Rajah Sabuku Tangtung Kasumedangan

Rajah Sabuku Tangtung Kasumedangan

Ashadu Sahadat Sumedang
Dangiang kala wangi
Titi mangsa nu tiheula
Lain tandang tara tanding,
Dingdingan "Tangtung Sorangan"
Ngandika anarima tangkal palias
Lana manjang Laa Haola,
Geusan ulun kumawula,
Lahir tumeka ning batin,
Lahir kawula ning Gusti,
Batin kawula ning Maha Agung,
Agungna mah ku diri,
Hurip Gusti waras abdi,
Dibabar kalimusada,
asyhadu alla ilaha illallohHu..Hurip
wa asyhadu anna muhammad rosulullohi...Hirup
Hirup-Hurip Pada Jati,
Hyang Tunggaling awaking
Ahung sir bayu tutup rahayu
Wuh nupus puput geni
Menyan kari wangi
Aci putih sihap sari
Malati puhit ngabukti
Budi paring dumadi
Dibakta kalimusada
Sada tutur sada galur
Sada tekad sada ucap
Disabda masih ngacacap
Ah cangkem
Ah mingkem
Mulhaq kersa Dzat Wisesa
Sanes kara nu kalara
Sanes kari nu kalari
Puput sirna pun sampurna
Nirmala sasara mokta
Rahayu Swastiastu
Ditutup ku sang pupu hirup
Titip lantip sangkan hurip
Rep sidakep
Pancer kula kalamulloh
HU ALLOOH...HU ALLOOH..HU ALLOOH.
Mugia selam..salamet...
salamet...salamet.
==================
Insun Medal Madangan.



Baca Juga :

Tidak ada komentar