Mangsa Ngadegna Karajaan Tembong Agung (671-721 M)
Wretikandayun surti kana sikep anak sulung jeung panengah, ngaleos ti karaton lantaran boga rasa dianaktirikeun. Pikeun ngubaran hatena Sempakwaja dijodokeun jeung kakasih Wulandari atawa nu sok disebut Pwah Rababu, putri Raja Awangga (Kuningan).
Jantaka dijodokeun ka Putri upeti kakasih Dewi Sawitri, putri Raja Sunda anu netepna di tutugan Gunung Galunggung ngalahirkeun Arya Bimaraksa. Dirorok ti orok, diasuh ti lelembut, diais diampih diatik ku pirang elmu panemu jeung jampe pamake, ngajanggelek jadi nonoman leber wawanen.
Sanggeus manjing umur Arya Bimaraksa dijodokeun ka putrina Prabu Purbasora nyaeta Dewi Komalasari anu dinu Kitab Waruga Jagat mah, disebatna Ratu Komara. Umur Bimaraksa geseh saeutik jeung mertuana Prabu Purbasora nyaeta putra Semplak Waja ti garwa Wulandari.
Beja ngemat ti karaton Galuh yen Prabu Mandiminyak lengser ka prabon, tuluy ngistrenanan Bratasenawa jadi Pamangku Karajaan Galuh. Sempak Waja jeung Purbasora ngarasa teu panuju lantaran Bratasenawa (Senna) jeuneng Prabu, lantaran lahir kadunya buah salingkuh Prabu Mandiminyak jeung Wulandari garwana Sempak Waja. Kualatan kitu Purbasora meupeuk wadya balad Galunggung pikeun ngarugrugkeun karaton Galuh, kalayan diwuwuh ku Wadyabalad Bimaraksa.
Wadya balad Arya Bimaraksa ngagabung jeung wadya balad Purbasora ngarugrugkeun karaton Galuh. Perang campuh kajadian, Baratasena lolos ti karaton netep di Kalingga Utara. Sanggeus Purbasora ngarebut Galuh di istrenan jadi Pamangku Karajaan Galuh Pakuan, tuluy ngistrenan Arya Bimaraksa jadi Patih Galuh gelar Patih Galuh Pakuan.
Beja ngemat ka saban tempat, Sanjaya anak Bratasenawa meupeuk wadya balad pikeun ngarebut kakawasan. Karaton Galuh ditingker wadya balad Sanjaya, ditungtungan perang campuh. Prajurit karaton kadeseh nu akhirna Purbasora tiwas. Sedengkeun Arya Bimaraksa ngejat ninggalkeun tegal patarungan ngajugjug kapatihan pikeun nyalameutkeun kulawargana, sabab ceuk beja kapatihan rek dirurug wadya balad Sanjaya.
Dewi Komalasari sareng rakana Wira Dikusumah suwung di kapatihan, lantaran leuwih tiheula ninggalkeun kapatihan enggoning nyalametkeun diri, tuluy nyumput di leuweung Seger Manik, nu kiwari ka telah na Sagara Manik di Desa Cipancar Kecamatan Sumedang Selatan, nya ditempat eta pisan aya makam Ratu Komalasari sareng rakana Wira Dikusuma.
Arya Bimaraksa asruk-asrukan neangan kulawargana, ngawatek elmu sangkabolong watekna bisa maca kaayaan ti jauhna, ku sabab kitu teu hese neangan. Sanggeus amprok, babarengan leumpang ka kaler ngaliwatan Gunung Cakrabuana, Mandalasakti, Gunung Simpay, Gunung Penuh, tuluy netep di Kampung Muhara Leuwihideung Darmaraja Sumedang. Di dinya ngadeugkeun padepokan tempat nyumprih elmu lahir jeung elmu batin.
Numutkeun buku turun-tumurun nu aya di Cipancar Sumedang jeung nu sejenna, nuju alitna Prabu Aji Putih oge di Seger Manik heula katut ibu ramana. Prabu Aji Putih jeung ramana Aria Bimaraksa atawa Sang Resi Agung, tuluy ngadirikeun padepokan di Citembong Agung Girang Kecamatan Ganeas, salajengna ngalih deui ka Kampung Muhara Desa Leuwi Hideung Kacamatan Darmaraja.
