Carita Ngahiyangna Pajajaran - 8


Lajeung!!! baraya

Ayeuna urang téang Si Léngsér. Si Léngsér karuhan sakabéh tukang pantun. Barang balad Banten eureun perangna. Barabag balad Pajajaran nunda perangna. Embah Anis jeung émbah Anom eudeuk areureun nunda perangna. Ngan Si Léngsér anu hanteu.

Ceuk Si Léngsér : "Eundeuk ka marana dia?"

Ceuk Embah Anis : "Deuk neuleu nu dipodaran di dasar leuwi".

Ceuk Embah Anom : "Deuk neuleu nu dibesét di dasar leuwi".

Ceuk Si Léngsér : "Moal kadeuleu. Caina géh kiruh. Ménding géh, urang lajukeun perang urang. Kapalang tingal sajurus deui".

Tapi Embah Anis deuk nojok térus. Embah Anom ogéh deuk nojok térus. Laju ku Si Léngsér! Embah Anis dijenggut jambrongna, Embah Anom dijébak jabrikna. Karuhan mani pating caweuweuw.

Tapina hanteu ngaralawan, sabab harayang lalajo nu perang didasar leuwi. Torolong baé duaan lalumpatan, lalumpat bari darongko, lalumpat bari susulumputan. Lantaran hayang jarongjon lalajona, jeung ulah kapanggih ku Si Léngsér. Nya lalajo téh dibirit leuwi sabrang kulon. 

Caringgoooo baé! dina sisi gawir handapeun kopo. Tunda deui, keun sina caringogo!

Kocapkeun Raja Sunda jeung Ki Santang geus haranjat deui. Laju ngabuburak balad Banten mani ting alacir paburisat jiga rorongo dikébutkeun.

Ceuk Raja ka Ki Santang : "Hadéna Adén kaburu datang".

Ceuk Ki Santang : "Mun teu kaburu?"

Ceuk Raja : "Mantak teuin lalakon panjang. Tah ari geus paralid mah moal bisa calutak deui. Tapi sing aringet, najan arinyana geus éléh dua kali, Rajana mah panasaran kénéh. Tangtu inyana téh hayang kénéh nyilakakeun urang, nyilakakeunana moal ku jalan kasar, tapi ngakalan ku jalan halus".

Béjaan kabéh sanak, kabéh kadang sing ti ayeuna kénéh pipir imah saimahna, beulah kénca nu di tukang, di hareup beulah katuhu marelak tangkal senté pikeun tumbal keuna baraja. Laju marelak deui tangkal cau emas pikeun tamba keuna wisaya, sabab kahareupna musuh téh ngalawanna ku jalan guna wisaya, ku teluh eujeung mudu ku warejit utah getih nyieun édan jadi sasar, gering nangtung ngaganggayong.

Tapi teu mudu sieun! Mun aya nu keuna kitu sambat baé ngaran bapa, celuk baé ngaran dia, laju mandian ku cai ti leuwi Sipatahunan, jeung inuman ku cai ti pancuran tujuh.

Ari jampéna? Sina diajar baé ti Si Léngsér. Tunda deui! Sina diajar jampé teluh ka Si Léngsér.

Kocapkeun deui Si Léngsér di tégalan. Inyana dagdag-digdig sorangan baé, Tulang cangkéng bari téténjrag, Hahaok bari popolotot, ngareuhak bari kekerot, Nantang musuh nu tingaleun kalang.

Kadeuleu ku inyana gawir urug, leuwi bedah balad musuh loba nu paling.

Ngeunah jasa angen Si Léngsér Gadag-gidig inyana ka tengah tegalan, leungeun anu kénca tulak cangkéng nyéréngkébéng. Nu katuhu dikeupatkeun ngagandejang cara deumang eundeuk nganjang, endeuk mogor ka anak mandor.

Rét inyana ka kalér leuweung jati urug saparo mani ngemplong deudeuleuan kadeuleu aya deui ngaraleut, nu areureun di birit leuwi birit leuwi sabrang kulon.

Nu ngaraleut téh laju ngaromong jeung sésana balad Banten. Tah lebah dinya engkéna tah ngadeg hiji lembur nu kiwari disebutna Pabaton. Sabab urut ngumpul jeung badami.

Si Léngsér laju nabeuh bendé. Atuh barang bendé ditabeuh deui téh mani beeejat burarakan. Ari ceuli bendé? Mani ngacleng, ragragna di leubahan nu kiwari jadi lembur nu ngarana Ceuli Bendé. Kadéngé ku Raja urang laju dihaokan

Ceuk Raja : "Nahaeun Léngsér?"

