Naskah Mustika Puraga Jati Sunda

Naskah Mustika Puraga Jati Sunda

1
“Ngama’naan falsafah sarta ajén-inajén kamanusaan Sunda dina nata diri, nata raga keur hahirupan”

2
“BUBUKA ANJINING RASA”
Ki Laras Maya Poerba Sasaka

Niat kuring aji-ning rasa.
Rasa goib titipan nu Maha Tunggal. Tunggal sarasa , tunggal sa-pangawasa, Jalan  nu rahayu mapag alam kabagjaan,  Eunteungeun  diri pribadi. Basa mah gambaran rasa. Budi  mah  gambaran ati. Ngancik’na raga salira. Dina batin anu sidik, anutara daek nga-bohong,  jeung di bohongan. Jaga diri ati-ati.  Pinasti hirup taliti Dumugi mapagna pati. Hirup pasti,  ku cageur na, ku bageur’na ku bener’na. Sing taat ka pamarentah. Repeh rapih, beres roes, tur akur reujeung sasama. Mahluk nu sugih hartina, beunghar harta, salamet hirup kumbuhna. Amjalu papadang ati. Awaking bujang ka sakti. Bisa maca bisa ngaji. Ngajina na tungtung ati. Macana na tungtung rasa. Nu hurung dina jajantung. Nu herangna, di kalilipa. Hurung tanding dammar hurung. Siang tanding dammar herang. Anu hurungna, kurungan. Anu herang, eusi rasa. Kadi bulan, kadi sarangéngé ngahing medal. Remet ménténg dina angen. Anu ngilo dina tikoro. Nu ngintip dina lalangit. Buka ini buka rohani.


3
Buka sintung, bukakeun gedongan ati. Pang mukakeun cahaya ti anu maha kawasa. Supaya kapanggih bukti. Nu puguh diri sajati. Kudu nyata ceuk tuduhna. Bray cahaya, bray cahaya. Cahaya anu kawasa. Ka anu nyepeng  dinten tujuh dawuh lima. Pager duawelas. Kasaderek anu opat, kalimia pancer salira. Ka saderek anu medal, Ka sederek nu teu medal. Ti putra anu medal. Ti putra anu teu medal. Guru lahir, guru batin. ti guru sidik. Ti guru permana. Ti nu ngukur tangtung, Ti nu kagungan rahayu. Ti nu kagungan darajat. Ti anu ngandung.  Ti anu ngayuga. Ti luhur anu mayungan. Ka handap anu nganparan. Ti gigir anu ngajaring. Ti tukang anu ngagiring. Ti hareup anu nampian. Aki sakti, Nini sakti. Nu nunggu di birit leuit.  Ibu ratu, Rama Agung. Nu ngaping geusan nyalindung.Nu calik Di pasir layung. Nu geulis putri rengganis. Nu ngancik di pasir  panggung. Nu kasep kang Kamajaya Gunung purba, panungkeban Para-Hu-na.


4
Nu nyalungkran pasir asih, nu ngabinih. Pa-gelaran alam kandung asih indung. Pa- ngawit-an  pangrungruman tuturunan. Bukti Tunggul, Nya muga, tunggul  anu ngarahayu, ti sunan ambu. Nya muga, tangkal anu ngadarajat, ti sunan rama. Turun pulung ka Galuh agung. Galuh geusan di nyalindung. Mangsa di bentaran gelap Gunung gelap reureuh mijah, Ku aji ning halimunan,  Di sieuman ku handeuleum. Di caangan ku hanjuang. Meleberna pulo sari, ning mangari. Pangrungruman  menak ti gunung haruman. Gunung geulis, ci ibun anu ngareumis,  Papandayan, ngukir tangtung ku tulisan. Ka para Hyang nu suci. Nu mancer cahyaning Gusti. Nu Murba, anu wisesa. Nu Agung anu maha’na. Anu kersa anu karsa. Nu ngersakeun nu ngarsakeun.
Tabé Pun ahung nya ahung. Amit sun hampura ingsun.
Nya paralun, seja ulun Kapara luluhung agung. Nu ka agungan ku pangagung.


5
Nu ngadeg di uwung-uwung. Nu ngadeg di awang- awang. Anu sirna di mandala panta panta.
1.  Di Mandala  Méga Manggul
2.  Di Mandala  Méga Malang.
3.  Di Mandala  Méga Beureum.
4.  Di Mandala  Méga Si karembangan.
5.  Di Mandala  Méga Si kareumbingan.
6.  Di Mandala  Méga Si antrawela.
7.  Di Mandala Pa-Guruh, Pa-Guntur, Patapan Guntur.
8.  Di Mandala  Bumi suci kerepek séah.
9.  Di Mandala  Bumi Beureum.
10. Di Mandala  Bumi Hideung.
11. Di Mandala  Bumi Héjo.
12. Di Mandala  Bumi Konéng.
13. Di Mandala  Bumi Hawuk.
14. Di Mandala  Bumi Putih.
15. Di Mandala  Bumi Céngcéréngan.
16. Di Mandala Bumi Sanghyang Sorong Kancana.
17. Di Mandala  Bumi Sang Hyang Ribut.
18. Di Mandala  Bumi Suci  Alam padang.
Galura bakti, ka luluhur  Ka -Papara karuhun urang sakabéh. Urang mimitian ku surat anu biasa. Nu ilahar di paraké jampé. Tibaheula nu jadi tari paranti. Pun sampun ka sang roh Pun. Ka handap ka sang Batara. Ka luhur ka sang Batari. Batara raga salira, Batari batin nu sidik. Anu ngancik dina ati sanubari séwang-séwang. Anu tara ngabohong jeung di bohongan.


6
Ka Batara Sunan Rama. Ka Batari Sunan Ambu. Karadén caang gumelar, cahaya sakti. Ka nyimas gumilang seblak. Seja nyanggakeun pangbakti. Sapulukaneun. Tik bul ning menyan kaula, Cahaya beurum kanyataan na amarah. Tik  bul ning menyan kaula. Cahaya putih loamah, Tik bul ning menyan kaula. Cahayana sawiyah. Tik bul ning menyan kaula. Cahaya na mut ma inah. Seja mundut ka emban,  kanu geulis.Ka iringkeun kunu kasép. Nu geulis Sri Sayana. Nu kasép Bujang Sarana. Nya ieu ibu jeung rama. Pang dugikeun ka anu maha Kawasa. Kukuh kula-kukuh puji. Kukus dangdayang mantra. Dangdayang turus na wati. Turusna karang Pohaci. Pang maratkeun, ka-sang Hyang Pangéran Parat Nga-Mohon tembuskan, kepada yang Maha Menembuskan Sapulukaneun ka sadaya para luluhur. Karuhun karuhun suci. Anu ti kalér, sa kalér. Anu ti kidul,  sa kidul. Anu ti kulon, sa kulon. Anu  ti wétan, sa wétan.


7
Jisim kuring sadayana.
Neda bagja, neda hidayah, neda mangpaat. Neda maunat, neda caang. Neda padang, narawangan.
Neda salamet, neda barokah..Kum teu badé di wiji-wiji. Dunga-na para kasepuhan sadayana. Anu masih kénéh gelar di alam hirup. Kikisik lambak sagara. Ulah ungut ka linduhan. Ulah gedag ka anginan. Di siuk ku ibu, di bauran. Di cokot nya di émbohan. Nya di bawa, di tambahan. Si nyimas nama ning sari. Geura tah mayang larangan. Geura hudang, geura tanghi.  Di hudangkeun kunu lenjang , Ditanghikeun  kunu geulis.
Cag………Rampés.