Padepokan pada ngadeugdeug, nu ngahaja nyuprih elmu pangaweruh. Murid-muridna di wirid elmu agama jeung elmu tatanen, sangkan bisa marelak pare, kacang, sampeu jeung beubeutian, kalayan barisa ngingu ingon-ingon kayaning embe, sapi, domba, munding jeung sajabana, akhirna lembur-lembur singkur parentul di sapanjang walungan Cihonje, Cibayawak, Cimanuk, walungan sejenna. Tegalan-tegalan diarimahan, pasir-pasir dipelakan awi, lengkob-lengkob balongan, walungan dirumat, cai dilokat sangkan nyuburkeun lahan-lahan tatanen.
Prabu Aji Putih ngahijikeun padusunan-padusunan di daerah Lemah Sagandu tur sabudereunnana. Dina mangsa purnama bulan Muharam Taun Saka, Prabu Aji Putih ngadegkeun karajaan Tembong Agung, pernahna di wewengkon Muhara Leuwihideung, teu pati jauh ti walungan Cimanuk jeung Cihonje. Wangunan karaton model hateup injuk, model susuhunan julang ngapak, bahan-bahanna sarwa kai nyanghareupan alun-alun Mayadatar.
Sabada ngadegkeun karajaan ngawangun padepokan pernahna di wewengkon Muhara Leuwihideung ditelahkeun Bagala Asih Panyipuhan. Bagala hartina tempat, Asih hartina silih asah, silih asuh jeung sasama. Panyipuhan hartina ngaherangan tegesna ngaberesihan batin tina rupaning kekebul dosa. Arya Bimaraksa nitipkeun padepokan ka Astajiwa, lantaran nohonan pangulem Prabu Permana Dikusuma atawa Resi Ajar Padang, tuluy Aria Bimaraksa diangkat jadi wawakil Patih Galuh Pakuan di Kawali.
Meunang informasi oge, yen Prabu Ciung Wanara putrana Permana Dikusuma anu ngarundaykeun trah-treuh Pajajaran diurusna ku aki na nyaeta Aria Bimaraksa alias Resi Putih sareung mamangna Aji Putih di tatar larang Sumedang. Sajarah nu aya dinu pantun mah ngan sa ukur nyumputkeun kisah sabenerna Raden Suratoma alias Prabu Ciung Wanara mangsa nuju orok tug nepi ka dewasa na, sabab mun apaleun yen Raden Suratoma ayana di tatar larang Sumedang waktu harita, tangtuna oge bakal dipilarian nepi ka Sumedang, ku wadaya Balad Prabu Barma Jaya alias Sang Tamperan alias Raja Bondan, nya kitu deui wilayah Sumedang ka asup wilayah larang teu menang aya peperangan jeung hese ditembus ku musuh.
Prabu Permana Dikusuma alias Prabu Sidik Permana Ajar Padang alias Resi Ajar Padang rama pituinna Raden Suratoma alias Ciung Wanara alias Buyut Maja nu di asuh ku akina nyaeta Aria Bimaraksa alias Ki Balangantrang alias Sanghyang Resi Agung, ari kapi aki nyandak ti kersana ibuna Raden Suratoma, nu wastana Ratu Naganingrum, nu ngagaduhan dulur pameget nu wastana Prabu Aji Putih. Janten Prabu Aji Putih ka Prabu Ciung Wanara teh alona keneh. Prabu Aji Putih puputra Brata Kusuma alias Prabu Tajimalela. Janten Prabu Ciung Wanara sareng Prabu Tajimalela teh sipatna kapi adi - kapi lanceuk.
Pakarang karaton Tembong Agung dikurilingan pager kai, gedengeunana Bale Agung jeung Bale Alit nyaeta tempat urun rempug para patinggi karajaan jeung cicingna kulawarga raja. Sabada diistrenan Aji Putih migarwa ka Ratna Inten Nawang Wulan anu geugeular na Ronggeng Sadunya, nyaeta putrina Jagat Jayanata alias Jaksa Wiragati putrana Jantaka. Nawang Wulan teh masih Intjuna kenen Prabu Demunawan Raja Indraprahasta Kuningan ti garwana Saribanon Kancana. Prabu Guru Aji Putih puputra Brata Kusuma alias Prabu Tajimalela, Sakawayana alias Zainal Mustopa alias Embah Jalul, Harisdarma alias Abidin Muja Hairi alias Embah Khotib Limbangan Garut jeung Langlangbuana alias Jagat Buana.
