Pasulukan Medang Kamulyaan 1

Bismillahir rohman nirrohim..

Astaghfirullah hal 'azim al lazi laa ilaha illa huwal hayyul qayyum wa atubu ilaih...

astaghfirullah hal 'azim al lazi laa ilaha illa huwal hayyul qayyum wa atubu ilaih...

astaghfirullah hal 'azim al lazi laa ilaha illa huwal hayyul qayyum wa atubu ilaih...

Mugia Gusti Ngahampura ka simkuring, sinareng ngariksa tina bahla teu janten jalma buhala disinglar tina paila, sareng pamugi diganjar, dipaparin sifat shobar, heunteu janten jalma bingung, meunang pituduh anu linglung, pamugi heunteu kapahung kilangbara bisa nanjung...

Pun sampun ka paralun, seja amit ampun ka Gusti seja nunuhun, pangapunten nu kasuhun.

Kaluhur kanu Agung, Gusti nu Mulya nu maha luhung, anu wajib dipunjung nu maparin pitulung.

Kahandap mah ka turunan, anak incu jeung rundayan, nu hirup antay-antayan ti jaman ka jaman.

Ka gigir ka para wargi, ka pameget reujeung istri, anu sami-sami ngabdi ka Gusti Maha Abadi.

Kapayun ka Kangjeng Rosul, Muhammad Nabi nu punjul, ka para wali nu makbul, ka ulama anu jumhur,

ka karuhun Sumedanglarang nu berbudi, anu parantos pada lestari nu parantos marulih ka sajatiannana.

Ka tukang nu teu kaalaman. Carita anu kaliwat, anu poho teu kaserat, mugi janten madarat...


Nabi Muhammad SAW teh Sajatina, Al Amin eta titelna, teges anu pangbenerna, Roh nu Suci diurangna.

Nu aya di badan urang, tara ngabohong tara curang, Latifah nami nu terang, nyengcelak dina Sir anu herang..

Rosul teh Sajatina, rasa manusa sampurna nu eling sapapanjangna, ka Dzat, Sifat jeung a'falNA.

Kapan dinu hadits Qudsi, dawuhan nu Maha Suci, dalilna Al Insanu Sirri, wa ana sirruhu deui.

Rasa manusa sajati, eta yakin rasa Gusti, pek emut masing nastiti, raoskeun dinu Ati.

Simkuring Lahaola, mung ukur Darma ngawula, malih darma kababawa, teu gaduh daya upaya.

Di dunya loba kasusah, diakherat langkung sesah, dihisap sagala lampah, disiksa upami salah.

Catet dina jero hate, laku lampah unggal poe antara nu goreng jeung hade, mana anu leuwih gede.

Lamun gede nu gorengna, gancang tobat ka Gusti, lamun loba nu hadena, sing bisa syukurannana.

Katilu syahna sahadat, netepkeun Dzat sareng Sifat, Asma, A'fal ulah leupat, kudu Jatining Hayat...

Hu Dzatullah, Hu Asmatullah, Hu Sifatullah, Hu A'falullah,  HU Sirrullah, Allah HU...Allah HU...Allah HU.

Jatining hirup abadi, nu disebut pribadi, nu netes katilu rupi, pangucap, lampah, tekad ati.

Nu Dua puluh sifatNA, Wajibna tetep wajibkeun, mohalna tetep mohalkeun, omat ulah dicampurkeun.

Netepkeun sing saeunyana, kahade noda AsmaNA, kahade cacaf Af'alNA. Kahade batal SifatNA.

Usik malik jeung RidhoNA, ucap lampah jeung WidiNA, tekad dina PangersaNA, jauhan sifat mohalna.

Mun ngarasa LAHAOLA, hirup ngan saukur darma, ngan saukur kababawa, sing sarua jeung nu mawa.

Dina rupa-rupa lampah, sing tetep karana Allah, tapi lamun lampah salah, pisah jeung Dzat Sifat Allah.

Kapan Allah Rohman sareng Rohim, kade anjeun ulah dholim. Allah ahli pangampura, kade anjeun ulah beda.

Allah sifat Nu maha Suci, kade kotor dinu Ati. Allah nu sifat berehan. Kade anjeun rek meditan.

Kade butuh ku pamuji, da pamuji kagungan Gusti. Gusti nu mere Budi, jeung mere gerakna Ati.

Mun Anjeun geus tetep taat, tangtu pareng sareng Rohmat, anu akrab jeung Dzat-Sifat, akrab jeung nu boga Rohmat.

Mun Dzat~Sifat!~Asma~Ap'al dimustahilkeun mah batal, ku Rohmat tangtu ditinggal, ngaranna jadi manusa gagal.

Syapaat anu dipenta, mun urang tetep ngawula. Dina ngaabdikeun diri, sual Hablum minallohi, kudu yakin dina Ati, nurut parentah Illahi.

Oge hablum minannasi, ulah beda ti KAMI, sing nyaahan ka sasami, gede pangampura deui.

Lamun kitu eta lampah, syafa'at geus moal salah. Beurang peuting moal pisah ti jalma nu hade lampah.

Sakitu syahna syahadat, tanggung jawab anu kuat, teu batal tekad jeung ucap, teu noda Af'al - Dzat.

Kaopat sual siksaan, atawa sual ganjaran, eta nu jadi lantaran, kabeh tina kalakuan.

Nya kitu deui ganjaran, Allah moal maparinan, moal wawareahan, sanajan kanu teu iman.

Ganjaran reujeung siksaan, asal tina kalakuan, lamun nyieun kagorengan tangtu panggih jeung siksaan.

Lamun nyieun kahadean jeung bari tetep nyumponan, kana dalil Quran, tangtu panggih ganjaran.

Kapan sidik duanana, eta urang nu nyieunna. Allah ngayakeun bahanna, jeung mere alat kontrolna.

Misil sakabeh manusa, dina hade jeung gorengna, dina bener jeung salahna, ati nu jadi saksina.

Jeung Ati tetep nu ngakuna, ngabejaan ka manehna, ka jalma nu milampah, boh salahna boh benerna.

Tah nu hirup dinu Ati, nu bakal nangtukeun pasti, salah benerna pribadi, boh naraka boh sawarga.

============
Pasulukan Medang Kamulyaan

Baca Juga :

Tidak ada komentar