Lajeung!
Gunung urut Si Léngsér nyiar tumbal kiwari aya kénéh. Nyaéta anu kiwari dingaranan Gunung Tumbal. Nararincak ngidul wétan, ngidul ngétan rada ngalér. Arunggah deui ka hiji gunung, Si Léngsér unggah pangheulana, seja inyana deuk neuleu ka mana jalan piwalujaeun bari teu herit, sorangeun jaga Bangsa Sunda.
Salila jaman Sunda pahili deuleu, hanteu ragam sababaturan, laju ku bangsa deungeun, kasili deui kasili baé. Ti mumunggang bahé ngétan kadeuleu ku inyana kuwung kuwung ngundak tujuh, jeung ngembatna nyela bumi jiga unggah tina sagara jeung nutugna nimus halimun keuna logak karimbunan dina lamping hiji gunung. Hanteu jauh ti tégalan anu engké jaga boga ngaran tégal rarangan. Jeung baris dicirian ku Caringin tujuh rampag jarangkung. Di delang salapan Ki Hara ngajajarna papagéran.
Urang Pajajaran mani areuweuh neuleu kuwung-kuwung ngundak tujuh. Kabéh pada lalajo, pada neuleu mani ngabéngbréng. Ngabéngbréng ti luhur gunung. Gunung urut urang Pajajaran neuleukeun kuwung-kuwung kiwari aya kénéh, ngarana géh Gunung Béngbréng.
Meujeuh kabéh pada euweuh ka Raja nyampeurkeun Nyi Putri pangais bungsu. Pangais bungsu ti nu katujuh, saha ngaran inyana? Kabéjaeunana mah Nyi Putri Gandrung Arum.
Ceuk Nyi Putri : "Rama Gustiiiii! Kaula deuk ménta widi hayang ngababakan di lebah itu. Lébah kuwung kuwung nutug tujuh. Seja kaula eundeuk tapa. Kaula ménta pibatureun tujuh pantaran kaula".
Ceuk Raja : "Nyai! Ngaing moal ngahalang halang. Seug! Geura pilih pibatureun".
Nyi Putri laju milih! Milih-milih. Tujuh kali inyana milih, tujuh kali milih deui, nya dipilih : Tujuh cawéné nyampeurkeun mata, sabab galeulis nyeplés Nyi Putri, pangawakan nyeplés Nyi Putri, sagala gala nyéplés Nyi Putri, nyeplés Nyi Putri ka sora-sora.
Ngan aya nu dihaja sina béda. Nya éta dina karang nu leutik jasa. Séwang-séwang baroga tanda. Karang leutik ciga béntang, nu ngagénclang najan beurang. Eujeung caangna nu caang. Karang tanda Nyai Putri dina tengahtengah tarang.
Ari tanda karang nu tujuhan, séwang-séwang aya lébahna. Aya nu dina pipi kénca deukeut gado. Aya nu dina punduk beulah katuhu. Aya nu dina susu nyeungseung beulah kénca. Aya nu dina tukang. Dina birit démplon beulah katuhu. Aya nu dina beuteung deukeut ka éta. Aya nu dina pingping deukeut ka éta. Malah anu saurang deui mah diténgah-téngahnya éta téa. (Heueuh éta éta inyana téa). Anggeus milih, Nyi Putri nindak.
Ceuk Raja : "Léngsér! Éta lebak urang ngaranan Lébak Cawéné!"
Salila Nyi Putri encan purun Babakan inyana kasaba sémah. Salila kitu Éta babakan di lemah éta moal deuk bisa kasorang jelema anu nyiyar. Tapi engké, éta lébak di éta lemah bakal kasaba teu dihaja ku aki aki ngora kénéh jeung ku budak angon nu janggotan.
Tah éta duaan nu ngan baris nyararaho dina rupa eujeung lebah dina ngaran Lébak Cawéné. Éta aki-aki ngora pangabisa. engké inyana bakal nujah, papi ka budak angon anu unggul pangawéruh, inyana bakal katukah. Engké gara-gara aya kutu unggah gunung éta aki-aki baris kadongdong. Inyana baris jadi gara-gara anu ngagara-garakeun Sunda, paséa jeung urang Sunda kénéh.
Bangsa Sunda, maséan Bangsa Sunda deui. Budak angon anu béla, inyana bakal jadi puraga sabab inyana sanggup jadi puraga, dina béla mélaan Pajajaran.
Lebak Cawéné...di Lemah Cawéné, laju euweuh nu nyaraho deui sabab budak angon mawa rasiah inyana kajéro kubur. Tapi dina tutunggul inyana baris ngelak baé gagak. Nitah ngoréhkeun deui koréhaneun dina kalangkang Paku Jajar Ki Paharé. Sabab dina kalakay Hanjuang Sijang ku budak angon kungsi kabaca. Wayah béntang baris nuduhkeun pijodoeun Nyi Putri Gandrum Arum.
Urang Tunda nu ngababakan! Keun nu geulis sina jongjon tararapa, bari ngadaréngé déngékeun wayah gagak, anu baris ngélak di kuburan.
Tidak ada komentar
Posting Komentar