Bebegig Sukamantri baheula jaman keur sok diparake, disebutna teh Ma’paheng Gantrang Banjar, mangrupa elmu mistik anu geus dianut ti jaman animis tepikeun ka Hindu. Digegedekeun deui ti mimiti taun 1633 Masehi ku Embah Ruhun Sangke urang Banjar. Hiji kakuatan anu ngagunakeun tanaga gaib sabab Embah Ruhun Sangke jago mistik. Tapi basa jaman Pajajaran dipingpin ku Prabu Seda, sanajan inyana percaya kana ayana kakuatan arwah, ngarasa teu satuju eta elmu digegedekeun. Pon kitu deui sanggeus Islam beuki mekar, nu pro jeung nu kontra beuki loba sanajan teu kungsi cekcok rongkah.
Baheula di wewengkon Ciamis ngadeg Karajaan Pajajaran Leutik. Disebut kitu, sabab ceuk maranehna harita kungsi aya Pajajaran Badag anu mangkuk di Pakuan (Bogor kiwari). Sanggeus Pajajaran burak 1579 Masehi di tatar Sunda renung “Pajajaran Leutik”, diadegkeun ku kulawadet Pajajaran keneh. Malah Prabu Seda Ragamulya raja Pajajaran pamungkas oge, milu ngadegkeun sawatara Pajajaran Leutik.
“Sanajan Pajajaran Badag geus burak, tapi ulah dianggap euweuh, kudu tetep aya. Kitu sababna perelu ngadeg Pajajaran-pajajaran Leutik,” kasauran Prabu Seda raja Pajajaran pamungkas harita.
Di wewengkon Ciamis, sisieun Walungan Citiis ngadeg Pajajaran Leutik, anu katelahna Tirtajajar dina taun 1625. Nu jadi rajana tiluan sakaligus, katelah Prabu Wirayeksha Adiganggang, Prabu Surya Putih jeung Prabu Brajagati. Ngan bae ti anu tiluan ieu anu nyangking tanggungjawab pinuh mah nyaeta Prabu Wirayeksha.
Sanajan kitu, maranehna teu wani nyebut yen Tirtajajar hiji karajaan, sabab zaman harita sanajan Pajajaran geus burak, tapi kaajrih ka Karajaan Pajajaran anu leuwih badag masih keneh karasa. Ucapan-ucapan Prabu Seda ge masih keneh nongtoreng kadenge. Maranehna mah ukur wani nyebutkeun yen Tirtajajar mah singgasana pondok. Atuh apanan Karajaan Galuh oge aya keneh di tatar Ciamis harita teh. Tirtajajar oge tetep mikaserab ka Galuh.
Ari dina taun 1636 aya pacengkadan jeung Karajaan Sinaguling nu aya di wewengkon Banten. Balukar parebut sarana jalan ekonomi, dua nagara leutik eta teh perang-campuh. Karajaan Tirtajajar eleh tur Prabu Wirayeksa nemahan pati. Saterusna diganti ku Prabu Brajagati.
Harita di eta wewengkon aya paelmuan anu katelahna Ma’paheng Gantrang Banjar. Eta elmu paragi ngogan kakuatan mistik para karuhun. Ma’pah hartina leumpang atawa ngondang, aheng hartina kaanehan atawa kaangkeran. Gantrang hartina kawani atawa kadigjayaan. Kecap Banjar asal tina Banjeur anu hartina kakuatan gaib anu teu katempo ku panon lahir. Eta kakuatan diogan ku ngayakeun ritual saperti ngukus jeung mere sasaji, ti mimiti tumpeng, rupa-rupa bungbuahan, tepikeun ka rupa-rupa seuseungitan. Ku cara kitu, arwah karuhun bisa dipenta bantuan jang ngajaga kasalametan nagara.
Waktu datang panarajang ti Karajaan Sinaguling ti Banten, ritual Ma’paheng Gantrang Banjar oge diayakeun. Sanajan nu jadi raja nemahan pati tapi ari nagara mah teu ancur.
