Ngajaga Telung Puluh Telu Bangawan Sawidak Lima
Prabu Tajimalela, ngaamatan putika kasumedangan pikeun katurunanna, anu kieu eusina :
“Basa sia kunclang kenclong nu ngagilir putih, nu digilir putih, teu akalna teu akeulna Allah Sakarung konci kuning, kayu rubuh, deg deg tanjeur, jaya perang braja denung nu ngadeg menak di Sumedanglarang, kaula Sang Prabu Tajimalela, nu nyangking Nusa Telung Puluh Telu Bangawan Sawidak Lima, nya aing lalaki langit, lalanang jagat, wong saketi pada tijarumpalik, wong sajagat pada balubar, nya aing anu ngadeg di kolong langit ieu, Ratu Galuh Agung Tunggal henteu aya sisihna”.
Eta Putika kasumedangan teh sarua jeung Amanat Buyut Baduy, berarti anu berarti di daerah Sumedang aya 33 Nusa jeung 65 Walungan :
Dinu hariti sabenerna eta amanat teh ku kaayaan kiwari kurang leuwih kieu :
“Gunung iuhan; lamping awian; darat imahan; lebak sawahan; jeung legok balongan.” Pancawilayah Tatar Sunda
Pangjejer bae, sunda mibanda ajen dina widang tata ruang/wilayah (planologi). Patanjala ngarupakeun cara atawa "metodologi" karuhun dina ngararancang pangwangunan, pangwangunan diri (salira), bangsa jeung nagara (balarea) malah dunya (buana). "Ku na urang lwirna patanjala-tuturkeun ku urang lajuna walungan" (Naskah Amanat Galunggung Abad 14) nu negeskeun walungan jadi dadasar dina ngararancang tur ngokolakeun pangwangunan.
Nyurup jeung dina catetan Pantun Bogor "Jaga, Sunda kabagean memeres jaman". Dina Pantun Bogor eta, karuhun negeskeun dua hal, bisa disebut oge amanat, nyaeta itungan kahareup jaman bakal keuna ku lara, kadua, kapercayaan jeung kayakinan karuhun ka turunannana (incu putuna) mibanda pancen keur memeresna. Itungan karuhun yen jaman bakal lara lain karuhun ngewa, da geus dibekelan panulak balana, di antarana amanat kolot "gunung ulah dilebur, lebak (sirah cai-walungan) teu meunang diruksak, larangan teu meunang dirempak jeung buyut teu meunang diobah".
Kiwari, balai dimana-mana, usum halodo kasaatan, usum ngijih kabanjiran, pancekadan dimana-mana, manusa nyanghareupan hirup lara balangsak. Kaayaan eta, tangtu balukar tina ngarempak atawa ngalangar kana amanat kolot. Carita kolot geus bukti tur nyata, ayeuna tinggal ngajalankeun amanat kadua "urang Sunda kabagean memeres jaman"
Urang guar sasarengan, da luang mah aya ti papada urang, sim kuring mung pamuka catur, manawa sareng manawi carios sepuh di luhur "urang kabagean memeres jaman" ngalangkungan guaran Patanjala "nu ditunda dina hanjuang siang" tiasa kateang "nu diteundeun di handeuleum sieum" tiasa kasampeur.
Caah Dengdeng Ka Pamukiman
Saliwat mah, mémang alam siga anu pasrah sumerah dikukumaha ku manusa téh. Pasir ditugaran keur nyaeur lelemah; dibobok keur nyieun jalan; bulistir dipaké lahan tatanén. Saenyana alam teu cicingeun, teu narima kitu waé tapi ngabalitungkeun sagala rupa nu tumiba ka dirina alatan paripolah manusa. Balitunganana di luar kamampuh manusa, urang bisa nyaksian kumaha balukarna urug jeung banjir. Anu ngaranna manusia, tétéla teu manggapulia najan téknologi geus sakitu majuna. Serah bongkokan bari kaleungitan harta; banda; jeung nyawa.
Di sagigireun éta, alam saéstuna mah kacida pisan soméahna. Mun manusa ngamumulé; ngariksa; jeung miara alam, tinangtu alam moal ngambek malahan bakal terus-terusan mére jalan kahirupan keur manusa.