8
BUBUKA CATUR
Tabé, pun.
Amit sejaning unjuk uninga, réhing dumasar kana rasa syukur “Nuhun” ka Nu Ngersakeun, Anu Maha Agung, jisim kuring seja ngadugikeun gerentesna kereteg, anu mangrupi karyana rasa, kersaning anu ngawasakeun, hasil tina teuteuleuman, guguaran, kokoréh, tur mulung pulung ti anu ngalangkung dina jajantung, galuh agung, manawi bahan katampi, kalayan aya guna katut mangpaatna kanggo urang sadaya, malar geusan  jadi panungtun  tur  pangjejer dina  nutur lumakuna léléngkahan hirup, sasieureun sabeunyeureun, kasanggakeun.
Tawis rasa anu dumasar kana, rasa “nyaah ka sasama, béla ka bangsa, bakti ka lemah cai, ngarawat tur ngarumat budaya, sarta niat ngawangian ka sarining lemahcai”, malar jadi sambung léngkah, sambung lémék, sambung rasa, keur  nyambungkeun  uga, tangtuna ogé ti anu kantos aya ti heubeulna, tibiharina,  sugan ngancik di kiwari geusan ngambah ka supagi. Buhun ngajadi bahan, biheunna,  sara ngajadi sari keur pangaji.
Amit, tabé pun, hampura ingsun, anu diguar saukur gambar, anu dipedar saukur nalar, piolaheun dina polah, pilakueun dina lampah, malar katimu  rupaning mustika hirup, anu ngancik dina rasa anu katitipan, naon rupa nu jadi wujud  tulisan, muga larap jadi tutur, jadi lisan, pijalaneun tatapakan dina  aweuhan jalan anu kacida lamparna, nangtu dina kacindekan Galur.
Sugrining galeuh kadeudeuh, sugrining galih ka asih,  tansah mugia, marganing  galuh pangasuh. Tandes,


9
jadi élmu katut pangaweruh. Geusan pituduh jalan anu lempeng.
Amit, sanés badé ngalalangkungan, sanes bade nyanyahoanan, sanés badé mayunan anu ti heula, sanés badé ninggalkeun anu pandeuri. Ieu mah mung  mugia pareng : Nu jauh urang deukeutkeun.
Geus deukeut urang layeutkeun. Geus layeut urang paheutkeun. Geus paheut urang pageuhkeun, Geus pageuh urang wangikeun. Nu kungsi dihandeuleumkeun. Nu kungsi dihanjuangkeun. Urang cokot geusan teuleum. Urang téang geusan midang. Nya midang, di banjar karang. Lebak panitisan bentang. Nya bentang ti para Hyang. Nu murba di alam padang. Sapasini, saparanti,  Sa jalan, sareureujeungan,  Sareundeuk, saigel, sabobo, sapihanéan, Ka cai jadi saleuwi,  Ka darat jadi salogak,   Malar hirup runtut raut sauyunan,  Pataréma rasa. Geusan  nyukcruk  uga ti para luluhur, Mapay tapak  ti para Sanghyang Pudak, 


10
Nu dipuluk mustikana,  Salaku pancer sajati,
Nu dihin ajaring  tangtu, Nu misti élmuning  pasti, Geusan ngadadali diri.
Dadalina uga ludra, Manuk leuweung ménak lawung, Lawungna di palawangan.
Nya lawangna geusan luang,  luangna ti pada urang. urang  nu nyorang, urang nu nyaring,
Nyorangna jalan séwangan, Nyaringna ugeran kuring Seja tandang seja tanding. Tandang bari ngarawang, Tanding bari ngariding.  Bari, nabeuh kohkol awi, Bahanna ku haur bitung,  Meunang nuar luhur gunung,  Sorana nyaring tang-ting-tung.  Ngelentrung lir anu ninun,  Nu sidongdang dina sahung, Hateupna ku rangrang kawung nu dijieun songkét Bandung.  Songan iket banda indung Pun!!!


11
Sakitu bubuka catur, pangjajap, panyabda  teda.  Hatur punten bilih kirang,  luput tina lelepitna,  nu disanggi mung ukur sieur jeung beunyeur, tebih tina saenyaan. Panyampurna tangtuna ti nu ahlina.  Seja tampi masing tepi, ka para pupuhu kanca, anu surti, nu sasawa,  nu sasiwi,  nu saini, nu sasunda,  nu saindung, nu sasia : Indonesia.
Dina mangsa kiwari, anu kanyataanana teges, hususna keur bangsa urang anu pada-pada ngalalakon
kahirupan manusa, sangkan tepung jeung naon anu dipaluruh, nyatana kasajatian diri, kamanusaan, mampu nepikeun kana lalaku jeung lumakuna hirup anu ngama’na, sarta bisa diwujudkeun dina sipat jeung tabéat anu nyata.
Taya bayana saupama ieu guaran urang bedah jeung dipedar dumasar kana tata cara adat budaya pribadi, geusan nanjeurkeun tangtungan diri kasampurnaan.  Sangkan pangajegna  sajatining diri  anu sampurna, pikeun ngawangun tatanan hirup:
1. Katuhanan : sangkan ngadeg kasajatian diri kamanusaan.
2. Kamanusaan : sangkan ngadeg kasajatian diri kabangsaan.
3. Kabangsaan : sangkan ngadeg kasajatian diri karahayatan.
4. Karahayatan : sangkan  ngadeg kasajatian  diri kaadilan.
5. Kaadilan : geusan ngadeg kasajatian diri kamardiikaan.
Dasar anu lima di luhur, nyatana hiji gambaran pasti pikeun nata lajuning hirup kumbuh pikeun nyahayakeun wujud anu kasipatan ku karsa jeung kersana anu Ma-Ha, geusan wawuh ka kujur katut  pangeusina diri, sarta apal


12
ka papancén hirup salaku “Abdi anu ngabdi  ka anu kagungan abadina”.
Dina medar tur ngaguar harti anu misti ku mustari, pikeun ajén-inajén kamanusaan, numutkeun anu
kapibanda jeung anu dipiwanda, dina kapribadian Manusa Sunda anu disebut  “Talari Paranti”. Hamo kudu landung  ku  catur, hamo kudu  panjang ku panalar,  dina lumaku-na, ngadadaran ku carita, pibahaneun ngudag élmu, ning rasa
kasampuraan, jeung , ning rasa  ka- sampurnaan  geusan diri, dina hiji ajén anu tangtu, nyatana  Ngolah  Diri, geusan:
Kasampurnaan: sipat laku  (ules, watek), anu nyahayakeun sinar (cahaya, asal) ti anu wasaNa, geusan  ngawasakeun ka anu diwasana, pikeun ngabasakeun wasa pangawasa ku kersana.  Sinarna atawa pancer diri Kasampuraan :  wujud jeung  laku anu nyinarkeun cahaya sinar wasaNa,  anu dina ngawasa-keunana. nyinarkeun atawa mancerkeun  “Sampurna di wasa Gusti anu Ma-Ha, sampurna di basa ingsun anu nga Ma-Ha.” (Gusti Pancerna Sipat, Ingsun anu mancerkeun dina kasipatanana). Hirup geusan manceran dina sagala pangawasa kersa anu geus di kersakeun pikeun nuju kana aji ning kasampurnaan hirup,  tangtu mudu metik élmuning hirup geusan ngahontal,  tur ngagema keun diri, pangajian laku, keur pangajén diri anu mangrupa:
1. Aji luhung :  sangkan diri (kaharkatan).
2. Aji  Komara : wibawa sangkan diri (kadarajatan).   
3. Aji  Wiwaha :  sangkan diri (kamartabatan).


