Sampuransun baraya....
Saha Kaum Ahnaf teh jeung naon ketakna? Kaum Ahnaf teh sesebutan keur jalma-jalma jamanbaheula di Mekah nu nuluykeun ajaran Sang Hanif Halilullah Ibrahim as. Ceuk cenah (tina sajarah) ieu jalma-jalma nu harita kaasup kaum minoritas di Mekah teh sok resep nyingkurkeun maneh ka gunung-gunung, ka guha-guha, ka tegal-tegal keusik jeung ka tempat-tempat lain nu jauh ti jalma rea (masarakat Mekah jaman jahiliyyah harita) pikeun neangan‘tuduh/caang/enlighting/pencerahan’ ti nu Murbeng alam, di sunda mah sok disebut tatapa atawa nyepi.
Sang al Amin Sayyidina Muhammad kakocapkeun nuju anom keneh sateuacan janten Nabi mangrupikeun salah sawios diantawis kaum Ahnaf, mantenna sok resep nyingkur khalwat di guha Hira nu aya di luhur gunung. Malih saatos janten kaNabianana ge, ieu hataman nabiyyin teh disebatkeun ku Allah dina Qur’an leres leres Millatu Ibrahim (kaum Ahnaf).
Harita jaman kaum Ahnaf ieu kasebut, tanah Mekah jeung Arab umumna disebut aya dina jaman jahilliyah (poek). Kajahiliyahan ieu seuweu Semit (turunan putra Kahiji Nuh as) teh lain pedah masih frimitif tapi malah ekonomi jeung budayana kasebut maju tur geus ‘kompleks’. Mekah ngarupakeun puser agama/ekonomi keur urang Arab. Sabab Kahiji, ngarupakeun tempat ayana Ka’bah sesa-sesa ajaran tauhid Ibrahim as nu diaku ku Yahudi jeung Nasrani. Ka dua, di Mekah aya Hajar Aswad (batu hideung) nu jadi pusat ibadah batu bangsa Arab Pagan, jeung umumna seuweu siwi Semit, nu percaya yen guha-guha atawa batu-batu dianggap suci jeung boga kakuatan atawa barakah, Sayidina Muhammad ge cenah sok kersa nyiuman batu hideung eta. Sanajan kitu, ieu bangsa Quraish harita dikepung ku pangaruh bangsa-bangsa Ajam non-Arab sabudeureunna nu leuwih maju/modern boh agama (Yahudi, Nasrani) boh budaya/politikna (Romawi ti kulon jeung Persia ti wetan).
Di Jaman Jahilliyyah (poek) euweuh cahara ieu, (1) tatar Arab nu subur kayaning Yaman dikawasa ku bangsa deungeun (Persia); (2) Budaya anyar nu asup ka jazirah Arab ngarupakeun budaya individualisme nu ngarusak tradisi komunal. (3) Urang Mekah leuwih agul ka nu aya di deungeun-deungeun; loba saudagar/urang Mekah nu geus ulin ka luar nagri kayaning ka Thaif, Suriah jeung Irak sok leuwih muji bangsa deungeun; dina baralikna teh sok agul nyararitakeun dongeng-dongeng aheng ngeunaan leuwih majuna adab bangsa deungeun ti bangsana sorangan. (4) Muru’ah atawa aturan nu geus heubeul di Mekah aya jadi teu saluyu deui jeung kabutuh jeung kahayang maranehna, bari pacengkadan antara maranehna terus terusan aya (Perang antar suku). (5) Urang Arab jeung sabangsa seuweuna loba teu alakur, nu dina seuh-seuhanana marentingkeun/ngaheulakeun dulur jeung baladna sorangan (kasukuan). (6) Dulur bangsana loba nu jadi budak ku bangsana keneh, ari Semah (pendatang, yahudi) meunang tempat nu leuwih ngeunah/mulya (tingal di Yathrib memeh Sayidina Muhammad sumping). (7) Sasama bangsa sering rebutan cai jeung tempat cicing di sagara keusik, jsb nu Hal kitu teh bari (8) ditambah-tambah ku mahabuna pamusyrikan dina kayakinan tur payakinan masarakatna.
Untungna kaayaan Jahiliyyah di Mekah kasuaikeun ku hasil padamelan salah saurang kaum Ahnaf nu jenengan Muhammad. Tina hasil sering nyingkurkeun maneh tatapa/nyepi di guha, Sang Al Amin Muhammad saw hiji waktos kasinugrahan, kapasihan tuduh disarengan kamampuh pikeun ngomean akhlak umat ningkatkeun dangiang Nagri. Hasilna geus pada terang sadunya yen dina waktu ngan 23 taun eta hasil tatapa di mandala Hira teh hasil ditapakeun di masarakatna (tapa dinagara). Ku kitu teh ngajadikeun jalma-jalma jaratnika bangsa-bangsa ajam didunya kaasup di sunda kabitaeun, anut nurut nuturkeun hasil tina tatapa Sang Mursalin (agama Islam) di mandala hira, bari oge nyebarkeun agemanna ka seler bangsana, atuh dangiang Sang rahmatan lil alamin langkung-langkung kawangikeun ampir ka sakuliah dunya tug dugi ka ayeuna.
