Ceuk Raja : "Léngsér. NgAING teu mudu nuru. hayuh takol bendé, kumpulkeun sakabéh balad, Urang layanan anu nantang".
Koréjat Si Léngsér ngoréjat barian heuay, Heuayna bari kuliat, Kuliatna sabari peureum, Awahing ku tunduh Koréjat, Torolong...Si Léngsér ngajol ti kolong balé. Karep inyana deuk nabeuh bendé, Lumpatna sabari peureum, awahing ku tunduh. Dar dér dor tarang tidagor, barénjol sagedé jéngkol, baruk pager diteumbrag, béréwék jamangna soék.
Tapi si Léngsér lumpat terus Bongan parénta Raja. Dimudukeun nabeuh bendé Nya lumpat, Lumpat ka saung bendé. Ngan lumpatna sabari peureum Awahing ku tunduh.
Nya karuhan, mimiti anu kadupak, Nini-nini deuk ngisikan, Aki-aki deuk ka cai mani kababayan. Ngadupak deui, saung lisung pipir imah, Baréok... borobot... gubrag. Rubuh saung lisungna.
Heu... Gubrag. Si Léngsér kaurugan saung. Korejat. Torolong Si Léngsér lumpat deui, Lumpatna nyunyuhun hateup, Lain hiji hateup, dua hateup Tapi hateup sasaungeun.
Si Léngsér lumpat, Lumpat lumpat. Lumpatna sabari peureum, nya karuhan ngadupak deui. Mimiti tukang ngurut Balik ngurut nu kalingsir tukang endul, nyuhun tutut deuk ka pasar, tukang tampayan datang.
Ngan kari hiji anu weuteuh buleudna. Nyaéta beuteung tukang tampayan. Ngan dosol....Si Léngsér lumpat terus, lumpatna lumpat dines nu ngajagang, ditarajang nu ngajentul, disurudug anu malang, tangtu diteunggar. Da keur lumpat dines.
Lumpat dines mah séjén deui. Heunteu cara lumpat biasa lumpatna ogé mudu sabari Tanggah da ngarana ge lumpat dines. Ari sabari peureum géh, teu matak nahaeun, Sabari peureum geh meunang asal gagah bari tanggah baé. Jeung teu meunang luak-lieuk komo sumpang-simpang mah. Mun aya nu ngahalangan? Mun aya nu ngagolan? Amun munding? Ancur di tampiling, Amun badak? Bakal ucutan kabeh tulang-tulangna. Amun jelema? Tanggung ngan kari ngaran. Kumaha amun imah? Nya nyoompor ka kolongna.
Tapi, Sanajan lumpat na lumpat dines ogé, Ari sabari peuereum mah, nya heunteu kadeuleu ku si Léngsér. Aya régag ngajagang tengah jalan, laju ngait keuna samping si Léngsér. Reg... Rendeg, samping si Léngsér ngait keuna regang. Tapi lantaran keur lumpat dines Inyana heunteu meunang eureun, Si Léngsér lumpat dines lumpat bari ngabedol samping. Tapi samping ngait pageuh kanu régang. Ari regang? ngait deui keuna rujuk. Nya atuh kajadianana, bolonyon baé si Léngsér lésot tina samping, cara kumang tinggaleun imah. Inyana lumpat terus, lumpatna bobongkokan.
Sabana? kajeun teuing ti tukang mah, asal ulah témbong nu ti hareup baéée....Nya karuhan, ting ceukeukeuk nu nareuleu, ear budak ararempak. Ting cikikik nini-nini, ramé budak pada sorak, nareuleu burut si Léngsér, mani héran cara berenuk. Si Léngsér lumpat terus...Eureun-eureun sotéh inyana narajang tangkal jambé. Mani nileup, lain tangkal jambe nu nilep, tapi... si Léngsér nileupna tilu tilepan. Tapi... héran bolor inyana mah peureum terus. Nya atuh deuk dikumahakeun ari tunduh kénéh mah. Laju inyana rumpu-rumpa, nya aya anu karampa, karampa gugulantungan.
Pikir si Léngsér : "Bende leutik, kajeun leutik géh, asal bendé...laju ditakol".
Aéh aéh ceuk inyana, bet bendé ngabérélé? Ari bray téh mata inyana dibeuntakeun mani ngabuncelik. Pikir si Léngsér bari gigisik Singaing singaing. Lain bendé, geuning kanjut badot ki lebé. Bendé mah euweuh mending géh ku lisung. Laju nitah ngumpulkeun lisung saban lembur tujuh lisung. Si Léngser nihtir, Nihtir. Nihtir. Nihtir teu eureun-eureun, dua poé jeung sapeuting. Eureun-eureun sotéh Geus euweuhan tabeuheun, ancur lisung jadi suluh, ledis kagagandén-gagandénna. Laju inyana culak-cileuk, sugan mitoha inyana aya deukeut....Teunggeuleun...