13
Tilu pangaji di luhur, dasar élmu keur nyipatan lakuning lampah, ciri diri nu ngagema  kasinaran ku panceran asal,  sangkan wawuh ka nu  tilu dawuh nu nyangking nyinaran galuh salaku jagat panataan rasa ti anu ngarsaanana. Tilu Dawuh nu nyangking di jagat panataan (tempat cahaya Suci) anu aya dina diri  nu nebaran cahyaning ules watek,  nyaéta  sinar anu dawuh :
1.Nga  –  Sanghyang :  (diri  mijati katuhuan di  alamna) keur pangaji  élmu suci anu apal ka anu kagungan Wasa.
2.Nga – Rahyang : (diri  mirasa kamanusaan di alamna) keur pangaji élmu suci anu apal diri anu kahirupan.
3.Nga  – Danghyang:  (diri miraga kanusaan di  alamna)keur pangaji  élmu suci geusan apal kana hak jeung  pancén mahluk anu pada-pada dicipta saalam (kanusaan), anu campur sangkan sampurna.
Cahayana anu jadi ules watek tina tilu dawuh anu nyinaran galuh, tangtu diri kawandaan sipat :
1. Ka-Wisnu-an  (kawasanaan) : hirup, mampu ngadalikeun rasa jeung wasana.
2. Ka-Shiwa-an  (kasahawaan) : hirup, mampu ngadalikeun hirup jeung sasamana.
3. ka-Brahmana-an  (kabarahmanaan) : hirup, mampuh ngadalikeun laku jeung alamna.
Tilu cahaya anu nyipatan jadi cahaya nu disebut ules watek diri,  udagan anu dihin ku katangtuan, pikeun nétélakeun kasampurnaan dina nataran tatapak pahirupan, anu bakal jadi adeg pangadegna diri, pikeun nyubadanan kabutuhan pasti. Ngahartian, patujuan hirupNa,  sabab : 


14
Hirup anu ngusikkeun, hirup anu  ngobahkeun, hirup anu ngawasakeun, hirup anu ngarasakeun, geusan : hirup kudu mawa cageur, hirup kudu mawa bageur, hirup kudu mawa bener, ku alatan hirup nu kahirup, nu kahirupkeun ku hirupna anu suci, ngabukti kalawan nyata. Hirupna keur nuju kasampurnaNa.  Tri Pancer Silah. Tri Pancer Silah, nyatana tilu cahayana diri anu mancerkeun sipat geusan ngahontal kasampurnaan diri anu mibanda sinar :
1. Aji Luhung
Hartina, munel ku pangaweruh   rasa jeung jiwa  salaku sarining diri  anu  teguh pengkuh tur ampuh timpuh sarta awas dina ngawasakeun tur ngawaskeun pangawasa-na, nebarkeun élmu pangaweruh kasam-purnaan, ku dasar taliti sarta nastiti saperti : Tékad niat anu suci, Ucap lampah anu bukti  Pari polah nu merenah, sarta Budi basa nu katata, bémakrama.  “ Patalina Diri ka Gusti ”
2. Aji Komara (Wibawa).
Gelaran lakuning diri anu nyangking patokan pasti,  dina ngajaga tur ngariksa ules watek tiap-tiap anggota badan, anu masing-masing mibanda pakomna pancén séwangan tapi teu luput tina ugerannana, kalawan mungsina, tétés ngalumakukeun dina kahadéan. Tutup hasil kamangpaatan. Naon rupa anu jadi lalakuan, tinangtu ballik hasil ka sorangan, naon rupa sorangan anu geus..


15
disorang, atawa anu tacan ka sorangan, dasarna mah,  tetep dina tapak paniatan. Aji Komara mangrupa wangunan diri anu pinuh ku sinar kasajatian hirup, tegesna mah laku paripolah, kauleswatekan ku naon rupa nu dilakonan, pageuh ku dadasarna kaihlasan, tur dibarengan ku Pancerna rasa  jadi sipat: ajénan, anteuran, hampuraan, mujian, jeung hémanan. Jauh kana sipat dengki, ujug hiri jeung  takabur. Panceran  Aji Komara, aya dina sinarna rasaning :
Pancerna  laku :  jujur ka diri, kukuh kana jangji, lemes usap teuas peureup, heureut keupeul, lega awur.
Pancerna gawé : geusan mingpin diri sakujur,  batur sakasur, dulur salembur kalayan baraya sabuder awur. Geusan  hirup anu munel ku aji jeung  pangaji  diri nu diolah  ku karancagéan,  budi jeung  parangi salaku wawangi  diri, soméah, daréhdéh sarta hormat tilawat ka sasama hirupna.  Éta hasil tina  ngasah akal  jeung pikir, sangkan lébér wawanén, jembar ku panalar, dina ngolah jeung ngariksa hirup, ngudag tujuan geusan ngajayak tapak, lalampahan sorangeunana :  “Suci hing pamrih rancagé haté”. “Patalina diri ka sasama”
3. Aji Wiwaha
Hartina ajén-inajén kaparigelan diri dina  ngolah kamotékaran élmu nu weruh salaku  kembangna diri, munel ku warna  rasa,  budi jeung daya,  karya jeung karsana, pikeun panalar buah cipta (karya diri). Sugri  pangbakti sajining lemahcai, ngapak méga mébér jangjang, hiberna lir manuk julang, ngambah  saaweuhan dunya,  pakeun jaya weruh sadurung winara. Karsaning ngarancah béntang, tinawur nebar caraang, pakeun ngembangkeun talatah keur ngawangi lemah cai.


16
“Patalina Diri ka Alam”
Kawiwahaan  (martabat) salaku diri diwangun ku olahan dasar  anu ngalahirkeun karya jeung karsa dina kamotékaran élmu, ngolah  hirup jadi kahirupan nu hirup keur ngahuripan  geusan nyumponan kabutuh alam waruga. ”Niat anu hadé, tepung ahir jeung kahadéan, Niat anu goréng, tepung ahir jeung kagoréngan”.
Ajén pangajén salaku diri
Ajén pangajén salaku diri numutkeun  Sundan : lalakon lampah dina pahirupan kudu diwangun ku olahan dasar élmu dina tuturan adat jeung budaya tuturunan, karuhun anu buhun, pikeun panataran tur panuturan ules watek  jeung paripolahna anu ngagambarkeun salaku manusa Sunda  sangkan mampu  nyumponan: kabutuh  alam jiwa, kabutuhan alam pikir, jeung kabutuh alam waruga, sangkan dina nata rasa  jeung  niti diri, aya kadali atawa elésan, teu mangprung ngaberung sakama-kama, sakarep ingsun.   Aturan Hirup di alam panyorangan. Kudu pengkuh kana aturan anu di sebut:  “tata,  titi, duduga, kalih  peryoga.
Tata (aturan léngkah) = tatapakan laku anu kudu napak kana ugeran aturan talari paranti sangkan  teu ngarempak aturan, teu   “pamali”  (hasil kalakuan anu sok jadi mamala goréng).
Titi (tahapan léngkah) = titincakan laku anu nincak kana paniatan anu surti jeung nastiti. Duduga  (sawangan) = rupaning anu rék dilakonan tinangtu kudu disawang heula saméméh disorang, sangkan hasilna caina hérang laukna beunang, anu


17
karasa pikeun kasalametan.   (Wiwaha Yuda na Raga).
Peryoga  = ukuran kamampuh pikeun ngajurung laku dina hiji tujuan (kasanggupan anu diukur ku
kamampuh).
Saperti Ngolah jiwa, keur ngalelemu rasana, bisa di geteran ku cara ngageterkeun sora-sora alam (Rahyang Sora Pagendingan) anu mangrupa  alat alat seni Buhun (tradisi).  Anu ngumandangna dina geteran  galura  jeung daya geterna.
Conto leutik tina alat seni  Buhun Sunda, anu mangrupa :
Kacapi, Alat seni anu di jentréng atawa anu dipetik. Suling, toléat taléot, tarompét, alat seni anu ditiup. Kendang (alat seni tepak), dogdog, jeung réa-réa deui. Karinding, celempung, kohkol  jeung sajabana. Alat alat anu nyangking galumbang, salaku panggeter rasa anu bisa dirasakeun béda béda sérédétna, tangtuna aya maksud jeung tujuan  taya lian geusan  ngahudangkeun  rasa,  sangkan rasa  ka hudang geter nu di sebut:  Jiwa Ngaras, jiwa ngarus-ras, jiwa  nga Raas, jiwa nu ngawaas.  Ka jerona  jiwa  sangkan  kahudang  rasa anu Rumasa.
Basa seni anu didangdingkeunana, nangtu  jadi basa keur  pangjejer pikeun pangartian, nepikeun  rasa anu éling, jamparingna. Basa seni anu dihaleuangkeunana, (ku Tembangna) ébréh teges, salaku mawa  “wawanti”  tina sora jadi sari  keur  panepi, tina sora iadi sari  keur panghudang rasa.