Paraluluhur Sunda, leuwih ngarti kana hal ieu. Leuwih-leuwih, apanan kaayaan alam di Tatar Sunda mah diwangun ku pasir; gunung; jeung tempatna luhur. Tina kaayaan tempat dumukna anu saperti ieu, lahir konsép-konsép dina ngariksa alam. Géostrategis ku luluhur Sunda geus dijalankeun, mana keur leuweung tutupan jeung leuweung produksi; mana keur paimahan jeung lahan tatanén, diatur luyu jeung kaayaan alamna.
Mitos-mitos keur ngajaga lingkungan ogé, patingpucunghul. Urang Sunda geus teu anéh deui kana pamali jeung sanget, lamun dilakonan sok aya matakna. Anu dipalar ngarah manusa henteu sakama-kama, kaleuleuwihi ngagunasika alam keur nunjang kahirupanana.
Iklim Ékstrim
Paraahli nuding yén pangna banjir jeung urug di mana-mana téh –tur leuwih rongkah batan taun-taun saméméhna, lantaran hujanna badag. Tudingan lainna deui téh: ayana parobahan cuaca atanapi parobahan iklim, nepi ka iklim/cuaca henteu bisa diduga jeung diperkirakeun, teu kawas baréto.
Sabenerna mah, tudingan éta téh rada méncog. Hujan badag lain kajadian anyar ayeuna-ayeuna ieu, tapi baheula ogé kajadian. Atuh kaayaan alam katut bentuk beungeut bumi, angger teu robah –teu béda jeung kaayaan saperti ratusan taun ka tukang. Kitu deui jeung parobahan iklim, baheula ogé kungsi aya. Anu jadi patalékan: “naha hujan badag kiwari ngabalukarkeun urug jeung banjir, ari bihari bet henteu ?”
Lebah dieu, perluna ngaguar interaksi manusa jaman baheula jeung alamna. Baheula: hujan badag jeung parobahan iklim, teu ngabalukarkeun urug katut banjir. Perlu ditalungtik tina jihad sajarah, diantarana :
1. Kumaha sikep atawa kamandang manusa baheula ka alamna ?
2. Kumaha manusa baheula ngajaga tur miarana lingkungan ?
3. Papagon naon anu dicekel ku manusa baheula dina nyusun tata ruang jeung tata wilayah nu luyu jeung kaayaan alam ?
Data atawa fakta sajarah kitu, bisa dipaké patokan dina nyusun tata ruang ayeuna jeung jaga. Kajian saterusna lain ukur tina jihad sajarah wungkul, tapi ogé perlu panalungtikan anu leuwih gemet tina jihad géologi; géografi; jeung lingkungan. Hubungan atanapi interaksi manusa jeung ruang katut waktu jaman baheula anu teu ngabalukarkeun urug/banjir, perlu terus dipertahankan –malah perlu dironjatkeun ajénna. Mun téa mah interaksi bieu geus henteu harmonis, atuh perlu tarékah ‘diharmoniskeun’ deui.
Panca Wilayah Tatar Sunda
Sajarah, lain ngan ukur béréndélan taun jeung kajadianana wungkul. Tapi anu leuwih penting, kudu bisa dipaké cecekelan keur ngigelan jaman pikeun ngaléngkah ka hareup. Sangkan bisa kitu, interaksi manusa jeung ruang katut waktu, perlu diungkab.
Konsép ngeunaan alam katut lingkungan hirup, asup kana bahasan géostrategis atawa tata ruang/tata wilayah anu geus dilaksanakeun ku luluhur Sunda. Ku Carita Parahiyangan, Prabu Niskala Wastukancana dipuji geus bisa nyaimbangkeun kahirupan jasadi jeung ruhani. Carita Parahiyangan, nyebutkeun: sanghyang apa(h); téja; bayu; akasa; sangbu; énak-énak ngalu(ng)guh di sanghyang jagatnaka. (cai; cahaya; angin; langit jeung bumi; ngarasa lugina ditangtayungan ku panguasa dunya).
Ieu émbaran ti Carita Parahiyangan, lain hartina Prabu Niskala Wastu Kancana mampuh maréntah atanapi nalukeun mahluk nu teu nyawaan. Lebah dieu nuduhkeun yén Prabu Niskala Wastu Kancana mampuh ngatur tata ruang jeung tata wilayah, sabab wewengkon Pulo Jawa beulah Kulon – Jawa Barat téh diwangun ku pasir-pasir jeung gunung-gunung. Sumber cinyusu, leuwih loba batan wewengkon séjén. Atuh walungan – boh nu leutik, boh nu gedé, ogé réa. Walungan-walungan, aya anu ngamuara ka walungan anu leuwih badag. Aya ogé anu langsung ngamuara ka laut. Prabu Niskala Wastu Kancana, mampuh ngatur tata ruang katut tata wilayah anu diluyukeun jeung kaayaan alam Tatar Sunda.