Tapi naon patalina antara elmu Ma’paheng Gantrang Banjar jeung Bebegig Sukamantri? Bisa jadi dina beh dieu beh dieu, kakuatan gaib karuhun teh diilustrasikeun ku rupa bebegig. Pan bebegig teh pungsina jang nyingsieunan. Jadi lamun diadegan bebegig, nu rek ngagunasika lembur/nagara bakal sieun. Bebegig teh lambang kakuatan anu bisa diasupan ku arwah karuhun. Arwah para karuhun anu boga kakuatan, diasupkeun kana bebegig, sangkan bisa nangtayungan kasalametan nagara.
Can tangtu bener yen ritual Ma’paheng Gantrang Banjar ngageser jadi ritual ngadegkeun bebegig. Sabab ceuk kolot baheula, da ari ritual ngasupkeun kakuatan gaib kana barang mah geus aya, disebutna Jala Engkang (Jala hartina jurig / bangsa lelembut, Engkang hartina hadir. Jala Engkang harti sagemblengna ngahadirkeun jurig atawa kakuatan gaib).
“Ka dieunakeun eta kecap ngageser jadi jalangkung,” ceuk kolot baheula.
Ari elmu Ma’paheng Gantrang Banjar geus dipuhit ti jaman animis keneh. Tepikeun ka datangna Hindu, tetep di paruhit ku urang Sunda ku rupa-rupa cara dina rupa-rupa jaman. Malah boa enya pamustunganana, ku urang Sukamantri Ciamis, ritual Ma’paheng Gantrang Banjar ngageser jadi rupa ritual Bebegig Sukamantri.
Leupas tina ieu perkara, waktu dina jaman Pajajaran ritual Ma’paheng Gantrang Banjar kungsi teu disatujuan ku Prabu Seda. Sanajan inyana sarua ngarasa yakin yen arwah karuhun boga kakuatan tapi inyana mah henteu satuju diganggu ku jalan ngogan.
“Arwah karuhun memang aya tur enya boga kakuatan. Tapi teu wijaksana urang ganggu kana katengtreman karuhun ku jalan undang-ondang. Keun bae teu diondang ge da karuhun mah geus ngaping jeung ngajaring urang,” kitu kasauran Prabu Seda waktu jumeneng keneh.
Basa pangaruh Islam beuki mekar, ritual Ma’paheng Gantrang Banjar beuki jadi paguneman pro jeung kontra sanajan henteu tepi ka mawa riweuh atawa dordar pasea.
Ritual Ma’paheng Gantrang Banjar Dipintonkeun di Hareupeun Prabu Seda
Sawaktu Prabu Seda sinewaka di Karaton Pakuan Pajajaran, Embah Ruhun Sangke mawa rombongan ritual ka karaton. Ari Embah Ruhun Sangke teh urang Banjar (mun kiwari mah), katotol jago mistik malah Prabu Seda oge percayaeun pisan kana kabisa Mbah Ruhun Sangketeh.
Mbah Ruhun Sangke ngayakeun ritual. Awewe duaan, lalaki duaan sina ngibing di tengah riungan jalma bari ngabarak rupa-rupa sasajen.
“Ieu teh naon?” saur Prabu Seda.
“Sumuhun, ieu teh seni anu namina Mapa’heng Gantrang Banjar,” tembal Embah Ruhun Sangke.
Tapi sawaktu acara ngibing, nu ngibing sapasang lalaki-awewe bet kasurupan.
“Eta jalma kasurupan ku saha?” Prabu Seda tumaros.
“Sumuhun, kasurupan ku arwah karuhun anu kapungkurna gaduh kakawasaan,” tembal Embah Ruhun Sangken.
“Ah, kaula henteu satuju. Kaula yakin karuhun urang boga kakuatan. Tapi henteu kudu diganggu ku pangogan. Keun bae da masing teu kitu oge, karuhun mah heunteu weleh ngaping jeung ngajaring,” saur Prabu Seda nembongkeun pamadeganana.
Tidak ada komentar
Posting Komentar