18
Sari sora nu maranti wawanti tangtuna mawa hiji wawanti,atawa wanti wanti   basa amanat atawa basa talatah, anu ngajadi tali paranti  geusan guareun, geusan bacaeun , sangkan jiwa  tetep kahudang  sari  rasa na rumasa.   Jiwa anu kageter  jadi rasa anu: NgaRas-, NgaRaas,  Ngarus-ras, jeung Ngarumasa-keun.
Leuwih teges nu pasti dina  ngawanti  rasa, anu nalutur dina galindengna catur, dina kecapna  saur, tétés jéntré eusina  ukur pitutur, geusan : “pépélingan, pepedaran,  wasiatan,  amanatan pikeun diri lumaku hirup, wawuh ka kujur  sangkan akur geusan  diri keur  ngadirian nana. Seni  Buhun, salah sahiji  cukang luang,  anu munel  pisan  ku aji ning diri reujeung ajén pangaji rasa, geusan ngaguar diri  anu mampu ngahudang sari na  ka wening ati :  Geusan  nembrakeun rasa karumasaan. Geusan ngalayeutkeun  pangdeuheusan kawasana, sarta Geusan mentangkeun jamparing Dunga, PaNuhun diri; ka dirina, kaalamna, tur ka Gustina.   Sakabéhna,  nyata ka  Ungkara,  dina kecap nu di  susun jadi guguritan basa,  dihaleuangkeun,di iring ku sora gending, ngajamparing melesat ka alam wening, ngajajap  jiwa nu nyaring, ka jagat raya sinangling.  Nya diri  mirasa éling...Ka jembaran rasa,  Kajembaran rasa mangrupakeun salah  sahiji adeg pangadeg rasa, anu jadi dasar panataan hirup salaku manusa, anu kamanusaan.


19
Kajembaran rasa, mangrupakeun pondasi diri anu kukuh, anu nguatan wangunan hirup, sangkan ajeg tur pageuh, moal régrog dina nyanghareupan masalah hirup sakumaha beuratna. Sabab eusining sipat anu nyangking dina kajembaran rasa. Nyata mibanda sipat-sipat  diantarana :
Nyaahan, deudeuhan, asihan, hémanan, béréhan, mujian, jeung anu nutama Hampuraan.
Tara : Sirik, pidik, jail, kaniaya, cegékan, cedikan, cawadan, irén pinastrén, dudupak, rurumpak, cawadan, geureuhan, teu kaopan, jeung teu payaan. “Sing Saha anu miharep KaMulyaan, Kudu sanggup, ngajauhan Dengki“. Mustikana ngancik jadi pamatri,  dina ati anu wening, dina rasa nu rumasa,  jiwa nu wiwaha, kalawan pikir anu ngarti. Teges cirina  sipat  anu ngaJati diri.  Kajembaran rasa tara kapolés ku rasa  hayang témbong diri, lain ucap anu gelar, lain lisan anu nyora tapitémbongna  jadi rasa, anu bisa dirasakeun ku rasa-rasa anu sarasa. ”KaHadéan anu gelar ngan ukur lilisanan, kahadé ngan ukur  popolésan (basa - basi). T api, KaHadéan anu gelar ku laku jeung lampahna , Nyata teges Sarining kajembaran diri anu ngajati”. Ka jembaran Rasa, ti nangtu, bakal teges buktina, nyata aya salaku anu jadi cirina, ku kapribadianana, nyata mancerkeun cahaya  budi jeung basana anu katata.


20
Kajembaran rasa Usik sajero ning cicing. Obah sajeroning dada, Usikna, maranti diri, Obahna maranti rasa. Nu nganteur ka lemah sungka,  Nyangkaruk geusan kapuluk. Pasir liuh peupeuntasan. Ajrih ning rasa panggalih.
Milih rabi minda rasa, Rabi na ka sang gumati. Rasa na sang guruh minda,   Guru na  weruh pituduh.
Japa na Aji ning diri. .geusan  midiri! Japa na Aji ning rasa….geusan  mirasa ! Japa na Aji ning harti...geusan ngarti ! Japa na Aji ning kersa …geusan ngersa!. Nyumput buni nembrak caang,  Buni sotéh niat ati, anu suci,  Nembrak caang, ku laku lampah nu nyata. 
Nu di teundeun dihandeuleumkeun,  Geusan paneuleuman nana.  Nudi tunda dina Hanjuang.  Geusan diri ngadaya juang, Nya hamo luntur ku waktu, Kapan tapak dina tindak,  Kapan galur dina catur, Mun di téang tangtu panggih Mun dipénta tangtu mikeun. Nya hamo laas ku jaman 


21
Pastina bakal ka pangggih, Mangrupa balungbung timu,  Sabab jangji nu bihari, Hamo nya sulaya pikir,  Anu misti, anu musti, tandesdiri nu nyakséni. Geus natrat tulisanana,  Mo sulaya, ka jangjina,    Teges nétés tur tétéla Nya diri suratanana,  nya alam tulisanana. Kitabna Jagat Buana, Moal luntur ku mangsina. Moal soéh daluangna. Bacaeun satungtung umur, Nya haté kudu rancagé. Teges nétés tur tétéla. Nya diri suratanana,  nya alam tulisannana

Kitabna jagat buana, Moal luntur ku mangsina. Moal soéh daluangna. Bacaeun sa tungtung umur. Cirina satangtung diri, Carana sa tapak jagat, Jembar rasa Nagara na,  Bukti na,  Raga salira.


22
Ciri bukti, kajembaran rasa na manusa,  teges mapaésan hirup, ku  nebaran sinar rasa, anu ngadangiang kamulyaan  sabab  :  Hirup anu ngagema keun diri,  pastina,  tepung jeung  ka sajatian. Kudrat  Pasti.  Bakal apal  kana  Titis jeung Tulisna.  (Cageur). Titis,  anu ngajadi wujud  (manusa). Tulis, anu ngajadi sipat  (kamanusaan).
Hirup anu   ngagema diri jeung rasa , pastina  tepung jeung ka Élingan. “kadar diri, Dihin jeung Pasti. Dihin: kayakinan (hirup lain ka haying). Pasti : Pasti ti anu mastikeun anu moal bisa dipungkir. Apal  kana Rasa jeung  Rumasa Rasa anu katarima, Rumasa panarimaan.
Hirup anu  ngagema diri jeung Pikir, pastina tepung jeung kaparigelan. Geusan nanjeurkeun diri, dina nyungsi  Tapak  jeung lacak  palakonannana.  (Bener). Tapak: alam nu geus di sorang, Lacak: alam panyungsian  pilalakoneun.
Dina nyungsi lalakon diri geusan pilakueun, nuju lengkah ka alam anu bakal di sorang, anu ngajadi upayana, yén diri tetep nyawang alam ka tukang geusan narawang ka alam anu bakal disorang, tinangtu bakal ngahasilkeun, jalan tatapakan anu moal nyasar. Anu ngandung harti bakal salametnya diri. silokana  bihari ngancik kiwari, nganjang ka alam pagéto (Supagi), pameulina nyata hirup kudu :


