"Sempalan carita ciung wanara versi aki karti kuncen cikeusi, kacatur basa aki balangantrang manggih orok anu nyangsang dina bubu di Cijawura Ciseuma deukeut Gunung Surian, orok dibawa balik ka imahna, tuluy ka nini Balangantrang menta supaya dikulub, ku nini Balangantrang disumputkeun digoah jeung endogna, nu matak tepi ka kiwari digoah sok aya endog hayam, laju orok disisilah ku humut jeung cariwuh dikulub disebutkeun kulub orok ka Aki Balangantrang, nu matak tepi ka kiwari ayana pahinum, laju Nini Balangantrang nyieun siasat sampingna diseblok ku luah tina tampolong meh jiga jibreg ku getih pura-pura tas orokan, orok nu meunang tina bubu diaku anak sorangan disalametkeun, laju Nini Balangantrang nyokot pare sacangci tina bubu anu disimpen digoah dipesek beasna dirieus dina coet batu ku luludek laju ditinyuh ku cai herang tina kele diwadahan ku ruas awi, diinumkeun ka orok, ieu cisusu ema, nu matak tepi ka kiwari eta tempat lembur aki nini balangantrang disebut cisema", Ngabuka piombrolan drs. Wisahya dinu facebook.
Andri Sandoel : Mulyadi Ari anu kamari di paluruh situsna kumaha saur aki karti...leres anu si rungkun haur hunung seupan bah?
Wisahya Drs : CAN DISAMBUBGKEUN KA NU ETA ABAH KEUR NGGALI HEULA INFORMASI ANU SEJEN, TI AKI KARTI LOBA PAMANGGIH ANU NGAIT KANA TEMPAT JEUNG ASAL-USUL, SAPERTI MAHINUM, ENDOG DI PABEASAN, JSB.
Andri Sandoel Mulyadi : Sae di lajeung bah..
Wisahya Drs : Numatak lamun anu ngajuru sok mahinum teh nyalametkeun orok, cenah..
Wisahya Drs : Dina versi ieu walunganna cibayawak..
Andri Sandoel Mulyadi : Tuh geuning...
Wisahya Drs : Dipalidkeunna di leuwi Cipamidangan hilireun Citembong hilir,
Andri Sandoel Mulyadi : Berarti aya dua versi....versi walungan Cihonje sareng Cibayawak
Aki Karti Kuncen Cikeusi Darmaraja Sumedang |

Wisahya Drs : Di kalanganyar, mang andri.
Wisahya Drs : Dijurukeunna di Cikawung sapeuting reujeung jeung ngajuruna anjing dikolong, nu matak logis lamun orok ratu ditukeur jeung kicik, lantaran waktu sarua jeung teu jauh, anjing orokan di kolong,
Wisahya Drs : Sulur orok
Wisahya Drs : Kaharti ku akal lamun aya siasat nukeurkeun orok ku kicik sabab peuting, laju dipalidkeun orok nyangsang dina bubu, katimu isuk,,kaharti dina versi ieu mah
Andri Sandoel Mulyadi : Maksudna kunaha...bet di tuker orok ku kicik
Wisahya Drs : Prebutan tahta
Andri Sandoel Mulyadi : Kahartos
Wisahya Drs : Laju indung orok dipiceun ka salanghunyar, jauh ti cikawung ditilaman ku daun cau kole saponggol, nu matak cau kole daunna beureum, sabab baloboran getih nu ngajuru,
Dedie Kusmayadi Sumamiharja : Jelas Kang ayeuna eta Kisah prabu Ciung Wanara teh nuju orokna di Darmaraja dugi ka mangsa dewasa sateuacan janten raja di Galuh pakuan kumargi tinu kisah carita/suluk/pantun/papatet "Waruga Guru" oge katinggalna aya dualisme tempat, nyaeta Cimandala wateun/wetan (Mandala Timur Sumedang) kitu deui Cigagak jalu...

Sareng deui di Ciitanduy Ciamis teu kacarioskeun aya situs atanapi patilasan prabu Ciung Wanara. Kitu deui caritaan sepuh kapungkur rata-rata ngisahkeun ihwal Ciung Wanara teh di Darmaraja Sumedang..
