Carita Ngahiyangna Pajajaran - 9
Kapalang urang lajeung batur. Urang mah, urang témpo Raja urang. Nu keur perang dibantu ku Ki Santang. Perang nyana rosa jasa. Datang ka tégalan sakitu légana, jadi heurin ku nu keur perang....Ting dorongkok tampal nu reuntas, ting baréok dapuran awi....Tegal lega ngalégaan, beuki lega beuki lega...Engkéna di tegalan tadi perang, ngadeg lémbur. Nu kiwari disébut Tegallega. Ceuk tadi ogéh urang Pajajaran kawalahan. Sabab najan gagah najan sakti.
Ari musuh tambah deui tambah deui mah lila-lia nya kawalahan jasa. Raja urang kasedekeun ka béh kidul, Ki Santang kasedekeun ka béh kidul. Ari Si Léngsér? Inyana mah terus baé saradag sarudug susurudug....Barang nyurudug deui téh kalangsu teuin.....Engeuh-eungeuh inyana tikacubar di Cai Sadani. Pucunghul inyana timbul alagag-euleugeug bari kabesékan. Laju! Gurawil keuna gawir jiga peusing unggah ka pasir. Hanteu kanyahoan... Kadewek. Cokor Si Léngsér sadua-dua ti lebak aya nu néwak. Heu! Si Léngsér aya nu ngabeubeutkeun. Mani nambru jiga mandilaka dalu.
Ceuk nu ngabeubeutkeun sabari nyareungir : "Héhéh! Kapiheulaan nyah!"
Ceuk Si Léngsér : "Heueueueu... Euh!"
Laju inyana éndeuk ngalawan ngalawan bari muranteng, bari muranteng keuna cangkuwang. Tapi ti lébak cokor Si Léngsér duanana dibarédol satakér tanaga. Laju Si Léngsér tétéjéh , satéjéh kadua téjéh. Katilu tékéh mah gubrag baé Si Léngsér ngajolopong. Laju diséséréd! Digusur ka lébak deui. Reg randeg! Sabab Si Léngsér muntang keuna cangkuwang deui. Cangkuwang géh cangkuwang baheula lain cangkuwang jaman kiwari.
Laju pabedol-bedol..... Musuh ngabedol Si Léngsér. Si Léngsér ngabedol cangkéngna. Bedol! Bedol! Bedol pabedol-bedol. Ari nu ripuhna mah nya Si Léngsér baéééé.
Pikir inyana : "Saha manusaaaaa nu ngabedol? Ari rét téh kadeuleu ku inyana dua urang ting caréngir".
Ceuk Si Léngsér : "Geuning si ganggarangan, Si Anom jeung si Anis".
Ceuk Émbah Anom jeung Émbah Anis : "Héhéh. Beunang siah ayeuna mah".
Si Léngsér motah deui. Inyana motah jasa! Tétéjéh sabari muranteng bari muranteng sabari nyerengid.
Ceuk Émbah Anom : "Bedul Nis. urang sundatan".
Ceuk Émbah Anis : "Bedul Nom. Urang sundatan".
Ceuk Si Léngsér : "Moal teurak. Geus liat teuing".
Laju pa bedol-bedol deui..... bedas nu ngabedol, Pageuh nu dibedol... Tapi lajuna mah cangkuwang laju rungkad pégat akarna. Harita ti patuha di tonggoheun Balékambang ku balad urang nu keur jagakadeuleu Si Léngsér keur rorowésan.
Laju di tarulungan. Durudud Si Léngsér digarusur ditarulungan. Dérédéd. Si Léngsér diséséréd, diséréd musuh ka lébak deui, diséséréd ka sisi cai. Durudud! Si Léngsér ku batur-batur digusur ka tonggoh deui, dibawa unggah ka lebah Patuha. Tapi dérédéd Si Léngsér ku musuh-musuh Diséséréd ka lébak deui. Durudud deui. Dérédéd deui. Ka tonggoh deui ka lebak deui datang ka gawir lebah dinya, beuki legok beuki lega....
Ceuk Si Léngsér : "Térus batur térus! Itung-itung ngangaraji jagat. Terus! Abéh kurap dina taktak, abéh hapur dina bujur kabéh béak ka akar-akarna".
Ceuk balad urang di patuha : "Rambati.... rata haaayu! Laju!"
Durudud Si Léngsér digusur ka ruhur!
Ceuk embah Anom jeung embah Anis : "Upih jambé murag ngabeté".
Béréléééééé! Dérédéd Si Léngsér ku Embah Anom jeung Émbah Anis diséréréd deui ditatarik deui ka sisi cai. Barang anggeus ku batur-batur didurudud ka luhur deui. Ku musuh deuk diséréd ka lebak deui.