Prabu Aji Putih ngangkat para patinggi karajaan dumasar kana garis katurunan atawa kulawargana. Astajiwa (adina) diangkat jadi patih Tembong Agung, Darma Kusuma (adina) diangkat jadi ahli hukum kanagaraan, sedengkeun Siti Putih jeung Sekar Kencana (2 adina nu awewe) jadi pangawas para emban di kaputren. Nu jadi pangdeudeul konsep kanagaraan aya lima perkara disebut panca prabakti abdi nagara. Hartina nu jadi poko utama ngabdi ka nagara aya lima perkara. Diembrehkeun dina carita-carita lisan anu turun-tumurun. Nu disebut lima perkara nyaeta Pancer, Tanjer, Uger, Jejer jeung Lilingger
Pancer hartina panceg pamadegan, teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan, ngayuni pucuk awi, angin ka kaler leok ka kidul, anginna ti kidul leok ka kaler. Tapi ajeg dina pamadegan.
Tanjeur, sasmita leber wawanen atawa gede kawani ngabelaan nagara katut rahayatna. Pamimpin dipahing ngayuni hayam ka biri kumeok memeh dipacok, tapi kudu teuneung ludeung nanjeurkeun kapentingan rahayat jeung nagara.
Uger, perlambangna pakeman atawa pedoman wujud dina ngajalankeun pamarentahanana kudu taat kana aturan Gusti, aturan Agama, aturan Nagara, aturan Hukum jeung aturan Tradisi.
Jejer, simbulna jajaran pamarentahan nu ngawengku skill jeung sistem. Dina nempatkeun para patinggi karaajan sanajan dumasar kana turunan atawa kulawarga tapi diluyukeun jeung kahlian sewang-sewangan. Sabab lamun nangtukeun para patinggi tojaiah jeung kaahlianana kari ngadago ka ancuran.
Lilinger nyaeta udagan pamarentah ceuk bahasa ayeuna mah Visi atawa Misi tegesna ambahan, aweuhan jeung tujuan-tujuan jangka panjang. Perkara eta jadi pokok merenahkeun jeung ngamekarkeun Karajaan Tembong Agung.
Dumasar kana sejen sumber, karajaan Tembong Agung sajaman jeung Karajaan Galuh Pakuan antara taun 640-724 masehi, Karajaan Sunda antara taun 669-1311 masehi jeung Karajaan Medang Kamulyan antara taun 670-678 masehi, anu aya di sisi Gunung Tampomas. Tata cara nyerenkeun tahta karajaan dumasar kana ugeran taya lian umurna, paling handap 22 taun. Cara-cara nguji bakat jeung kamampuan calon raja ngaliwatan cara-cara spiritual salah sahiji pikeun nempa mentalna, sakumaha digambarkeun dina carita-carita lisan anu tumuwuh di wewengkon Darmaraja jeung sabudeureunnana. Lantaran Darmaraja baheula mah lega ti wetan na Gunung Jagat, ti kulon na Gunung Lingga, di kaler na Gunung Mandalasakti, sakalereun nana Gunung Pareugreug. Wewengkon ka sebut mangrupa energi mistik alam semesta nu ngarangkum peta kasuburan bumi Tembong Agung, nyaeta Tembong hartina katenggang, kaciri, ka tenjo. Agung nyaeta adi luhung.
Carita rakyat nu turun-tinurun ngebrehkeun riwayat prabu Guru Aji Putih sabada lenggser ka prabon nyerenkeun kakawasaan ka putrana jujulukna Brata Kusuma atawa disebutna Prabu Tajimalela alias Batara Cakrabuana alias Resi Tungtangbuana. Sanggeus lengser ka prabon, Aji Putih netep di Bagala Asih Panyipuhan pernahna di Cipaku, silibna Pakuning Alam Pakuning Bumi.