Andri Sandoel Mulyadi : Mudah-mudahan batu anu ka pendak anu mirip tapak orok ku pedisi plb kamari...tiasa janten ciri buktos ngan kd di taliti lebih lanjut batu tapak orokna bilih sanes hehe
Wisahya Drs : Dina versi ieu langkung eces alurna, magi didukung ku tempat anu aya tepi ka kiwari, teu disamarkeun,,
Andri Sandoel Mulyadi : Muhun
Wisahya Drs : Batu pangcalikan anu katimu ti cijawura anu ayeuna diampihan ku kubcen cisema eta oge mangrupa dukungan bukti ayana ciungwanara di wewengkon demaraja,,
Wisahya Drs : Lapak ngadu hayam kalanganyar tepi ka ayeuna mangrupa nusa teu jungsi aya anu ngadegkeun wangunan di eta patilasan, kitu numutkeun aki karti tadi sore di sekretsriat plb jeungjing,,
Wisahya Drs : Cibayawak ti lebah citembobghilir ka muhara cibayawak memang rada landai teu curam, perjalanan arum jeram orok tepina ka lebah gunung surian teu bahaya teuing,,atawa dina perjalanan eta aya curug tando ,,?
Wisahya Drs : Cik manawi aya nu apal, kondisi cimanuk ti muhara cibayawak ke surian, kumaha tah naha aya nu curam atawa curug,,?
Andri Sandoel Mulyadi : Koko baranyai dieu....aya garmer
Wisahya Drs : Mang at dendusri putra,
Andri Sandoel Mulyadi : Urang gali heula anu jd ciri situs patilasana bah..teras di rangkum jd hiji sareng carita para sepuh...aya bukti aya carita jadi ngahiji.....matak taroskeun ku abah batu corak tapak orok tea.
Wisahya Drs : Kakara katimu dua benda purbakala anu jadi ciri pikeun ngadukung carita ciungwanara darmaraja, nyaeta batu pangcalikan jeung batu tapak orok
Asep Enang Hasanudin : Hihihi,
Asmin Tea : Heuheuheu.....harrruuh udud erep manten bakating ku seurieus ngabandungan dongeng
Onedra Gindazz : Sakalian jieun bukunu bah carita subuderan jatigede kituh caritana ameh abah jdi top
Dedie Kusmayadi Sumamiharja : nu ta can kapaluruh kronologisna ti orok dugi ka mangsa dewasa seteuacan naledra janten Raja di Galuh Pakwan Ciamis...kang
Dedie Kusmayadi Sumamiharja : Aya nu nyebatkeun, dina pamarentahan Prabu Tadjimalela muka palabuhan pameuntasan Cimanuk di Daerah Lebak Siuh. Sumber nu sejen mertelakeun Prabu Tadjimalela sajaman jeung prabu Ciungwanara atawa raja Galuh Pakwan di Kawali. Umurna sawawa jeung kungsi babarengan diasuh ku Arya Bimarkasa waktu netep atawa nyuprih elmu di Bagala Asih Panyipuhan. Samemeh Ciungwanara jeneng nata nyekel tampuh karajaan Galuh Pakwan ngagulingkeun kakawasaan Prabu Tamperan Wijaya, didukung pasukan Prabu Tadjimalela jeung Pasukan Limbangan Garut. (buk. Rucatan Darmaraja). Upami ditinggal deui silsilah Prabu Ciung Wanara dinu carita/suluk/pantun "Waruga Guru", yen Prabu Ciung Wanara teh saleresna putrana Rd. Permanadikusumah atau Ki Ajar Padang Sukaresi / Begawat Sakti/Ki Ajar Padang/ Ki Ajar Subrata/ Ki Ajar Sakti anu ngaresi di Gunung Padang anu sateuacanna janten Raja Galuh Pakwan...
Dedie Kusmayadi Sumamiharja : Sakilas uraian silsilahna Maha Raja Sanghyang Resi Purbasura/Purbasora atawa nami sanesna Rd. Wijaya Kusuma (Buyut Telasan) nyaeta rai kandung Sanghyang Resi Guru Seuweukarma/Rd. Demunawan (Maha Raja Saunggalah Kuningan) putrana Sanghyang Resi Guru Sempakwaja/Rd. Jatmika, Maha Raja Galuh Medang Kamulyan Kuningan. Maha Raja Resi Purbasura/Purbasora migarwa Ratu Citra Kirana (rai Raja Wiratara Kerajaan Indraprahasta) anu kagungan saurang putra nu namina Rd. Permanadikusumah atau Ki Ajar Padang Sukaresi/Begawat Sakti Sajala-jala.
Sanghyang Ki Balangantrang nyaeta putra ti Sanghyang Resi Guru Jantaka/Rd. Jantaka, saurang Resi Guru di Denuh Medang Kamulyaan Kuningan (sekarang Desa Rajadanu).
Ki Balangantrang nu ngadidik Prabu Ciung Wanara/Rd. Surotama Putra Rd. Permanadikusuma).
Tidak ada komentar
Posting Komentar