23
Nyepi di leuwina diri. Tapa di sagara rasa. Geusan nga balungbung timu.  Jalan gedé sasapuan.  Tapak geusan pangeunteungan. Ku semu, jembarna rasa. Galeuh bitung haté kangkung. Hurung nangtung siang leumpang. Pangjugjugan, alam caang poé panjang. Nagara tunjung Sampurna.
R a m p é s…                                                        
Dasar pikeun ngalalaku, pahirupan di alam hirup kumbuh, alam jagat raya (dunya). dina sorangan atawa anu kasorangan, tangtu aya nu marengan,  dina masing masing alam hirupna anu  miwanda ciri jeung cara anu béda. Boh ukurannana, tangtunganana, sarta pancéna, gumantung kana kudrat pastina anu geus di kersakeun jeung dikarsakeun ku anu Mahana, tapi ukuran urang salaku anu di gelar dialam jagat raya ieu, miwanda titis anu ngajadi wujud, jeung tulis anu nga jadi  sipat, salaku mahluk anu leuwih ti sagalana, anu kapancén pikeun milaku kamulyaan anu ka sampurnaan, sangkan wujud manusa mibanda sipat kaManusaan. 
Kamanusaan, Manusa dileuwihkeun ti mahluk anu lianna, lain ngan ukur di aku leuwih dina kamulyaannana, tapi teges dileuwihkeun sotéh dina rasa tanggung jawabna salaku mahluk anu bakal jadi tunggangana mahluk-mahluk sasama hirup anu di cipta geusan campur marengan dina hirupna manusa,   yén manusa téh salaku Parahu Hyang na,geusan nganteur sakumna ciptaning gusti, kuda sampurna.


24
Ngan Manusa anu disebut sampurna tur Mulya téh teges mibanda sipat kajembaran rasa. Diantarana boga cirri : Welas Asih, Undak Usuk, Tata karama, adat,  jeung wiwaha Yuda Naraga. Jalma digelar tina pangasalan cangkang geusan Jalmaan (wadah hirup anu kosong). Ngandung Harti, ngan ukur di titipan pangawasa awal anu masih suci, tacan kabangun tur tacan ka adegan. Tacan kasipatan. Anu nyampurnakeun pikeun adegan, sipat jeung ules watekna jalma bisa ngawujud ukur mahluk jalmaan, anu ka wangun tur ka ules watekan, ku sipat-sipat mahluk lianan anu ka inum tur ka dahar ku dirina, lamun teu mampu nyampurna keun nana sangkan sampurna.
Nu buktina mahluk jalmaan sarupa kitu, tacan pas disebut manusa, jajauheun disebut manusa anu kamanusaan,  sabab sipat anu ngancik dina ules watekna saperti sipat Dengki, Sombong, Bohong. Amarah jeung sarakah, éta sipat, anu dipibanda ku ules watek  sato,jeung  tutuwuhan,  Sipat Jalma sarupa kitu bisa di sebut "Wanara" : teu béda jeung sipat urang leuweung, ngumbar nafsu, ngumbar amarah, licik, téga, tur sarakah.
Dina nata diri, dina nata rasa, jeung dina nata kahirupan samar, bener, jeung hadé ukur pupulasan, nyata ucap anu teu nyata, lampah teu bukti, ku alatan sinar hate ngan ukur kabébénjokeun ku kahirupan anu dasarna, Dunya jadi udagan. Dunya, ngawatek, poho ka diri, poho kana rasa, jeung poho kana jiwa. Sabab dunya atawa kadunyaan mah, watek anu kuat, ngan ukur gambaran kahayang leuwih, bari kapuasan moal ka panggih. Iwal ti ku Manusa anu daék Tumarima.


25
Jalma anu  di gelarkeun dina alam kadunyaan, leuwih kuat hawa dunya, tibatan jalma anu di gelarkeun dina alam Manusa. Teges lamun manusa, anu di gelarkeun di alam kamanusaan, tinangtu, leuwih kuat ujian jeung cobaan hirup, geusan kasampurnaan, keur nga hontal kaMulyaan. Sipat Jalma anu nitis manitis Manusa, anu kasipatan, kamanusaan, bakal teges, dina lakuning diri jeung ules watekna , mibanda tujuan hayang nyampurnakeun hirup  anu ngarumasakeun yén hirup dipentés pancén, yén hirup boga hak jeung kawajiban, tur yén hirup téh, aya anu campur dina dirina,  anu kudu disampurna keun, pikeun kamulyaan dina lajuning laku anu bakal di sorangna.
Manusa anu kamanusaan  teges jalmaan anu kapilih salaku palakon hirup anu geus jadi titis tulis na. Kudrat pasti ti anu Ma-HaNa, sabab iwal ti manusa  anu bakal mampu ngalaksana pancén  pikeun ngurus jeung ngatur ,atawa  ngarawat alam salaku titipan, ogé salaku  sasama hirup anu di cipta, Manusa sampurna, campurna  gumulung, geusan ngajadi tangtung salaku mahluk anu linuhung, anu ka Gungan ku kersaning anu maha AGung, anu maha kersa jeung karsa, “Gusti anu maha kawasa”.
Sipat Jalma anu ka, manusaan  disebut na; Cai Ahung (CiHung atawa Ciung) hartina  hirup anu di karsa, rumasa yén hirup nyata papancén ti anu kawasa. ku nu Ma-Ha linuhung.   “Paralun , mung ukur gagambaran, tur sisigaan, tebih ka-nu sa-enyana, yen dua sifat anu ngajadi ules watekna jalmaan.


26
anu di simbulkeun tadi , bias ngabedakeun diri anu kasipatan mana anu ngancik nyarungsum dina puraga jatining diri. Pikeun ngalarapkeun naon anu jadi udagan pancénna hirup,  anu ngarana Manusa, tangtu keuna kudihin (kayakinan) jeung tangtu (dasar), aturan hirup anunuju kana lalakon anu saenyana.
Ageman Kamanusaan Tinangtu patokan jeung ukuranana aya dasar  agemannana, nu disebut Ageman KaManusaan.  Ageman. asal kecap tina “Gama, (Gema atawa Gema, Na), nu disebut  Sa-Wa-Ra,  Sinar Wasa Na”, anu ngajadi cahaya diri,  anu dihin ku pastina, anu teu bisa robah, dina katangtuan aturan gerak jeung gerik  manusa. Nyangking aturan jeung  tata cara dasar ku élmu jeung  weruh.  Gerak  nyatana  hirup nu ngusikeun. “Ka mi, Ka ma, Nu Sa”
Kamanusaan  mangrupakeun élmu panemu pikeun ngalokat diri sangkan apal ka :
1. Diri Na: mahluk anu di cipta ku kersa jeung karsa sang Hyang Maha Cipta, disebut hing “Sun Na. 
2. KaLam Na: mahluk anu di gelar di alam na geusan ngalalaku  tulisan hirup jeung dihinna hing  “Sun   Da –Na.
3. DaRah Na: mahluk anu marengan  campur jeung nyampur marengan hirup anu ngahuripan nana  hing “Sun  Ha – Na. Manusa Gelar ku tilu Tangtu.


27
1. Ka mi: Asih na Gusti  anu nga jati Ruh Hyang, atawa Ruh Suci.
2. Ka ma: Asahna Bapa, jeung asuhna Indung (Gumulung), nu ngajati panitisan wujud atawa
RahMani, jeung nu ngajadi panétésan Ules watek (Sipat rasa) RaHim.
3. Nu sa: wangina sari ning Nagari.
K a  m i  :
Sipat mahluk anu ”T u h u” kana hirup, anu ngalaksana pancén titis tulis, ti anu ngersakeun nana anu ngancik di sang kuringna, sajatining wasa-wasa Na.  Hirup ku usikna, hurip ku obahna, sagalana
kersaning anu kagungan wasa. Ingsun darma lakoni, Geus ti nu Murba hing wisésa. TuHu, ka anu nyiptakeunana, “Gusti Pa Ngasih”, Katuhanan.
K a – M a:
Sipat mahluk anu  “TuMut” ka anu jadi cukang lantaran, ngagelarkeun ka alam dunya  :  Indung anu ngandung, Tungulna Rahayu, salaku (“Ambu PaNgasuh”). Bapa anu Nga Yuga, tangkalna darajat salaku  (”Bapa PaNgasah”). Indung jeung Bapa :  Cukang lantaran anu nebarkeun  binih bibit awit pangawitan  (PaWit). Wit = Sir. 