Ceuk Si Léngsér : "Musuh datang deui".

Ceuk Raja : "Sabaraha?"

Ceuk Si Léngsér :  "Nyaho teuing...teu kabilang, ngan ayeuna mah maraké jendol". 

Der perang!Perang deui.Perang! Perang! Perang batur, perang! Leuwih rosa ti perang nu ti heula. Perang jeung musuh nu anyar datang, perang jeung nu maraké jendol. Perang deui jeung sésana balad Banten. Perang, perang!

Urang Pajajaran  dihurup hiji musuh salikur sabab urang Banten dibantu ku balad ti wétan. Lantaran balad musuh nu ti wétan tambah deui tambah deui, nya kawalahan ogéh Raja urang.

Nya kawalahan ogéh Ki Santang, nya kawalahan ogéh Si Léngsér. Burubul musuh ti kidul, surudug Si Léngsér ka kidul. Burubul musuh ti kulon, Surudug Si Léngsér nangkis di kalér. Burubul musuh ti wétan, Surudug Si Léngsér ngamuk di wétan. Urang Pajajaran perangna rosa jasa. Sakabéh ngilu perang, aki-aki ngilu perang, Nini-nini ngilu perang, Karuhan nu ngarora mah.

Nu léléngéh ngilu perang, Nu barujang  ngalawanana galak jasa sabab ku beubeureuh, Mun ku musuh nu sapotong dikeureut sapotong kimpoi téh. Endeuk moal dijadikeun. Perang nu cawéné? Leuwih giras ti cangéhgar sabab arinyana heunteu sudi mudu leungit anu nyémpil dicarokél maké obéng. Perang, batur, perang! Mangkin lila beuki rosa, mangkin tambah balad musuh, beuki kawalahan Pajajaran...

Ceuk Raja ka Si Léngsér : "Mun kieu térus-térusan, matak boa mudu mundur".

Ceuk Si Léngsér : "Éncan wayah! Leuwih hadé urang ganti aturan perangna. Urang maké aturan anyar nya éta akeul dulang kayu samida. Hartina kayu seungit pikeun ngukus. Tegesna amin jaya aya di urang tangtu musuh bakal musna. Tapi amun apes papastén urang paéh géh moal jaradi jurig sabab sukma urang diparenahkeun di kahiyangan. Lantaran paéhna urang gara-gara satuhu ka Sang Rumuhun, Béla-pati ka Nagara".
 
Ceuk Raja : "Kumaha ngaturna?"
 
Ceuk Si Léngsér : "Geura tuturkeun!"

Laju Si Léngsér ka tengah tegalan, burudul musuh ti kidul. Suruntul Si Léngsér ka kalér. Burudul musuh ti kulon, suruntul Si Léngsér ka kidul. Burudul musuh ti kalér, suruntul Si Léngsér ka wétan.

Cindeukna mah perang cara Si Léngsér téh. Datang ka lebur jagat tetempuran ogéh moal deuk aya nu bisa nuri. Sadupak-dupakna matak cilaka! Satubruk-tubrukna matak ripuh! Satéjéh-téjéhna matak bengék! Satincak-tincakna matak bohak! Sarawél-rawélna matak soék! Nya karuhan musuh mani paburisat.

Kumaha amun burubul musuh ti wétan? Suruntul Si Léngsér ka tengah tegalan. amun musuh anggeus parek Si Léngsér laju nonggéng, bari nonggéng nyingsatkeun samping.

Kumaha ari musuh? Arinyana laju baé kasima. Sabab pikir arinyana eta kanjut inyana geus sagedé kiiiitu.... Tada teuin meureun gagandén inyana mah....Nya laju sakabéh anu nareuleu Si Léngsér nonggéng. Pada kalenger!
 
Cindékna perang cara Si Léngsér mah datang ka iraha ogéh moal endeuk aya nu niru. Teu kabilang anu modar, teu kabilang anu rarusak. Nu teu katibuk teu kadupak, teu katéjéh teu kasiku, ripuhna mah sarua baéé.... Malahan arinyana mah paraéh téh leuwih cilaka. Nyaéta  molotot bari sambutut, bari leungeun marencét irung. Sabab Si Léngsér perang téh inyana mah mamawa sigung....

Tunda heula!!! Keun Si Léngsér sina nurutan sigung.

Baca Juga :

Tidak ada komentar