Ari nu lain osok migawe tapa kawas kaum Ahnaf?
Tatapa nyingkurkeun maneh dipilampah ku loba-loba jalma utama
Kabiasaan tatapa Sayidina Muhammad ieu saenyana lain kabiasaan kaum Ahnaf mekah mungkul, Sateuacan jeung saatos Muhammad, sakabeh nabi-nabi bangsa Semit seuweu Isra-El (yaqub) ge maridamel tatapa nyingkurkeun maneh ti jalma rea dina sawatara waktu (Bible), diantarana nu di dongengkeun rada loba dina qur’an nya ngeunaan, Khidir as, Sang Kalamulah Musa as, Zakaria as miwah Sang Rukhullah Isa as. Dedengkot Bangsa-bangsa dibeulahan dunya nu lain ge sarua maridamel tapa nyingkurkeun maneh, sebut wae nu diantara nu katuliskeun nyaeta Sang Sidarta Gautama, Sri Krishna Sang Kesawa, Sri Rama Wijaya tedak Ayodya, Harjuna seuweu Kuru, para wali boh nu di arab boh nu di jawa malah kongas Sultonul auliya Abdul Qadir ti Zaelan mah nyingkurkeun maneh na ge 25 warsih di tegal keusik Irak. Malah Suharto ge cenah tatapa heula nyepi dinu nyingkur di ‘pertemuan’ dua leuwi memeh jeneng janten Presiden RI panglamina.
Di sunda khususna, ratusan tahun saatos Sayidina Muhammad saw midamel tatapa di gua Hira, kabiasaan mantena the oge ditaluturkeun kayaning arindit ka kabuyutan sabaraha waktu, numpi di guha anu, di leuwi anu, digunung anu balik balik lamun geus waktuna. Sebut wae diantara nu katuliskeun Prabu Kean Santang Sang Hyang Lumajang di gunung lumajang sareng di timbanganten, Pangeran Walangsungsang Sang Bayanullah di gunung Merapi, jeung Syech Abdul Muhyi nu mokteng ing Pamijahan di guha safarwadi, jeung Dalem Wiratanu teureuh Wangsagoparana di leuwi kihiang. Kabiasaan kitu ditarurutan the diantarana sabab saencan Islam diagem ku urang sunda kabiasaan tatapa mah geus lumbrah, matak aya istilah tapa di mandala (Siksakandang ing karesian). Malah di jaman Pajajaran ieu tempat-tempat tapa the dijaga di auban ku Raja/pamarentah kawas katingali dina sababaraha prasasti.
Ngan kadieunakeun, kabiasaan tatapa ka tempat nu nyingkur the geus beuki ngurangan malah ampir kadenge ‘Aheng’ , teu dipikaresep jeung kapoyok ku kalolobaan urang sunda komo lamun di adu renyomkeun jeung urusan sareat. Loba nu nganggap pagawean teu luyu jeung sareat agama.
Sanajan kitu, saenyana mah dina sareat agama Islam kabiasaan tatapa ieu aya ngan istilahna nu kongas kasebut I’TIKAF, pan dina harti kecapna ge I’tikaf teh cicing ngurung maneh di hiji tempat. Itikaf dipigawe ku cara meresihan jeung nyucikeun hate tina sagala urusan dunya madep ka Allah swt. Mopohokeun urusan dunya, batur, dulur jeung saniskara supaya tinggal nu aya teh Allah swt jeung manehna pribadi (khalwat).
Ngan dina sapopoena Itikaf jadi boga harti nu leuwih heureut nyatana cicing ibadah di jero masjid. Malah kecapna ge jadi langsung ngantet ‘itikaf di masjid’ wae, jeung kalolobaana dipigawe jeung dipadungdengkeun da lamun bulan Puasa. Kitu deui, dongeng itikaf nu sering katepikeun teh ngan ngeunaan conto Kangjeng Nabi nu sok itikaf di masjid di panungtungan ramadan, nu kitu dianggap sunat sabab cenah ceuk hadis, ieu Rasul teh sok midamel malah miwarang ka umatna (HR. Mutafaq ‘alaih). Ditempat lain mah kayaning nurutan tatapa Sang Al Amin di guha/atawa nu nyingkur tara dihusuhkeun jeung geus dianggap teu perlu atawa diulahkeun, malah loba nu megat ku omongan nu nyakompet daunkeun jeung istilah munjung/muja muhit ka werejit lamun numpi di nu nyingkur.
