1. Cunduk kana wukuning taun, datang kana mangsaning bulan, nepi kana jangji pasini, pasang subaja, urang kampung lilimbungan, ti padésan patambuar, kaoyagkeun ku geunjleungna jaman nu ngajak hanjat kana hambalan kaluhungan.
Kaluhungan karuhun nu dikeben-keben dipangkring ku kapamalian, bruh-bréh ting sarelap dina kepék kasinaran ku sorotna jaman.
Gerentes sepuh-sepuh di pilemburan nu teu mantra-mantra ka nagara, ting gandeuang nembongkeun tandangna, pagandang-gandang paginding-ginding dina kalangan pusaka. Komo barang jol mah pangondang ti pupuhunan pusaka, mani ting koréjat, caruringhak paheula-heula nemonan pangangkiran pupuhunanana nu jadi buah kalbuna.
Kaluhungan karuhun nu dikeben-keben dipangkring ku kapamalian, bruh-bréh ting sarelap dina kepék kasinaran ku sorotna jaman.
Gerentes sepuh-sepuh di pilemburan nu teu mantra-mantra ka nagara, ting gandeuang nembongkeun tandangna, pagandang-gandang paginding-ginding dina kalangan pusaka. Komo barang jol mah pangondang ti pupuhunan pusaka, mani ting koréjat, caruringhak paheula-heula nemonan pangangkiran pupuhunanana nu jadi buah kalbuna.
Abdi gé nu kasebat urang kampung bau lisung, bet jorojoj aya maksad hayang dongkap kana pakalangan, mung éstu lieuk euweuh-ragap taya, teu aja kikintun nu saé, kawantos ti pagunungan, mung hatur lumayan baé manawi ka manah ieu nyanggakeun dongéng tutungkusan ti sepuh nu parantos teu aya dikieuna, nalika Gn. Kunci dibuka diadegan gedong peteng, kieu sanggemna : ...Eueuh, atuh Gn. Kunci geus dibuka mah geus nincak kana ugana.”
Sanggem abdi : "... nincak kana uga kumaha mama?"
Dupi sanggemna : "... .Nincak kana uga, kapan ku sepuh-sepuh baheula mah jadi tungtung saur, di mana Gn. Kunci geus dibuka, Gn. Palasari ka giridig ku Walanda, Pangéran Sumedang muguran, teu putra teu putu, engkéna mantenna ngalih ka Ranca Bango,,,BUR-LES". Ari di alun-alun nyieun gugunungan, dingaranan Lingga Wati.
Sanggem abdi : "... geuning éta maké bur les - bur les kitu, naon hartosna?”
Pisanggemna : "... Ah, éta mah dédéngékeun baé, engké ogé kasorang.”
2. Di mana "Hanjuang" geus sirungan, "Bitung Liwungan", pelak Embah Sayang Hawu (penj. Embah Sayang Hawu = Jaya Prakosa) nu di Kuta Maya téa (tilas Dayeuh baheula). Di Cilauteureun ngadeg nagara; urang Sumedang coréngcang, da jalemana patambuar, indit sirib karuli ngadon buniaga di dayeuh anjar téa. Malah kungsi disusulan ku kapala-kapalana, tapi nu njusulan ogé teu marulang deui, lep-lep baé bebetah di pangumbaraan.”
Tah, ku lantaran di Sumedang coréngcang, dayeuh téh bakal pindah ka Ujung Jaja (distrik Tomo); ari kota ajeuna jadi distrik sepi, ngan di dinya téh bakal aja Panembahan nu jadi kuncénna Lingga wati téa, sabab éta Lingga téh engkéna mah baris jadi pangjarahan nu kawéntar ka mana-mana.
Tempat-tempat di wewengkon distrik Tomo mah, nu dareukeut ka Ujung Jaja téa, lain samanéa réa nu ngandung harti; geura urang sebutan :
1. Sumur Bandung (di Ujung Jaja) ajeuna éta sumur dianggap karamat, nyaéta keur cawisan ngarinumna kuli-kuli nu ngabangun karaton.
2. Tegal Si awat-awat, di désa Toléngas, éta keur tempat kumpulan milih pi-Ratu-eun, da saur sepuh mah piratueun téh aya Tujuh.