Ti dinya Si Léngsér ngadeuheus ka Raja, Leumpang na bari nyégégéng. Bujurna songgéng ka kénca, cangkéngna béngkok ka kénca, taktakna déngdék ka kénca, leungeuna kéngkong ka kénca jeung mata téléng ka kénca, urut nihtir beurang peuting.
Ceuk Raja : "Kumaha Léngsér, Bérés?"
Ceuk si Léngsér : "Bérés. Kitulah Lilana satengah bulan mah, disalikur lembur bakal mahal béas".
Ceuk Raja : "Baruk mahal béas?"
Ceuk si Léngsér : "Sabab euweuh nu narutu, Lisungna ledis kabéh dipéke nihtir".
Ceuk Raja : "Ngaing teu nguruskeun béas, Nanya ogéh urusan perang".
Ceuk si Léngsér : "Komo éta mah. Leuwih ti bérés. Saméméh nihtir ogéh Balad geus taratonjolan, hayang paheula-heula perang".
Ceuk Raja: "Hadé ari kitu mah. Urang papag nu deuk ngarugrug. Tapi, teu hadé mun perang di jero dayeuh, sabab montong teuing éléhna, najan di unggulna gé Loba banda kari urutna.
Nyaéta Kaluluh ti waktu tarung, Hadé urang nyabrang, Perang di tegalan anu lega. bari nanggoan pindah alam".
Kocapkeun balad Banten nu ngarugrugna, bari naggoan balad ti wétan. balad Banten ting araleut ngaleutna barian surak. dipapag ku Si Léngsér, dipapag ku balad Si Léngsér. Burubul musuh ti kaler, dipapag ku balad si Léngsér.
Burubul musuh ti kudul eudeuk nyabrang ti pinanggading, eta mah dipapag na ku Ki Radén Bagus Sétra nu di bantu ku Rakéan incu Si Léngsér der perang, perang, batur, perang deui. perang na rosa jasa. Kadeuleu ku Si Léngsér aya nu ngaringkang jangkung kuru, kulit hideung, kawahuan ku Si Léngsér, tina tapak luah dina jubah inyana.
Ceuk pikir Si Léngsér : "tuh inyana si Langkawarah. nu tiheula ngabedol kanjut. tiheula sia maké sorban ayeuna sia maké kopeah beureum jiga petasan kari nyeuneut tapi ngaing moal pangling. der perang".
Si Léngsér jeung nu jangkung kuru perangna rosa jasa, saling cabok, saling takol, saling séréd, saling gégél, saling kadék, saling nyekék, saling rawél nu dibunian. Perang, perang. Perang sakuriling bungking. Ngan Raja urang masih kénéh keur ngawurkeun. Perang, batur, perang. Si Léngsér perang na rosa. Datang ka wayah serangéngé nyorot manceran.
Ceuk nu jangkung hideung : "Ké, eureun heula".
Ceuk Si Léngsér : "Kunaha Dia eureun heula?"
Ceuk nu jangkung hideung : "Ayeuna wayah lohor. Ngaing kudu salat heula".
Ceuk Si Léngsér : "Jor".
Laju nu jangkung hideung téh salat lohor. Ari Si Léngsér? Inyana mah mumuluk heula, Mani béak tilu boboko. Anggeus salat, anggeus mumuluk, der perang deui.
Ceuk nu jangkung hideung : "Wani?"
Ceuk Si Léngsér : "Wani".
Der galungan deui Jiga munding digulung lutung. Perang rada lilaan. Datang ka wayah sarangéngé dengkék ka kulon
Ceuk nu jangkung hideung : "Ke, eureun heula".
Ceuk Si Léngsér : "Ku naha eureun heula?"
Ceuk nu jangkung hideung : "Ayeuna wayah asar. Ngaing kudu salat heula".
Ceuk Si Léngsér : "Jor".
Nu jangkung hideung laju salat asar. Ari Si Léngsér? Inyana mah ngagidig ka sisi susukan Ngawelu, mani tujuh tumpukan. Anggeus nu salat, anggeus nu ngawelu, Laju pahareup–hareup, Pahogor hogor cara kunyuk.
Ceuk nu jangkung hideung : "Wani?"
Ceuk Si Léngsér : "Puguuuuuh".
Nya der perang deui. Perang na leuwih rosa. Saling banting, saling tampiling. Saling gorogod punduk ku haneu. Datang ka wayah saréngéngé eundeuy surup.
Ceuk nu jangkung hideung : "Ké, eureun heula".
Ceuk Si Léngsér : "Eureun deui?"