Pamageuh bumi, pamageuh alam rasa alam pikir, akal jeung rasa. Ceuk pandangan rahayat sikep tukuh Cipaku nyaeta pamadegan hakeki, beureum tetep beureum, bodas tetep bodas, hideung tetep hideung, ulah ngadek saclekna, nigas saclakna ajeg dina kapribadian. Kapribadian suri teladan karuhun diebrehkeun dina carita nu ngagambarkeun kateguhan jeung kaarifan Prabu Adji Putih dina jero nyanghareupan parobahan-parobahan jaman.
Waktu Aji Putih nyepen di Kamandalaan Cipeueut, ngadangu sora tanpa katinggal. "Hiji waktu jalan kaarifan baris molongpong ti panto Mekah nepi ka pulo Tutung. Jelema arantay-antayan nareangan kaarifan, tapi teu nyaho nu disebut Arif. Pesek eusina ieu ti kawula". Ti saprak harita Aji Putih beurang peuting heuleut isuk, heuleut sore guntreng jeung dirina panasaran ngabuktikeun wangsit ghoib nu pinuh ku rasa panasaran.
Aji Putih jeung garwana ninggalkeun Bagala Asih Panyipuhan, angkat ngajugjug basisir tujuanana daratan Teluk Persia taya lian Negeri Mekah maksudna rek nyakinkeun wangsit karuhunna. Ceuk sakaol Aji Putih katut garwana meuntas lautan ti palabuhan Cirebon ka tempat nu dimaksud, ku sabab baheula oge eta Cirebon geus jadi tempat perdagangan palabuhan ti nagari-nagari China, Arab jeung nagari sejenna.

Di teluk Persia tepung jeung Sayyidina Ali bin Abi Thalib, tina silaturahmi ngantengkeun hubungan panjang akhirna Aji Putih ngagem agama islam sarta jadi muridna. Di Negeri Mekah diwirid elmu sareat, hakekat, tarekat jeung marifat. Sapopoena tara leupas tinu tasbeh, kakara sadar nu disebut bentang kerti teh buktina tasbeh. Pikeun nyampurnakeun Islamna, Prabu Aji Putih munggah haji geugeular na Haji Purwa Darmaraja, nyaeta Haji anu pangheulana ngabogaan gelar Haji di Karaton Darmaraja.
Sanggeus kitu mah lunta asruk-asrukan bari ngadeug-ngadeugkeun tempat Cai wudlu jang susuci tujuh Muhara, nyaeta Cikajayaan, Cikahuripan, Cilemahtamba, Cikawedukan, Cikatimbulan, Cimaraja jeung Cisudajaya.
Sabada ngadeugkeun tempat-tempat susuci atawa tempat-tempat wudlu, netep di padepokan Cipeueut nuluykeun tapak lacak Sanghyang Resi Agung. Ti harita Cipeueut diganti ngaranna jadi Cipaku. Padepokan Cipeueut pada ngadeudeug ku jalma-jalma nu ngahaja nyuprih elmu pangaweruh. Para cantrikna diwanoh kana bag-bagan Islam, ngaliwatan falsifah sastra haksara kalayan disusupkeun dina pirang-pirang tradisi budaya.
Nu di sebut Sanghyang Widi teh pangeran Murbeng Alam, teges na Allah. leuwih ti heula kudu Marifat. "Sir Budi cipta Rasa, Sir Raga papan Rasa, dzat marifat wujud kula maring Allah, maring malaikat, maring khodan karomah suci, maring ingsun sajerning urip, lailaha Illallah muhammadurrosullullah" (elmu Kacipakuan). Ti harita murid-murid mimiti wanoh kana ajaran Islam, tapi pada nyarebutna Agama Suci.
Dina hiiji waktu, Prabu Aji Putih ngebrehkeun bag-bagan munggah haji, lisanna : "Maraneh teu kudu munggah haji, lamun tatangga maraneh tataranjang walurat ku sandang pangan, tatangga ting darenggek keneh lantaran murilit peujitna werat ku kadaharan, saheulaan di wakilan ku kaula, lamun maraneh can kawasa di jalanna, maraneh cukup jadi haji batin na hungkul". Maksud prabu Aji Putih sabenerna alus keur jaman harita tangtuna, kitu deui ulah geus jadi haji tapi teu jadi haji nu hakiki, tapi teu kabeh murid na ngarti, malah sawareh salah ngalarapkeunana, nepi ka antukna timbul pacaduan, ceunah urang Cipaku teu meunang munggah haji, balukarna salah ngalarapkeun pituduh guruna.
