Lajeung batur di powék mongkléng sepi jempling!
Urang susul ayeuna Radén Santang Parabu Anom Aria Cakrabuana. Keur Si Léngsér nyinglarkeun saeusi leuweung ci torék, Radén Santang mah noyod terus. Bubuhan anu ludeung.
Urang susul ayeuna Radén Santang Parabu Anom Aria Cakrabuana. Keur Si Léngsér nyinglarkeun saeusi leuweung ci torék, Radén Santang mah noyod terus. Bubuhan anu ludeung.
Ki Santang noyod térus! Dituturkeun ku nu ngarilu, bubuhan ari nuturkeun Jawara mah hanteu ludeung ogé sok jadi rada ludeung. Digerowah ku Si Léngsér. Da puguh di leuweung citorék atuh hanteu kadaréngéeun. Radén Santang Parabu Anom noyod térus. Dituturkeun ku nu ngarilu. Leumpang arinyana? Nutur-nutur galur maung, mapay-mapay lacak badak. Nya laju anjlug ka hiji lébah anu léga. Eukeur léga diriung gunung jeung pasir-pasir di beulah hilir.
Di inyana deuk ngababakan. Tapi aya sora euweuh rupa, Nu nyarita ka inyana : Acan wayah! Kapalang! Lalakon tinggal sababak. Siar heula ku dia di nu singkur tapi subur.
Tah di dinya dia meunang ngababakan, ngarawaykeun turunan dia. Tapi, di lemah nu ngeplak bodas ngan dia sakuren dia nu meunang cicing. Nu séjén mah kudu misah. Sina arimah, imah hanteu jauh ditégalan karungruman ku rurungkunan wungkul baduyut. Di dinya dia sakabéhan garanti ngaran. Laju dia kabéhan pada alok hanteu nyaho Pajajaran. Sababna? Sabab Pajajaran kudu heula salin ngaran, malih wawangi nu kasili. Engké di jaman kembang taraté diparaké nukeuran béas, baris aya kembang jadi buah dina tangkal gedé nu buahna teu usuman. Tapi saban usum buah, buah ngabeungbeureuman di tangkal éta kudu baé aya buah, diweureueun ka nu jaraya. Tapi, ngabeuntakeun anu lalolong, jeung ngahéjarkeun sakur nu nineung.
Salila lemah lebak cawéné can digarap ku nu barogana, bawa ku dia ngaran Batara, ibarat cikal dina bancul. Engké di jaman anu mudu kénéh kasorang aya wayah Rawayan, dia kudu nepungan hiji baraya nu ngalalakon bari dilalakonkeun.
Tah inyana nu nyekel tulak ka Pajajaran, tapi euweuh saurang anu areungeuh. Sabab najan nyembar pangabisa, najan unggul di pangawéruh, euweuh inyana nu ngajénan. Sabab imah inyana dihateupan ku haneuleum, ditihangan ku hanjuang, dipantoan batu satantung. Ayana di birit leuwi Ki Patahunan anu baheula.
Saméméh datang wayah éta Rawayan, dia baris moal suwung suwung ku cocoba. Baris saban-saban kadatangan sémah. Aku! Da ngarana géh sémah. Tapi sing waspada. Sabab arinyana harayang nyaho saha rawayan dia, saha Pajajaran. Jeung arinyana aya nu baris mamaksa Rawayan dia garanti cara sineumbah.
Ingét! Rawayan dia ulah wara sina muka rahsiah mun can tepung jeung nu nyekel tulak.
Tidak ada komentar
Posting Komentar