   Sunan Ranggalawe
-  Tumenggung Jayakusumah (Demang Mentaram). Ieu Tumenggung teh jadi abdi Mataram, nalika Mas Ngabei Sutawijaya (Senopati). Ti harita jadi Kandaga (kabupaten).
6.
Suci
-  Santowaan Suci Mareja (sobatna Prabu Kean  Santang nu dikurebkeun gigireunana di Gunung  Nagara Cisompet)
-   Santowaan Wirakusumah
7.
Panembong
-  Sunan Sirapuji (nu di Islam-keun ku Prabu   Keansantang)
-   Kanduruan Jakasiringan
-   Rangga Megatsari
8.
Batuwangi
-   Sunan Manyak
-   Sunan Batu Wangi (nu di Islam-keun ku Prabu Keansantang, dileler hadiah Tumbak, nu ayeuna jadi Pusaka Sukapura di Tasik).
-   Demang Sacapati (senapati Mataram taun 1625   mangsa Sultan Agung)
9.
Kandangwesi
-   Adipati Jeping
-   Adipati Joko Miang
-   Rangga Wirantaka
10.
Nagara
-   Prabu Munding Malati (Rd. Musal)
-   Aria Wirama
-   Rangga Jagasatru

Mangsa Sultan Agung (1632) jeung Amangkurat I (1646)
No.
Kabupaten
Wewengkon Kakawasaan
1.
Limbangan,
Ibukotana : Pasirhuut
 Umbul Limbangan; Umbul Wanakerta; jeung   Umbul Wanaraja
2.
Timbanganten,
 Cisurupan; Samarang; Tarogong; jeung         Bojongsalam.
Distrik/Kawadanaan :
-   Cikembulan (Leles);
-   Kandangwesi (Bungbulang).
Asup ka Kabupaten Parakan Muncang nu ibukotana di Distrik Cicalengka
Distrik / Kawedanaan :
-   Malangbong;
-   Suci;
-   Panembong (Bayongbong);
-   Batuwangi (Cikajang);
-   Nagara (Pameungpeuk).
Asup ka Kabupaten Sukapura 
nu ibukotana di Sukaraja.


Mangsa VOC (1684)
Kusabab cacah (padumuk) di kabupaten Limbangan mangsa Rangga Marta Singa ngan ukur aya 200 umpi, dumasar putusan Komandeur Jacob Couper di Benteng Cirebon 15 Nopember 1684 nya di gabung ka kabupaten Sumedang (saterusna wewengkon Limbangan jadi Distrik/Kawadanaan).
Kabupaten Timbanganten oge dijegang jeung kabupaten Bandung, bupatina nyaeta Demang Ardisuta (Anggadireja I).
Distrik Cikembulan jeung Kandangwesi, tetep kabawah Kabupaten Parakanmuncang.
Distrik Malangbong; Suci; Panembong; Batuwangi; jeung Nagara, tetep kabawah kabupaten Sukapura.
Mangsa VOC anu disebut Distrik teh nyaeta Cutak atawa Kawadanaan.


Mangsa Pangeran Aria Cirebon (1705-1723)
Dumasar akta putusan VOC 19 Desember 1704 :
1.  Kabupaten Timbanganten dipupus, digabung ka kabupaten Bandung (Dalem Gordah Bupati Bandung, dikurebkeun di Tarogong jalan Pembangunan).
2.  Kabupaten Limbangan (Rangga Marta Singa) taun 1684, nu tadina ngahiji jeung kabupaten Sumedang. Sabada Pangeran Panembahan Sumedang tilar.
3.  Distrik Cikembulan jeung Kandangwesi, angger kabawah ka kabupaten Parakanmuncang.
4. Distrik suci; Malangbong; Panembong; Batuwangi; jeung Nagara, tetep asup wewengkon kabupaten Sukapura.

Mangsa Gubernur Jendral Marsekal Daendels
Putusan Gubernur Jendral Daendels 2 Maret 1811 (Wijziging in de verdeeling van het West Java in Landdrost-ambten) :
1. Kabupaten Limbangan jeung Sukapura dibubarkeun. Urut Limbangan digabungkeun ka kabupaten Parakanmuncang, urut Sukapura di ka kabupaten Bandung-keun (ngan Malabong mah di asupkeun ka kabupaten Sumedang). Pembubaran ieu alatan baha kana parentah melak Tarum atawa Nila (indigo).
2.  Karesidenan Priangan ngawengku 4 kabupaten : Cianjur; Bandung; Sumedang; jeung Parakanmuncang.

Mangsa Gubernur Jenderal Thomas Stamford Raffles
Dumasar usul Residen Bogor J.Mc.Quid jeung van Lawick van Pabst di Buitenzorg 31 Desember 1812 :
1.  Bupati Karawang ditunjuk jadi Bupati Sukapura;
2. Tumenggung Parakanmuncang jadi Bupati Limbangan.

Saterusna Raffles ngaluarkeun putusan 16 Pebruari 1813 :
1.  Kabupaten Sukapura diadegkeun deui tanpa distrik Suci; Panembong; jeung Malangbong. Nu jadi Bupatina nyaeta Rd. Tumenggung Surialaga II, puseur dayeuhna Singaparna
2. Kabupaten Limbangan diadegkeun deui, nu jadi bupatina Rd. Tumenggung Adiwijaya (Abdul) asalna mah jadi bupati Parakanmuncang. Puseur dayeuhna Suci.
Distrik anu asup ka wewengkon Kabupaten Limbangan : Wanakerta; Wanaraja; Suci; jeung Panembong.
Sedengkeun Distrik Limbangan diasupkeun ka kabupaten Bandung jeung ganti ngaran jadi Balubur Limbangan.

Baca Juga :

Tidak ada komentar