Ceuk nu jangkung hideung : "Heu’euh... ayeuna geus wayah magrib, Ngaing seuk salat heula".
Ceuk Si Léngsér : "Los. Ongkoh meujeuhna sandékala, Bisi katonjok jurig".
Nu jangkung hideung laju salat. Si Léngsér laju sila tutug, Sila tutug mencétan bitis. Ari silana? Gigireun anu keur salat. Saha nu nyaho perang di jaman baheula? Perang jaman baheula mah teu cara perang jaman kiwari.
Ceuk nu jangkung hideung : "Wani?"
Ceuk Si Léngsér : "Kénéh".
Nya der perang deui. Ngan perangna heunteu lila, Sabab matapoé anggeus surup, Geus teu puguh deudeuleuan.
Ceuk nu jangkung hideung : "Ké eureun heula".
Ceuk Si Léngsér : "Teu deuk. Maenya aya perang eureun-eureunan? Pamali nyong, Mantak panjang teuing lalakon".
Ceuk nu jangkung hideung bari tulak cangkeng : "Najan perang ogéh, ari aturan agama mah, ayeuna geus wayah Isa, ngaing kudu salat".
Ceuk Si Léngsér bari tulak cangkéng : "Sia, perang téh pikeun Agama? déwék ogéh perang teu pikeun Agama".
Ceuk nu jangkung hideung : "Mantakna gé".
Ceuk Si Léngsér bari mandelik : "Salat mah urusan Agama, perang mah urusan Nagara, Perang sia ngan urusan Agama. Tapi perang dewek pikeun Agama jeung Nagara".
Ceuk nu jangkung hideung : "Hadé ngaing teu meunang salat. Tapi perangna mudu eureun heula, Urang tuluykeun isukan baé".
Ceuk Si Léngsér bari tutunjuk : "Ku naha mudu isukan baé?"
Ceuk nu jangkung hideung :" Geus powék jasa. Geus teu kadeuleu".
Ceuk Si Léngsér : "Damaran. Laju nyieun obor".
Ari Si Léngsér mah oborna téh diselapan cabé rawit lobana setengah kanéron. Atuh barang geus disundut téh Nu dieungkung hideung Bolor inyana mani peuriheun Jeung laju kabesekan terus.
Der perang deui, Perangna mawa obor Saling sundut saling puput, Saling sundut keuna kanjut.
Lajuna mah Nu hideung téh kawalahan, Lain kawalahan perangna, tapi kawalahan ku gigisik, kabesékan jeung ngolol lého jeung teu eureun eureun sisidueun. Barang keur kabesékan deui, laju inyana ditubruk ku Si Léngsér, laju di tileupkeun, digulung ku jubah na inyana kénéh. Digubed dijieun buntelan, dipangkékna nya ku tasbé.
Ceuk Si Léngsér bari nyéréngéh : "Hag, siah. montong teuing salat subuh, salat Isa géh. moal sia bisa di Pajajaran".
Laju buntelan dibalangkeun. Tapi lantaran Si Léngsér Geus méh béak tanaga, Nya buntelan téh Murag na heunteu sabaraha jauh. Muragna digunung sinalang kiwari. Ngagulutuk nyangsang di lebak.
Nya jadi sasakala engkéna di suku éta gunung Loba cawéné.
Nu ku bapa arinyana dilakiankeun ka sémah marake jubah. Si Léngsér laju ngingking, Ngagidig ka sisi Sipatahunan. Ngagidik sabari keupat, Keupatna keupat nu gagah, iket campay dina taktak, Cara jawara meunang perkara.
Ceuk Si Léngsér : "Mantah géh, ari urusan Agama dijieun lulugu, pikeun ngurus nagara téh Tah sok kitu jadina cara si hideung tadi. Agama mantak cambal, Engkéna jadi kawalat. Nagara teu matak bérés, engkéna jadi pajeujeut. Urusan Agama jeung urusan Nagara yeu meunang di campur aduk. Hadéna mah diréndéngkeun, Tapi ulah patumpang-tumpang. Mun Nagara geus pajeujeut, ulah Agama dijieun gagaman, pikeun ngabereskeun nu pabeulit. Tapi, mun nu pabeulit haying leungit, nu pajeujeut hayang udar Nu dijieun gagaman téh ulah Agama. Tapi, gagaman anu gedé, takolkeun ka anu arumangkeuh, ari kuring bisa ngaheunteuk Nagara".
Si Léngsér ngagidig terus Ngagidig na gancang teuing. Laju wé inyana tikudéwat keuna areuy …Gabut. Gorolong baé inyana ka landeuhkeun, kalebahan Raja anu keur ngawur.
Tunda heula.
Tidak ada komentar
Posting Komentar