Naha perlu kitu tapa di nu singkur di jaman ayeuna? naha aya keneh tempat singkur dijaman ayeuna? Kumaha carana kamana madepna? Naon jampena? Naon pacambalanana? naon gunana? Naha perlu kitu tapa di nu singkur di jaman ayeuna ??
Nyingkurkeun maneh sawatara waktu saperti nu dipigawe ku kaum Ahnaf jeung sajumlah jalma-jalma utama didunya saperti nu katulis diluhur (tapa di mandala) dipigawe dina upaya mitembeyan keur neangan ‘caang/tuduh/enlighting/hidayah’ bekel aranjeuna pikeun babakti di masarakatna (tapa dinagara).
Kajadian nu kaalaman harita ku jalma-jalma rea tiap jaman dimana eta jalma-jalma utama jumeneng mangrupakeun kaayaan ‘problematik’, jaman poek, jaman jahilliyah, jaman barodo (dina harti sok pinter tapi kabalinger – sok ngaenya-enya nu lain ngalain-lain nu enya), jaman bangsana loba jadi kekesed dina sagala widang, jaman teu adil, jaman durgala, jaman kedeseh. (ari nagri sunda jeung pangeusina keur jaman naon ayeuna?)
Contona bae:
(1) Jaman Sri Krishna, nagara dikawasa deungeun/kangsa dewa bari dulur-dulur/kolot Narayana aya dina berokan agresor. Nya lolos ka leuweung nyingkurkeun maneh kumereb ka Wisnu rabbul alamin. hiji waktu balik deui ngelehkeun Kangsa bari boga lopian, kongas wijaksana jadi panasehat pandawa dina perang wangsa Bharata jeung gaduh dangiang kesawa.
(2) Jaman pangeran Sidharta, di jero istana subur makmur, ari diluar masrakat loba nu susah, kareuna panyakit, perang jeung rupa-rupa ka teungeunahan jeung kateuadilan padahal pandita balatak, pangeran loba, nagara jeneng. Lami nyingkurkeun maneh ujlah jeung sajatining jati nu billa haefin billa makanin, matakna kenging Ar-Rasyid kawijaksanaan Budhi. Tos kitu mah bekel kawijaksanan eta dianggo ngomean nagara tur masarakat sadunya.
(3) Jaman Musa, kumereb di nagara janten pangeran anom suka senang suka betah, lami-lami apal bangsana di kawasa bapa angkat, selerna di paraehan lalakina diarantep awewena, oge kantos dhalim maehan batur/kalepatan. Teras kabur numpi di dedengkot kan’an Syuaeb as. Teras nyingkur ka lengkob Thuwa, ditambih nyingkur ka Thursina ujlah sareng yahweh. Nya hasilna dianggo ngabebaskeun bangsana kasinugrahan janten Kalamna Yahweh.
Di sunda, diantarana:
(4) Kongas Sang Hyang dharmasiksa, memeh janten Raja Sunda. anjeuna nyingkur ujlah sareng nu Galuhna Agung ngagalunggung di kabuyutan Galunggung. Hasilna tiasa ngadamel patikrama Siksakandang ing karesian, teras weh nembe ka peto jadi Raja Sunda (mugi-mugi nyambung sareng seratan Tapana Kang Oman, Asalamualaika..sun!). Kongas diantarana nya anjeuna nu mutus supata turun manurun empu Gandring keur raja jawa dina kerisna, sabab ditelasan Ken Arok, nya ngadeg Majapahit. Wewejangna kaanggo ku sakabeh raja-raja di tatar sunda malah jadi cikal bakal ngahijina nagara sanusantara nu ditaratas ku putuna kuanjeun Rakyan Wijaya.
(5) Pangeran Walangsungsang, nyingkur ka Marapi sabab benten kayakinan ngeunaan ageman. Lami-lami ieu Sri Cakrabuana wong agung cirebon teh kenging tuduh kangge naratas ngabedah jati purwa cukup ku golok cabang nu aya tulisan sahadat, nya jadi cikal bakal nagara islam di tatar sunda.
(6) Oge tengetan kumaha wedalan Galuh Tajimalela ngabedah sumedang; tingali Wiratanu ngabedah Cianjur; kumaha ketak Sutawijaya ti mataram, akina Sultan Agung nu ngajadikeun sunda patalukan, di basisir laut kidul; jeung loba-loba deui loba-loba deui nu teu alus didongengkeun kabeh sabab kitu keneh-kitu keneh polana.
