Carita Ngahiyangna Pajajaran - 5
Di ieu Nagara mah Mahmur téh lain ngan dilamun, tapi mahmur nu karasa. Sabab didieu mah Adil téh lain omong anu kosong, tapi adil anu bukti. Jeung adilna lain adil ceuk Raja wungkul. Tapi adil mun sapuk sakabéh somah. Ku kituna Adil mahmur téh di dieu mah, Lain ngaran wungkul catur, lain ngan omong pangbébénjo, lain carita nu sulaya.
Ceuk Ki Santang : "Kumaha di dieu bisa kitu? Kula hayang diajar, teruskeun ka anak incu".
Ceuk Prabu Liman Kencana : "Déngékeun...Di ieu Nagara pagawé téh garetol kabéh, carukup ku pangaweruh, taliti dina pamanggih, laloba ngalaman, jeung jalembar pangabisa. Tapi pangabisa nu nguntungkeun ka somahna. Jaba ti getol sakuduna, ogé teu meunang adigung garedé hulu. Teu meunang punta-pénta ka somah, teu meunang nyusahkeun somah, teu meunang nyingsieunan somah, teu meunang ménta balénan ti somah, teu meunang maké maksa, sumawonna nyingsieunan. Tapi paréntah téh dirupakeun jadi pangajak nu kaharti asup akal, kapikir ku sakabéh somah. Mun pagawé bukti gawé henteu bener atawa ngan nyugihkeun dirina wungkul, harita kénéh ogéh digantung bari disisit. Kumaha pagawé di Nagara dia, Ki Sémah?"
Ceuk Ki Santang : "Di Nagara kula mah euweuh pagawé. Kabéh téh juragan kabéh".
Ceuk Prabu Liman Jaya Kencana : "Karunya temen nu jadi somah. Tapi dengekeun. Di ieu Nagara nu buburuh cukup upahna. Di garawé bari narembang sabab sebeuh saban hakan. Nu tarani laluasa taranina sabab hasil dibuatna, Lain asal ijon ka Nagara. Ku kituna jaba ti béré, ogéh murah hakaneun. Nu daragang teu diajar ku Nagara. Tapi Nagara ngalobakeun pidagangeun, ku kituna jaba ti béré Ogéh murah pidagangeun. Ari pagawé teu mudu sumpah saban pasar, Meunang gawé bari tani, meunang gawé bari dagang. Tapi tani anggeus gawé, tapi dagang anggeus gawé. Ngan, amun tani, amun dagang, teu meunang ngeunah sorangan ku jalan ngahalang-halang usaha somah. Nu kaparcaya ngajalankeun paréntah Nagara, garawéna minang ka bapa. Hartina loba méré tara ménta. Méréna? Nya pangjeujeuh. Méntana? Tara ménta pangabakti. Pangjeujeuhna? Lain ku omong anu kosong, Lain janji nu sulaya. Tapi ku janji anu bukti, ku omong anu témbong. Mun pagawé, rasa inyana ku kawasa, punta-pénta nitah bakti. Baktina ngan pieun inyana. Jeung galak ka sakur nu teu mere. Ki Semah, Ki Semah, moal endeuk Nagara bisa Adil Makmur".
Ceuk Ki Santang : "Heueueueuh. Kula tarima meunang Pajajaran. Tapi bener-bener yeuh, Di ieu Nagara euweuh jagona?"
Ceuk Prabu Lingga Kencana : "Ari jago mah loba. Tapi lain jago dina gelut, jago sotéh dina bener. Amun Ki Semah rajang tarung, Tuh ka ditu! Tapi saeuncana mah teu kudu dia ngajugjug jeuh. Sabab engké ogéh bakal datang mangsana. Ka urang rabul jalema bulé, tah éta pilawaneun dia. Urang tunda deui!"
Nanggoan datangna nu barulé, urang caritakeun baé.
Ki Santang téh laju amitan, angkuhna deuk ngajugjug ka nu jauh. Deuk néangan jelema bulé. Nya anjog ka sisi sagara. Kadeuleu ku inyana laut motah ngadak-ngadak lemah eundeur ruag-rieug.
Tinggeleger hawar-hawar......
Ceuk Ki Santang : "Ééh... Naheun ieu gara-garana? Jeung kunaheun? Ngadak-ngadak hayang mulang?"
Kadeuleu di awang-awang aya méga maju ngidul. Belesat! Ki Santang ngapung ka méga. Karep inyana tumpak méga, tapi dina méga, Aya mipit kudu amit, amun ngala kudu ménta, Amun numpang kudu nyarita.
Ceuk Ki Santang bari ambek : "Ulah sia loba bacot. Dibébékkeun ieu méga ku déwék. Ngésér! Déwék moal numpang cara léntah, tapi ngilu bari mayar. Tah duitna opat kanjut. Kop jeung kanjut-kanjutna. Geuwat déwék anteurkeun ka Pajajaran".
Ceuk tukang méga sabari ised : "Ari mayar mah, séjén deui urusanana. Saényana ceuk aturan. Heunteu meunang mawa tumpangan, sabab ieu téh méga dines. Tapi ku duit mah Kula téh heunteu buyut. Jiga-jigana di lémbur dia mah, Dia téh jawara kedotan".
Ceuk Ki Santang : "Kumaha dia nyaho?"
Ceuk tukang méga :" Tina porongos, sarua jeung porongos tukang éta".
Ceuk Ki Santang : "Tukang naeun?"
Ceuk tukang méga : "Tukang mariksa méga ngaliwat".
Ceuk Ki Santang : "Kituh".
Ceuk tukang méga : "Heu'euh. Tukang méga mah. Loba nu sarawan. Sabab tukang mariksa méga. Morongos sok satang ka témbong gugusi. Mun can dibéré pieun meuli sisig. Tapi ari dia mah ngilu numpang téh Maké mayar. Tanda jawara kédotan. Heunteu cara tukang mariksa mega. Arinyana mah ngilu ongkoh, ménta duit ongkoh, sakalieun teu ménta duit ari turun tara nuhun-nuhun acan. Dasar kunyuk didangdanan, kacida ieu aingna, abong-abong keur kawasa".
Ceuk Ki Santang : "Heu'euh".
Tapi édas bapa loba jasa barayan téh. Seung, sing jongjon diukna. Ulah tukang teuin méga na geus butut. Jeung jamakna amun gujlang-gijleng. Puguh langit ayeuna mah legok-legok jeung jamakna heunteu bisa nyanghunjar sabab ieu téh méga dines paranti néang ma beurang. Ari di kahiyangan ya bidadari deuk ngajuru. Jeung nyekelanana ulah pageuh teuing, bisi ucutan tihang mégana. Jeung ulah sabari égég bisi tiporos, Mégana geus butut.
Tunda heula!
Post a Comment