3. Kulincar; kuli-kulina nu ngadegkeun dajeuh, réréana ti désa éta.
4. Tangkal Kosambi, di Désa Sukaratu, ayeuna éta kosambi dianggap karamat, éta kosambi engkéna dijieun tihang karaton, ari Désa Suka Ratu tempat ngistrénan Ratu nu beunang milih di Tegal Si awat-awat téa.
5. Désa Palabuan, éta keur palabuan panampaan lauk ti Tangkil (Cirebon), baris suguh kuli-kuli.
Ari di Légok nu pasambung jeung éta uga, nyaéta :
1. Cipélés, dilebah Parugpug dibendung dikocorkeun ka Ujung Jaya, ari bendunganana dingaranan Bendungan Domas.
2. Pasar Légok pindah ka Cunduk-kayu, di Parugpug aya Pasar, tempatna di Sindangkasih; ayeuna pi-pasar-eun masih leuweung kénéh.
3. Pasir Jati, keur pangtapaanana hiji pandita nu ngolah élmu sajati.”
Ari cicirén geus deukeut kana uga ieu :
1. Lamun Cina geus ngadegkeun Toko di sakiduleun sasak Cipélés, éta cicirén Sumedang ilang dangiang.
2. Di mana putra putu Pajajaran geus dicalukur, kitab metu saking toko, solokan dielis sisina.
3. Cina-Cina ilang tao cangna; batu dijalan didalaharan.
4. Kaayaan awéwé jeung lalaki tibalik, nyaéta lalaki tunggu imah, awéwé digawé nyiar kipajah.
5. Angeun di sisi langit kulon, di bawa ka sisi langit wétan, ari didahar haneut kénéh.”
Tah mung sakitu-kituna nu kaémut tutungkusan sepuh téh, engké di pengker upami pependakan, tangtos dipidangkeun deui.”Cibalong, … Maret 1927.
Hurmatna.
SASTRA WIRIJAH.O. CIBALONG
Katerangan : Uga nu parantos kasorang ayeuna di Sumedang, seuseueur na sanés silib deui, nanging méh ceplés sakumaha saur sepuh-sepuh téa, saméméh kajadian naon-naon.
===================
Sumber: Pusaka Sunda No. 3-4 Maart-April 1927 Tahun ka 5, Kaca 54-55
Teks Aslina :
Oega Soemedang Sareng Saoer Sepoeh
I. Tjoendoek kana woekoening taoen, datang kana mangsaning boelan, nepi kana djangdji pasini, pasang soebaja, oerang kampoeng lilimboengan, ti padesan patamboear, kaoyagkeun koe geundjleungna djaman noe ngadjak handjat kana hambalan kaloehoengan.
Kaloehoengan karoehoen noe dikeben-keben dipangkring koe kapamalian, broeh-breh tingsarelap dina kepek kasinaran koe sorotna djaman.
Gerentes sepoeh-sepoeh di pilemboeran noe teu mantra-mantra ka nagara, ting gandeuang nembongkeun tandangna, pagandang-gandang paginding-ginding dina kalangan Poesaka. Komo barang djol mah pangondang ti poepoehoenan Poesaka, mani tingkoredjat, tjaroeringhak paheula-heula nemonan pangangkiran poepoehoenanana noe djadi boeah kalboena.
Abdi ge noe kasebat oerang kampoeng baoe lisoeng, bet djorodjoj aja maksad hayang dongkap kana pakalangan, moeng estoe lieuk euweuh-ragap taja, teu aja kikintoen noe sae, kawantos ti pagoenoengan, moeng hatoer loemajan bae manawi kamanah ieu njanggakeun dongeng toetoengkoesan ti sepoeh noe parantos teu aja di kieuna, nalika G. Koentji diboeka diadegan gedong peteng kieu sanggemna : ,,Eueuh, atoeh G. Koentji geus diboeka mah geus nintkal kana oegana."
Sanggem abdi : ,,, nintjak kana oega koemaha mama?"
Doepi sanggemna : ,,, Nintjak kana oega, kapan koe sepoeh-sepoeh baheula mah djadi toengtoeng saoer, di mana G. Koentji geus di boeka, G. Palasari kagiridig koe Walanda, Pangeran Soemedang moegoeran, teu poetra teu poetoe, engkena mantenna ngalih ka Rantja Bango, ,,BOER-LES." Ari di aloen-aloen njieun goegoenoengan, dingaranan Lingga Wati.