Aji Putih mertelakeun sahadat ka murid-muridna, nu disebut sahadat ikrar jangji kuring jeung kurungna, jangji manusa ka Gustina, jangji manusa ka rosulna. Lamun Sahadat geus ngancik dina dirina imanna moal unggut kalinduan gedag kaanginan, teguh kana kayakinan jeung kapribadianna. Salian aranjeun jangji ka diri sorangan, jangji ka Gusti, jeung jangji ka rosul, kudu jangji ka karuhun anjeun, sabab karuhun roh nu ngabuuhan, tegesna jalma nu tiheula hirup di dunya, nu ngawariskeun elmu pangaweruh jeung harta benda. Moal aya nu ayeuna lamun euweuh nu tiheula, ayeuna lain baheula, baheula lain ayeuna tapi nu ayeuna teh karana nu baheula.
Pikeun ngentelan hate murid-muridna sangkan nyaah kana sarakannana, dikeliran ku sahadat Cipaku, unina :

"Sang kuncung Batara Wenang, Sanika ku Allooh, langit ngait jagat rapak, tarima badan kaula sirna Adam, Hu Allooh, Hu Allooh, La ilaha Illallooh".
Hartina Sang teh hiji, kuncung buuk dina embun-embunan ngacung ka luhur, Batara Wenang hartina Maha Pinter, sari sanika tegesna pangersana, langit kawas dikaitkeun jagat kawas diamparkeun, tumampa yen kaula hirup sanggeus adam mulang ka alam langgeng. Allooh Maha Agung, teu aya deui nu wajib disembah lintang ti Allooh, Muhamad Rosul Alloh.
Salian ti eta, Prabu Adji Putih ngajarkeun cara-cara meredih pitulung Gusti, ngagunakeun Sasmita Alif. Tegesna Alif dijabar jadi (a) hartina Akal, Alif dijeer jadi (i) hartina iman, Alif dipees jadi (u) tegesna upaya.
Meredih pitulung ti Gusti kudu make akal, usaha jeung iman. Akalna sagudang, binekas, usaha ti sukruk ti dungdung hulu dijieun suku, suku dijieun hulu ngabelaan kahayang, tapi lamun teu dibarengan ku iman, rea jalma nu ngaruksak kakayaan nagara, ngarampas atawa maling hak deungeun-deungeun. Pon kitu deui iman hade, usaha getol, tapi akalna teu metu (dipake), rea jalma anu katipu dirina jeung ku baturna sorangan. Sabalikna iman kuat, akalna onjoy, tapi kedul usaha kacuali boga simpenan harta tuturunan, rea jalma nyatur tampa bukur, teu bisa ngala kifayah, tungtungna ngadago pamere deungeun-deungeun.
Falsifah Alif disilibkeun dina tetengger Hiji Kuburan anu geus aya ti jaman sunda baheula keneh, pikeun urang Cipaku lamun maot tutunggul kuburan kudu Hiji, tegesna Simbul Alif nuduhkeun yen Gusti Allooh teh Maha Tunggal teu aya duana, kayakinan kudu panceg napak dina kapribadian, kukuh pengkuh teu ungut kalindunan teu gedag kaanginan, napak dina kapribadian nu hakiki.
Pituduh guruna nambahan kayakinan jeung pangaweruh agama, sarta jadi ugeran hirup sapopoe. Arinyana ngarasa hanjakal, sabab anjeunna kaburu nyampurnakeun elmuna di Cipeueut, sumerah ka Gustina ngadago titis tulis mulang ka alam kalanggengan.
Salajengna aos : Sumedanglarang Mangsa Taun 721-778 M
----------------------------------------
Sumber :
- Rucatan Budaya Darmaraja.
- Rucatan Cipancar Sumedang Selatan.

Post a Comment