Ceuk Si Léngsér ka urang Patuha : Ésotkeun batur leupaskeun!
Atuh barang dérédéd téh Embah Anom jeung Embah Anis nararik téh badis mesét jeujeur pegat useupna. Mani tinggulitik jujuralitan. Ting garolong ka lébakeun, paheula-heula jeung Si Léngsér. Lantaran Si Léngsér mah awak inyana lintuh cara kébo buleud keur reuneuh, atuh Si Léngsér mah ngagorolong téh cara berenuk murag di lamping. Karuhan inyana datang pangheulana ka sisi cai. Diséséréd ka sisi cai. Durudud. Si Léngsér ku batur-batur. Digusur ka tonggoh deui Dibawa unggah ka lébah Patuha.
Tapi,Ceuk Si Léngsér ka nu ragag pandeuri : "Warani?"
Ceuk Émbah Anom jeung Émbah Anis : "Ké heula. Ulah wara di tanya. Lalieur kénéh Jeung can éling bener. Puguh ceuk ti heula ogéh, perang baheula mah, hanteu cara perang di jaman kiwari".
Si Léngsér teu tatanya deui. Embah Anis jeung Embah Anom laju dirawu dialungkeun. Ari Émbah Anis? Inyana ragag di bilangan kiwari tanah serepong.
Ari Embah Anom? Ragag di bilangan kiwari tanah kuripan sakaléreun gunung bubut... Béjana mah engké téh jaradi karamat. Ngan digaranti ngaran, lantaran aréraeun éléh perang. Jeung lantaran ngaran Anis jeung Anom mah cara ngaran Jaya jeung Tubagus. Éta mah ngaran arinyana dikeur budak. Apan ari geus jaradi pangkat mah, ngaran arinyana saréjén deui...Ari gawir urut Si Léngsér disérét jeung digusur. Kiwari téh aya kénéh. Lébah dinya disarebut Dérédéd. Anggeus ngabalangkeun musuh nu dua, Si Léngsér laju ngulon ngalér. Karep inyana deuk ngadeuleu beusi aya eukeur ripuh. Beusi aya balad keur kawalahan. Di lebah urut Si Léngsér lengak-longok tempa-tempo engkéna ngadeg lembur anu kiwari ngarana lolongok. Barang Si Léngsér keur telag-telog cara bango ngadodoho bangkong, inyana kadeuleu musuh.
Laju diaruber, dikarepung diarudag-udag. Si Léngsér nyumput. Inyana teuleum dina rawa nu loba bolangan. Engkéna di urut Si Léngsér nyumput ngadeug lembur nu dingarana Rawa Balong. Ti énggon inyana nyumput kadeuleu ku Si Léngsér musuh ngaleut keur naranjak, ngabondong ka tonggoheun. Laju ngarumpul di leubahan anu rata, engkéna di lebahan dinya nadeug lembur nu kiwari disarébutna Bondongan.
Sabab di lébah dinya pisan ngarumpulna musuh nu eundeuk ngarugrung bari naranggoan paréntah mudu taram.
Anggeus mahi batur-batur arinyana musuh laju ngarugrug. Urang Banten beuki galak leuwih béngis, sabab tambah loba nu ngabantu arinyana. Urang wétan leuwih loba, tambah wani tambah galak, sabab tambah loba batur arinyana.
Urang Pajajaran géh tambah... ngan tambahna tambah béak! Sabab hiji ngaganda salikur, salikur ngalawan musuh aya ratusan.... nya karuhan urang Pajajaran geus kalingung.
Musuh tingtarékél keuna kuta...Der perang dijeroeun kuta, di beulahan kiwari aya lembur jero kuta. Kuta béak imah beak, Béak saung jeung kandang-kandangna, béak dirakrak jeung dihuru. Diduruk musuh nu lain tanding dina lobana.
Ceuk urang Pajajaran : "Léngsér, Bapa, Aki. Kumaha...?"
Ceuk Si Léngsér : "Mundur, batur mundur! Urang mundur ngétan ngidul. Laju urang Pajajaran mararundur, nyabrang nyararabrang leuwi Ki Pata Hunan. Ka sabrangeun gintung nu tujuh. Nya amprok jeung Raja urang di tegalan tungtung kidul tonggoheun cai leutik".
Ceuk Raja ka Si Léngsér : "Ripuh mun kieu mah. Boa-boa urang mudu taluk? Karunya ka somah. Teu deuk narima batur ka siksa".
Ceuk Si Léngsér : "Pajajaran mah Gusti cadu keuna taluk, sabab buyut ti karuhun".
Lébahan Si Léngsér nyébutkeun buyut, éngké téh disarebutna Cikabuyutan.
Ceuk Raja : "Dayeuh geus direbut musuh".