28
Pa Wit  =  gumulungna Sir anu Nga Jadi.
PaNgaWitan  = Tempat ruang waktu, pangancikan hirup  awal (Lamut Kasih Indung, nu di sebut  alam Kandung Indung).  Basa Simbulna, di sebut Palawangan atawa Gowa PaIbuan, atawa Guha Pawon.
Indung jeung Bapa, salaku Karang Pawitan,anu ngajadi cukang Lantaran gelarna Tuturus anu bakal nga jadi  “SaWa, SiWi , anu jadi Seuweu Siliwangi, hasil tina Sili, Wangina  kanyaah bapa, tur wangina ka asihna Indung, Salaku Tingkeban ParaHu. Atawa  SasakaNa. Tuturus  anu disebut anak = “SaWa SiWi salaku Kado emasna, atawa PusakaNa. (KaWaHa Domas).
Kawah Domas, salaku  Tungkeban Para Hu Hyang, anu jadi Bibit awit  di Palémbangan, geusan Pamedalan salaku mahluk anu ngajadi pibakaleun,  gumantung kana patalian, anu nyipatan terah jeung Darahna, dina Jangji awal (PaTaKa), mangkana saupama mahluk anu digelarkeun jadi  Jalmaan, ti luluhurna, lamun teges Sampurna dina Kamanu-saannana, mangka hing geusan kudu nyahayakeun Mahluk jadi Jalmaan anu ka Manusaan, aya dina patalékan para Guru Hyang, anu ngabédakeun ti mahluk anu liana, atawa NgaHing Sun Medang KaHuripan. 
Bapa.  Anu nuruskeun  Terah, teges Kapapancén geusan ngajayak tuturus dina ngolah hirup, nurunkeun élmu pangaaji   Panalar diri, pikeun darajatna, (Komarana). Indung  anu nuruskeun  Darah, teges kapapancén geusan ngaasuh tuturus dina ngalarapkeun  élmu pangaji Pangulas rasa pikeun  Martabatna, (Wibawana). Indung jeung Bapa salaku SasakaNa, Tuturus salaku Pusakana Indung Bapa


29
N u – s a :
(Sari Pati Alam) = Ku Dat na, Anu ngajadi cahaya. Cahaya rupa, cahaya daya, cahaya rasa, tina sari patina,
paHirupan, anu nyampur ngawaruga (Bugang), dina kahirupan anu ngahuripkeunana. Alam kahirupan jeung Kahuripan, pikeun nyampurnakeun sakumna mahluk anu kumelit di alamna, nyampurnana, ku alatan   “NuSa”  ,jadi bahan pikeun pahirupan, kahirupan, tur pahuripan jeung kahuripan.
Gumulungna Sari pati alam, dina sawarugana mahluk, mampu medarkeun hiji sipat, atawa ngajadi ules watek anu nganteur laku jeung lampah na atawa adat jeung kabiasaanana.  Contona  sipat Sasatoan, gurat badagna, nimbulkeun pasipatan diantarana :
1. Sipat Nafsu birahi,
2. Sipat Nafsu Sarakah,
3. Sipat Nafsu Amarah,
4. Sipat Nafsu Ngawasa, jeung réa-réa deui.
Sipat Tutuwuhan, gurat badagna pasiatan, diantarana:
1. Lungguh,
2. teguh,
3. ngasuh,
4. angkuh.
Ules watek sasatoan jeung tutuwuhan, ogé kageteran ku sipat pangasalan hirup, sari patina, sipat
Bumi, sipat Seuneu, sipat Cai jeung Sipat Angin. Diantarana :


30
Sipat Bumi : Sabar, subur,   sebar, nyurup Nga-adegan.
Sipat Seuneu : Panas, caang, niyurup Nga-Sinaran. 
Sipat Cai : Hirup, hurip kahirupan. nyurup Nga Huripan
Sipat angin: seger, dalingding. Hawa, nyurupna Nga-Hawaan Gema atawa Gemana
Hirup anu Ngagema katuhanan, Teges laku ning diri dina hirupna mibanda rasa karumasaan kana karsa jeung kersa Gusti anu Maha Kawasa (kaluhungan).
Hirup anu ngagema kamanusaan, teges  lakuning hirupna mampu  ngalaksana sipat anu nga wanda  darajat na Bangsa (Komara).
Hirup anu nga gema Kabangsaan,teges lakuning hirup, mampu ngalaksana sipat anu mi banda  daya cipta karya jeung karsa geusan mibanda (Wiwaha). Atawa  mibanda  ajén pangajén diri, ajén ka sasama hirup anu, surti kana hak hirupna alam anu lian, anu ka RahHayatan.
Hirup anu ngagemakeun tilu tangtu dasar pakeman hirup : “KaTuhanan, kamanusaan tur  kabangsaan, anu kaRohHayatan, dihin jeung pastina diri, dina nga asuh hirupna,  bakal mampu  nataran jeung nuturan  Rah  jeung hayatna keur ngajagangan carita anu dilalakonkeun di alamna ku sipat Kaadilan”. Hirup anu mibanda  sipat  ka adilan, tangtu lakuning hirup anu nungku, pinuh ku kajembaran rasa    jeung rumasa diri. Dina ules watek anu jadi lakuning kaAdilan dirina, nyata ngawujud jadi “CahayaNa (Nur),  atawa Wujud  anu :


31
ka sinaran   (“Mardhi Ika“).  Diri salaku anu jadi
Cahaya Gusti, dina (Pari polahna). Cageur awakna, Bageur lacuna, tur Bener élmuna. Kamardhi Ika an  atawa Wujud anu Ka sinaran,  Katuhanan: nga ules watek, “Kersana”: sadar, sadrah, Pasrah jeung tumarima.
Kamanusaan : ngaules watek  ku cara cirina,  ku  dihinna : welas asih.  Undak usuk,  Tata karama.  Adat  istiadat …jeung Wiwaha Yuda Naraga.
Kabangsaan: ngaules watek ku cara cirina, ku pastina:
- Bangsa  mibanda Rupa
- Bangsa  mibanda Basa
- Bangsa  mibanda Aksara
- Bangsa  mibanda Adat Istiada
- Bangsa  mibanda Budaya
- Kabangsaan  nyangking  salaku darma wangsa ka Nagara, pikeun nyangking papancén pasti panebaran ules watek anu kaRohhayatan, ciri bukti béla diri jeung sasama natar nutur lajuning ajén pangajén, geusan ngolahlaku,  diantarana :
- Diri  Nyaah ka Sasama.
- Diri  Béla kaBangsaan.
- Diri  Bakti ka Lemah Cai.


32
Diri Ngarumat  ngaramat ka Budaya.  Diri Ngawangi keun Nusa sari Nagari. (turunan).
Wawuh ka Diri ( wawuh ka kujur). Luyu kana ajén Sari ning Sunda pikeun Manusa Sunda Geusan Nyunda dialam Panyundaan ieu, milarapna, ku ules watek sipat tur paripolah, anu natrat teges geusan:

SUNDA
Sunda anu jadi tutur  dina  Panglokatan Panyundaan- nana, geusan pangadeg na anu teges, pikeun Jelma, (Jalmaan),  sangkan jadi “Manusa”.  Diri Na (IngSun Na).
Diri, sangkéhan tina kecap awal  Da jeung Ra. “Da”, ngandung harti  buana (Alam). ”Ra”, cahaya, Sinar, ules watek,  atawa   saNur   nu di kawasaan. “Na”, Anu kagungan karsa jeung kersa, anu “teu wujud, teu ngaran, teu ngarupa.