Sanggem abd i : ,,, geuning eta make boer les-boer les kitoe, naon hartosna?"
Pisanggemna : ,,, Ah, eta mah dedengekeun bae, engke oge kasorang."
II. Di mana HANDJOEANG geus siroengan, BITOENG iwoengan, pelak Embah Sajang Hawoe noe di Koeta Maja tea (tilas dajeuh baheula) di Tjilaoet-eureun ngadeg nagara; oerang Soemedang tjorengtjang, da djalemana patamboear, indit sirib karoeli ngadon boeniaga di dajeuh anjar tea. Malah koengsi disoesoelan koe kapala-kapalana, tapi noe njoesoelan oge teu maroelang deui, lep-lep bae bebetah di pangoembaraan."
Tah, koe lantaran di Soemedang tjorengtjang, dajeuh teh bakal pindah ka Oedjoeng Djaja (district Tomo); ari kota ajeuna djadi district sepi, ngan di dinja teh bakal aja Panembahan noe djadi koentjenna Lingga Wati tea, sabab Eta Lingga teh engkena mah baris djadi pangdjarahan noe kawentar kamana-mana.
Tempat-tempat di wewengkon district Tomo mah, noe dareukeut ka Oedjoeng Djaja tea, lain samanea rea noe ngandoeng harti; geura oerang seboetan :
1. Soemoer Bandoeng (di Oedjoeng Djaja) ajeuna eta soemoer dianggap karamat, nja eta keur tjawisan ngarinoemna koeli-koeli noe ngabangoen karaton.
2. Tegal Si awat-awat, di desa Tolengas, eta keur tempat koempoelan milih piratoeeun, da saoer sepoeh mah piratoeeun teh aja toedjoeh.
3. Koelintjar; koeli-koelina noe ngadegkeun dajeuh, rereana ti desa tea.
4. Tangkal Kosambi, di desa Soekaratoe, ajeuna eta kosambi dianggap karamat, Eta kosambi engkena didjieun tihang karaton, ari desa Soeka Ratoe tempat ngistrenan Ratoe noe beunang milih di tegal Si awat-awat tea.
5. Desa Palaboean, eta keur palaboean panampaan laoek ti Tangkil (Tjirebon), baris soegoeh koeli-koeli.
Ari di Legok noe pasamboeng djeung eta oega, njaeta :
1. Tjipeles, di lebah Paroegpoeg dibendoeng dikotjorkeun ka Oedjoeng Djaja, ari bendoenganana dingaranan bendoengan Domas.
2. Pasar Legok pindah ka Tjoendoek-kajoe, di Paroegpoeg aja pasar, tempatna di Sindangkasih; ajeuna pipasareun masih leuweung keneh.
3. Pasir Djati, keur pangtapaanana hidji pandita noe ngolah Elmoe sadjati."
Ari tjitjiren geus deukeut kana oega ieu :
1. Lamoen Tjina geus ngadegkeun Toko disakidoeleun sasak Tjipeles, Eta tjitjiren Soemedang ilang dangiang.
2. Di mana poetra poetoe Padjadjaran geus di tjaloekoer, kitab metoe saking toko, solokan dielis sisina.
3. Tjina-Tjina ilang taotjangna; batoe di djalan didalaharan.
4. Kajaan awewe djeung lalaki tibalik, njaeta lalaki toenggoe imah, awewedigawe njiar kipajah.
5. Angeun di sisi langit koelon, di bawa ka sisi langit wetan, ari didahar haneut keneh."
Tah moeng sakitoe-kitoena noe kaemoet toetoengkoesan sepoeh teh, engke di pengker oepami pependakan, tangtos dipidangkeun deui."
Tjibalong, Maart 1927.
Hoermatna,
SASTRA WIRIJA
H.O. TJIBALONG
Katerangan.
Oega noe parantos kasorang ajeuna di Soemedang, seuseueur na sanes silib deui, nanging meh tjeples sakoemaha saoer sepoeh-sepoeh tea, samemeh kadjadian naon-naon.
=====================================================
Soember: Poesaka Soenda No. 3-4 Maart-April 1927 Tahoen ka 5, Kaca 54-55
Tidak ada komentar
Posting Komentar