Gunung Anu Pinuh Ku Kakayon Tatangkalan, Panyimpenan Cai
Pangaturan tata ruang jeung tata wilayah, ngalantarankeun pungsi lahan teu pacorok antara leuweung tutupan; leuweung produksi; lahan tatanén; jeung lahan keur pamukiman. Géostrategis anu dipraktékkeun ku Prabu Niskala Wastukancana, dipikawanoh ku sebutan: Pancawilayah (gunung iuhan, lamping awian, darat imahan, lebak sawahan, legok balongan).
1. Gunung Iuhan/Kaian
Gunung iuhan, hartina: leuweung di gunung kudu héjo lémbok ku tangkal kai ngarah jadi tempat nyimpen cai, sangkan dina usum hujan teu banjir sarta mun usum halodo teu tigerat ku cai. Cai hujan teu langsung ngamalir ka lebak, tapi diserep ku taneuh anu loba akar tatangkalan. Dina kaluarna deui, jadi cinyusu anu ngocorna mayeng –kaasup dina usum halodo.
2. Lamping/Gawir Awian
Lamping atawa gawir anu gurawés, kudu dipelakan awi. Tangkal awi bisa nyinglar taneuh rempag atawa urug. Di wewengkon Tatar Sunda, curah hujanna kawilang rada badag. Curah hujan anu badag, ngalantarankeun gancangna pelapukan batu-batuan – anu engkéna bakal jadi taneuh. Gancangna pelapukan batuan, ngabalukarkeun taneuhna jadi gampang ngagolosor – uduh henteu liket. Ku tangkal awi, akarna bisa mageuhan taneuh sangkan teu gampang urug. Salian ti éta, tangkal awi ogé sok diarah pancarna – tangkal awi anu geus garing keur suluh. Pon kitu deui dina cara nuar awi, teu meunang sagawayah tapi kudu dipilih tina dapuran awi anu pangjerona, anu umur awina geus kolot, sabab lamun nu ngorana dituaran atuh bakal tumpur. Malahan 18 Séptémber, geus ditetepkeun ku Organisasi Awi Sa-dunya (World Bamboo Organization/WBO) minangka “poé awi sadunya”. Maksud ditetepkeun : pikeun ningkatkeun kasadaran masarakat kana pentingna mangpaat awi keur kahirupan
3. Darat Imahan
Darat atawa lemah anu datar, keur dipaké pamukiman. Jadi, imah henteu diadegkeun di lamping.
4. Lebak Sawahan
Lebak – lahan sahandapeun paimahan, keur sawah atawa lahan tatanén.
5. Legok Balongan
Legok – hartina: daérah anu leuwih handap, dipaké nyieun balong.
Panutup
Banjir jeung urug téh akibat tina tata ruang jeung tata wilayah anu salah. Salah, sabab henteu diluyukeun jeung kaayaan alam. Konsép tata ruang jeung tata wilayah anu harmonis, bisa nyinglar datangna banjir jeung urug –paling henteu, bisa ngurangan banjir jeung urug. Konsép-konsép luluhur anu teu diéstokeun atawa teu dijalankeun, ngabalukarkeun dina usum hujan mindeng banjir.
Urang kiwari mumul wanoh kana alam, narah wawuh jeung alam, nepi ka teu paham kana karakter alam. Malah, urang siga anu ngénténgkeun ka alam. Pasir dikalian ditugaran, taneuhna dipaké keur ngurugan proyék paimahan; kantor; atawa jalan.
Dina mangsa kiwari, alam téh ti ditu ti dieu terus-terusan ménta tumbal. Tumbalna téh: ‘Usum hujan, banjir jeung urug. Usum halogo, tigerat ku cai’. Hadéna, urang nolih deui kana amanat luluhur. Ngarah alam, teu teterusan ménta tumbal alatan kasalahan; kakaliruan; jeung kasombongan urang.
Gunung Kaian; Gawir Awian, Cinyusu Rumatan; Pasir Talunan, Lebak Caian; Sampalan Kebonan; Walungan Rawatan; Legok Balongan, Dataran Sawahan; Situ Pulasaraeun, Lembur Uruseun; Basisir Jagaeun.
Post a Comment