Tunggal dina tunggul. Manunggal sarta manunggul. Ngancik  sajeroning  ancak. Usik sajero ning cicing. Obah sajero ning rasa. Nu asal ngahirupan usik. Nu asal ngahirupan rasa. Nu Maha Agung ( AHung). Dat asal, pa asalan. Pangasalan, Pangawitan (Wiwitan). Anu jadi bibit kawit anu nga Wit, (KaAWitan). Tampa wates ku ambahan. Tampa wangen ku pedaran.


33
Tampa mampu di basakeun. Geusan medal babasaan. Tina basa ku wasana.
Unggeukna : “Anu Maha Sagalana” ..Pun !.

Tegesna anu disebut Diri, cahaya alamna salaku  Pancer Silah, atawa sipat tina kawujudan.
KaLam Na, atawa alamna (Da – Na),
Ka = pangancikan ,
La = pahirupan,
Ma = PaJatian.
Tegesna   alam sorangeun, anu bakal di sorang, tur sorangeunana pikeun panyoranganana disebut lalakon  titis tulis (Sorangan ‘Na).
SaSaMa Na (Sa Ha – Na). Sasamana = anu marengan tina :
Hirup  = usik jeung obahna pangawasaNa.
Hurip  = nu di usikeun jeung  nu di obahkeun pangadayaNa. Nyata anu nga Hana (Aya hirup kersana), dina sajeroning usik, jeung obahna, tur  saluareun, rupa jeung wujud Na.

MANUSA
Jatining Gumulung Campur anu bareng, Parahu panganteur ka sampurnaan anu campur, geusan “Nyorang” ka Alam Caang, poé Panjang, Jalan gedé Sasapukan, Nuju ka NaGaRa Pangkonan Gusti, Nagara Tunjung Sampurna, SaWaruga, SaWara Jati : Sunda, ngandung harti tatanan pari polah hirup, anu  Dihin  ku  Tangtu  carana,  Papastén  ku  Pasti  dina cirina, pikeun ngawujudkeun, ngabuk-tikeun, yén mahluk anu gumelar di ieu alam jagat buana pancer tengah. Teges:


34
kudu  ngalaksana sagala anu geus jadi pancén keur nyubadanan  nampa Hak  jeung Kawajiban  lalakon  anu geus jadi titis tulis ti dituna (Kudrat Pasti).  Asal anu tuna sagalana.
Tuna nyaeta Sagalana ti anu ngarsakeun
Tuna - raga
Tuna - rupa
Tuna - rasa
Tuna - basa
Tuna - wasa.
Tuna - wanda.
Tuna - banda.
Urang darma ngalalakon, ngalaksana (Ngamalakeunana). Éstu  sagalana dikersakeun, tur dikarsakeun, ti anu ngersakeun jeung  ngarsakeunana (ku Dia Hyang), anu Maha  Agung  (ku datna)  sangkan :  Ngadegna, karsa jeung kersana, anu jadi wasa dina kawasana.  Mampu “Ngawasakeun ka anu di kawasaannana,pikeun ngawasaan sagala pangawasana, sangkan Awas kana pangawasana”. Ngadegkeun  anu  Maha Agung, dina  Ngamahakeunana, ku anu kaunganana, teges, dina   Ngamalakeunana, (Ngamana) : Ngamaraga jadi miraga.Ngamarupa jadi mirupa.  Ngamarasaj adi mirasa.


35
Ngamabasa jadi mibasa.
Ngamabanda jadi mibanda.
Ngamawasa jadi  miwasa.
Ngamawanda jadi miwanda.
Ka  -  Ma =    Sari ning Pati  Cikal Bakal, cukang lantaran ti nu sa asal, pi bahaneun wadah Sukma , RahMani ti sajatining nu kagungan Jadi.
Nga  Ma = Nyawujudna RahMani  nu sa asal  pikeun ngawaruga jatiNa. sajati ning Hirup. Jadi Pangakuan, jeung Pangalakuan.  Mun diaku kudu jadi Laku jeung Lampah.
Sunda,  nyangking pancén, nyusun deui anu katunda, dina sasari ning waruga anu  geus ngajati, sangkan  Sampurna   nitis   Sawaraga, (sawaruga).  Dina Sora Uga nu Sampurna.
Sampurnana, nyata dina Campurna sakabéh anu kawasaan kunu asal,  gumulung nyangking sajeroning Cangkang ngawujud rupa nu kasipatan (Waraga).
Satiap Anggahuta  badan, anu miwanda ciri dina sadirina, teges mibanda cara saragana,  ngawatek Pancer Séwangan, tetep ngarujak-ngarujuk, Tunggal SaDaMi, sawasa-wasana, aya pangawasa jeung awasna :
Awas kana wasa, keur ngaAwaskeun naon anu diwasakeun ku, pangawasana. Wasa anu di kawasakeun jadi pangawasana, teges dina ngawasakeunana.  Susunan wali Sawaraga anu Nawaruga :
Wasana  Panga-wasana Ngawasakeun-na-na.
1. Panon  Tingal.  Sidik = ka anu di Reungeukeunnana.


36
2. Ceuli. Dangu. Seukeut = ka anu di Rungukeunnana
3. Irung. Ambung. Teges = ka anu di Angseukeunna-na
4. Biwir. Ucap. Tetes = ka anu di Lisankeunna-na.
5. Uteuk. Pikir. Telek = ka anu di Sawangkeunna-na.
6. Sarap. Rasa. Teteg  = ka anu di Rusraskeun-na-na
7. Jantung. Renghap. Teger = ka anu di Lenyapkeunna-na
8. Leungeun. Rampa. Tapis = ka  anu  di kupiskeunna-na
9. Suku. Lengkah Tandak = ka  anu  di Tincakkeunna-na

Susunan Wali Sajiwa anu Nawarajati.
1. Sir, Geter anu nyangking kahayangan, geusan ku pamilih Ati.
2. Rasa, Buah hasil tina tepungna antara geteran, panyangkingna wasa,
3. Cipta Geter anu nyangking diantara pikir,keur ka hayangan (gambaran). 
4. Akal, Upayaan geusan tepung kahayangan, panyungsian jalan tujuan.
5. Budi, Wasa anu nyanking dina pamilihna.


37
jiwa geusan nga basa usik rasa.
6. Daya  Wasa, anu nyangking dina waruga geusan ngabasakeun usik raga.
7. Asma,  Wasa anu nga wasta (nga-ra-na), warugana
8. Sukma,  Ruh hirup anu ngusikeun, alam pikir (akal)  
9. Lelembutan,  Ruh hirup, nu ngusikeun alam sadar.
Nyusun  Basa anu kudu dibasa keun. jeung Wasa anu kudu diwasakeun,  Maca keun  lalakon,  salila léngkah ngasuh hirup, ti awal gelar ka alam na, nepi ka ahir hayatna,  geusan, masrahkeun ka anu ngagelarkeunana, asal gelar dina ka aya an  suci, mulang kudu suci, malah ngantun gé kudu ninggalkeun kalam anu  suci, geusan nitiskeun tur nétéskeun ka anu di kantun, nyata tuturunan.
Sunda, asal kecap awal tina :
Sun = Ku Réhing, atawa mahluk cipta ning. Kuring Na, anu
mibanda:
o  Cahaya
o  Jati
o  Wasa
Da  =  sang Kurung (Ku Ruhung),  (anu di barengan), nyatana kurung, Na,
o  Kurung Na.
o  Waruga Na.
o  Wujud  Na (anu kawasa an).
Na  = nu hirup, (nu ngusik keun, nu ngobahkeun, nu ngarasa keun, nu nganyaho keun, jeung anu ngahartikeun). 