Ceuk Si Léngsér : "Najan dayeuh geus karebut, Raja mah teu meunang taluk. Pajajaran téh lega kénéh. Lega kénéh enggon perang. Terus Gusti terus! Najan perang sabari mundur urang mundur téh lain éléh, urang Pajajaran laju mundur...Lain mundur kasedek ku Urang Banten jeung Wétan. Tapi mundur kulantaran hanteu nanding dina loba".
Tah éta gara-garana datang ka engké urang Sunda ti harita datang ka kiwari. Kadéséh deui kadéséh deui, ka sakur anu daratang ngaradon hirup di Tanah Sunda jeung daratangna nu ti Kulon jeung ti Wétan. Da bongan urang Sunda kénéh jeung Sunda kénéh marantuan anu daratang. Sina nyampalan di urutna Pajajaran Tengah, sabab-sababna marantuwan jeung gararantep Sina deungeun-deungeun nyarampalan? Lantaran pada sarieun urang Pajajaran Tengah jaraya deui.
Lantaran pada saririk ka urang Pajajaran Tengah, Anu dina wayah nu bakal datang baris ngaluluguan Bangsa Sunda. Ngajajarkeun anu bener ti nu saralah...Jeung lantaran anu saririkna sarieun kabokér sagala salah sagala teu bener.
Urang caturkeun deui lalakonna urang Pajajaran Tengah terus kadesek. Urang Pajajaran Bogor mémang kadesek. Lain kadesek ku sabab éléh. Tapi éléh dina papastén...Jeung éléhna, éléh sotéh kadunyaan, kapangkatan, kakawasaan salila génép jaman katujuh jalan...Tah salila éta urang Bogor Pajajaran aris dijarieun kékéséd dina balumbang.
Urang kocapkeun deui nu keur marundur.Marundur sabari perang, sabari perang mundur ka girang. Nya anjong ka suku gunung Ka legok anu nyangkéwok.....Di dinya laju rareureuh bari naranggoan kéjo asak diseupan. Tapi hénteu kaburu asak sabab musuh kaburu nyusul.
Plok! Aseupan ditamplokeun kéjona dibawa laju. Blok! Sééngna dibahékeun caina ngocor ka kobak. Tah di lebah dinya engkéna ngadeug lembur anu datang ka kiwari disebutna Ciseupan.
Datang ti kiwari cai dina éta kobakan caina téh haneut baé. Jeung kitu sabab-sabab datang ka kiwari di lébah dinya sok loba cawéné. Ari ngéjo sok tara asak. Lain teu asak teu bisa ngaréréjo. Tapi teu arasakna lantaran ngaréjo téh sok ditaringgalkeun ocon jeung beubeureuh.
Urang susul nu keur marundur. Marundur marundur térus....Nya anjlong ka hiji jurang Nu gawir-gawirna jéro jasa Jéro leuweung kawung wungkul...Laju nyarieun cukang. Tina wakung nu karolot jasa, Tina béngkél parajang tangkal Jeung nyarieun cukang. Tina tatangkalan anu galeuhan...Éngkéna di lébah dinya ngadeug anu datang ka kiwari disébutna Cukang Galeuh. Laju ngararukan...Nyararukang gagancangan Ambéh teu kasusul musuh Laju nyararusup ka hiji leuweung sisi cai lébah nu singkur.
Séja arinyana eudeuk reureuh, Eudeuk nyaréluk para karuhun, Bari nyararambat ka para Déwa, Sing haté keu-eung dipangnegerkeun, Sing diwanikeun haté nu sieun jeung ditangtayunan jéro galungan...Ambéh amun paéh di pangperangan jaga bisa ngilu deui.
Hutang uyah maray uyah, hutang jiwa maray jiwa...Sabab dina marundur, lain urang Bogor Pajajaran kadesek perang, tapi perang téh apanan sabab manadéh. Hanteu purun dipaksa deungeun, Hanteu sudi ganti sémbaheun, Hanteu sudi tukeur pangdeuleu, Hanteu sudi ganti karuhun, Jeung hanteu sudi nurutan adat, Bawa deungeun ti tanah sabrang.
Jeung lain manandeh ka gantina jaman, Tapi manandeh ka jaman mudu nurut baé jadi badéga. Cai leutik lebahan manandehna urang Bogor Pajajaran, engkéna disarebutna Cimanandeh, di dinya engkéna Ngadeug lembur anu sangaran. Laju robah jadi Cimanandé, kiwari jadi Cimandé. Lain tina mandé mapandéan, tapi tina mandé nu manandéh.... Tunda nu manandéh.
Sina naranggoan datang wayah maray hutang. Isukan arek mayar hutang kriditan motor...
Post a Comment