Eta kabeh conto di luhur ngarupakeun pagawean ‘inovator’, pelopor’, ‘inventor’, ‘pembebas’, tuturus, gunung pananggeuhan jalma rea nu harita barutuh tulung.
Naha bet karitu heula?
Sakali deui eta para inovator, pelopor, inventor, pembebas, tuturus, gunung pananggeuhan jalma rea diluhur, saencan migawe tapa di nagara/di jalma loba teh nyingkur heula. Saenggeus hasil karek turun deui /asup deui/balik deui bari make eta hasil keur ngomean jalma bangsana.
Nyatana nyingkurkeun maneh teh, bisa jadi,
Hiji upaya pikeun ngaleupaskeun maneh (heula) tina pangaruh nu geus aya di lingkungan alam masarakat jeung saniskara nu biasa aya. Lamun geus aya di luar sistem biasana leuwih gampang, eces, ningali naon-naon alus/gorengna kajadian di jero sistem, leuwih gampang mikiran sabab teu kagugulung ku sistem/pola pikir nu aya sapopoe.
Atawa,….
Kujalan ninggalkeun (heula) tina pangaruh nu sapopoe aya, bisa leuwih khusu mikiran hiji hal sabab nyingkur teu rea kaganggu.
Atawa,…
Kujalan ngaleupaskeun maneh (heula) tinu pangaruh nu geus aya/diluar sistem paling henteu jadi boga tilikan nu beda, nu lamun bari kapasihan hidayah ti nu murbeng alam mah nya jadi boga ‘sulthonal nashira’ nu leuwih bener jeung enya, leuwih kapake ku jalma rea, ngomean dunya nanjeurkeun dangiang jaman.
Atawa,….
Kujalan ninggalkeun heula pangaruh nu sapopoe aya dinu nyingkur, uteuk jeung jiwa na teu kabeungbeuratan terus, memory bisa cukup deui teu beurat lir ibarat di ‘restart’. Ahirna jadi teu pakujut pikeun narima/pagawean urusan lain.
Memeh leuwih jero neuleuman cara nyingkurkeun maneh kaum ahnaf ieu, kayaning kamana madep jeung naon bae pacambalana, urang tengetan heula conto-conto leutikna:
Saenyana kabiasaan nyingkurkeun maneh ti ‘jalma rea/pikiran jamak’ nu jadi ’masyarakatna/lingkunganana’ dina sawatara waktu teh mangrupakeun hiji kabutuh jeung kabiasaan jalma modern dina kahirupan sapopoe.
(1) Sakabeh jalma ayeuna aya dina rutinitas pagawean sapopoe. Supaya bisa terus kuat jeung sehat teh dibere waktu libur ninggalkeun pagaweanana. Poe libur ‘kaluar/nyingkur’ ti ‘masyarakatna/pagaweanana’ supaya bisa ‘rest’ jeung ‘refresh’, nu ku kitu teh lamun bener migawena kakuatan tur kasehatan jeung sumanget na ningkat atawa paling henteu timbul deui. Nu teu bener ‘nyingkurna’ tina ‘suasana pagawean’ dina poe sabtu/mingu, senenna sok masih cararape haroream gawe kongas aya omongan “I hate Monday”.
(2) Ayeuna, keur urang kantor loba program ‘outbond’. Ieu dilakukeun pikeun diantarana ningkatkeun gawe bareng, refreshing jeung ngalatih kaahlian mutus pasualana dina waktu nu samporet. Outbond ieu nyaeta tea ninggalkeun rutinitasna biasa di kantor sawatara waktu nyungsi ka tempat lain nu beda kayaning pileuweungan/pagunungan. Lamun bener program jeung ngiluanana dina balikna teh kabukti aya hasilna ningkatkeun kamampuh pagawe di lingkungan tempat gawena engke.
(3) Dilingkungan kampus, di luar nagri para lecturers sok dibere waktu ninggalkeun ‘kampusna’ (masarakatna)/’sabbatical live’ sawatara waktu. Supaya dina balikna deui teh aya karyana nu bisa ‘publish’ sabab lamun henteu diputus ‘perish’. Kitu teh sabab kapanggih kunu palinter yen dimana dibere waktu sabbatical ti lingkungan rutinitasna kamampuh ‘inner’na bisa ‘optimal’ jeung leuwih produktif dina ideu timanan terus ngagugulung jeung kagugulung ‘urusan’ di lingkunganana.
Tapi naon bedana cara nyingkurna “Kaum Ahnaf” ??
Cag ah baraya Urang teraskeun upami pareng.
Tidak ada komentar
Posting Komentar