38
Sun, atawa  SunNa, ngandung harti mahluk  nu dicipta.
SunDa, atawa  Sun Daha  = mahluk anu di ciptadipagelaran (alam hirup,na), nu disebut  DaNya   atawa DunyaNa, (Ingsun Medal).
Ingsun medal tandang nyangking ka Hyangan
Ing sun medal tandang nyandang  ka Hayang.
Ingsun medal tandang ku Dia Hyang.
Ingsun medal tandang nyangkuring Caang (Sang Kuring, sang Hyang, kabarangan kabeurangan). Sunda,  bisa ngandung harti, tataran alam jagat buwana anu geus dihin ku pasti, pikeun  tatapakan ngalalakon, mahluk anu di cipta, geusan ngalalaku alam hirup lalakonan, dina patapakan,anu ngeunaan kana pangalaman, nu di alaman, sangkan ngajadi  alamna,  tur nga jadi kalamna,  patangtuan  Titis Tulis na. Hasil dina panyorangan, ku sorangan, nu ka sorangan tur keur sorangana. Sorangana pituturna,  nya  anu Maha, nu nga wasakeun.  Nyorangana  ngalisanna, nyata ingsun anu  ngumaha, anu nga basa keun:
Sora geusan jadi ucap, Nyora geusan jadi lampah..Kedal ucap, ku basa na.  Medal  lampah, ku wasana.
Ucap sora : Nga Ungkara  jadi  lisan jeung haksara.
U c a p : Pangawasa sora mahluk, pikeun nepikeun kereteg anu jadi panganteur maksud jeung kahayang,
nu mangrupakeun sorana  eng, ngang.
S o r a : anu negeskeun  ciri-ciri  sawara na mahluk.


39
Sora anu jadi ucap disebut : Kecap,  ngan aya di Manusa.
Kecap :  kedal lisan, anu  nga ungkara nepikeun maksud.
B a s a 
Basa Sora : runtuyan kecap anu nga ungkara mangrupa  kalimat (nyawara). Paparan keur nepikeun  maksud.
Basa Rasa :  paparan nepikeun maksud tina gambaran anu nga ungkara kaayaan haté, ébréhna aya dina gurat Raray,  (beungeut, rupa, pameunteu).  Raray: Cahaya anu nga ungkara kaayaan haté.
Basa Awak : paparan pikeun nepikeun pamaksudan ucapan, anu di lisankeun ku usikna awak, angonan badan.
Basa Haksara : paparan pikeun nepikeun pamaksudan nga ungkara ucapan ku mangrupakeun  simbul tulisan (Haksara Hurup jeung haksara Angka).
Basa Badaya : Paparan pikeun nepikeun pamaksudan dina ngaébréhkeun gerentes haté, pikeun ngaungkara gambaran ka hirupan, anu di tepikeun ku mangrupa hasil karya seni. Lampah  ngaugara   jadi   tulisan, salaku  tutur jeung laku pikeun  panga aji  ka diri (pangajén diri), pangaharti (pangarti).
AHUNG SWASTI ASTU PURANA KARSA, Sampurna diwasana anu maha PURAGA KERSA


40
Sampura Na, di Basa ing SunNa, anu NgaMaha. Tedak ing Wang kawasa Na, tedak ingsun hing  kang diwasa. Tedak kang pitutur laku, Pitutur kang ing Ruhmuhun. Nu ngarsa linggih Tumuhu Mager alam ingwang NuSa SunNa.
Nusa  HaNa,……. Nusa  CaRaKa.
Nusa  DaTa ,……. NuSa SaWaLa.
Nusa  PaJaYaNya
Nusa  MaGaBaNga.
Nitiskeun sari paaji, nétéskeun  sari paharti, geusan keur ngarumat rasa, sangkan keuna kana titis tulis
diri, kudrat  pasti ti Hyang widi, keur nangtung keun kadihinan (kayakin an), takdir diri, kadar awak, dumasar kana sagala papastén anu geus jadi katangtuan ti dituna.
Pikeun ngawujudkeun tangtungan pangadeg diri, jeung jati, geusan  kumawula, nyabdakeun ka anu kaGung an.
NgaRasakeun
Nga Rasa keun, NgaRas keun tur NgaRumasakeun.
Ngarasakeun, tepung:
Nga= engeuh,
Ra=cahya
Sa=teges
Ngaraskeun, Nampanan:            
Nga= engeuh,
Ras= dirasakeun
Ngarumasakeun, Tumarima:
Nga= engeuh,


41
Ru=nyahayana,
Ma= jati ning suci kuringna,
Ra=cahya  Sa=teges, keun

Wanda jeung Banda
Salaku mahluk  anu miwanda wujud jeung rupa anu ka Wastaan,  nata tapakna, teu saru, antara pangakuan jeung Palakuannana.
T i t i s :   ngandung harti,  rupa atawa wujud  disebut (ngawanda).  Tulis, ngandung makna, nu negesan tabéat atawa sipat, disebut (ngabanda).
Contona, lamun mahluk ngaWanda Sato, tangtuna ogé, pasti wiBanda  sipat,  kasatoan. Lamun  mahluk ngaWanda Manusa, tangtuna ogé pasti miBanda sipat kamanusaan.
Wanda  jeung banda, teu misah, tampa diantaraan ku wates jeung ruang pamisah, dii sebutna (Gumulung).
Wanda gelarna Ules watek (Sipat),   Banda (Pakaya WasaNa).  Upamana, Gula jeung amisna, Uyah jeung asinna, seuneu jeung panasna, panon jeung tingalna, jeung réa-réa deui conto anu liannaa nu sarua. Tapi anu béda ngan kadar jeung pastina, gumantung: paragina, gunana, katangtuanana jeung ngamangpaatkeunana, Kanda jeung Kara. Aya Wanda, aya Banda, tangtu bakal  jadi Kanda atawa kara.
K a n d a,  lalakon hirup ngangking ka hadean sakumaha kudrat pasti ku alamna (bukti wujud nyata). 
K a r a,  lalakon hirup nyangking kahadéan kugambaran alamna (panyamaran antara bener jeung salahna). 


42
K a n d a : tatapakan awal  jeung ahirna ciciptan, anu gelar di alam tempatna, dina titis tulis ku pastina, datang jeung mulangna di pagelaran ka pangbalikanana, tinangtu ka asal wiwitanana, nu disebut  “Mulih ka Jati ning Suci, Mulang  ka jagat ning asalna, ka alam caang, poé padang, tara bangsa, nagara tunjung sampurna” (Pang Lokatan).
Kara  : tatapakan léléngkahan awal jeung ahirna hiji lalakon, di sarungkeun ku panyamaran jeung gambaran ,keur nangtu keun  hiji kahayang, ku katangtuan : Bener jeung salah,  kudu jeung ulah,  karma  jeung pala, pang bibita jeung panyingsieunan,  anu jadi aturan atawa :
D o g m a : hasil buah pamikiran anu bisa jadi aturan nu lahirna, ku panyarungsuman antara akal nyambung jeung nafsu, anu di sebut  “KaRa” (olah pikir nu hirup),  atawana  aturan nu gelarna muraga jati, tepungna  antara akal jeung rasa. (Pangabaran) nu di sebut “Kanda”. 
K a r a : nyandang pangaraksa nu Murwa  daksi ing pasti. 
K a n d a : nyangking kersa hyang Maha Murba Hing Wisésa, Tanpa rupa, tanpa sora tanpa warna,  tanpa :  Panegesan  di luhur, mangrupakeun katangtuan keur anu NgaMaHa, kanu kaGungan Ma-Ha. Sangkan nuju kana hiji bener, ku rupaning wujud bebeneran, geusan tepung jeung tujuan bener anu hiji. ”Anu sa enya-enyana bener” (Aya Bukti anu Kanyataan).
Satiap wujud, tangtu ngaWanda  rupa dibéré ngaran atawa(Wasta), tur mibanda Ules watek (sipat).
Teges jadi ciri anu ngabédakeun antara mahluk hiji, jeung mahluk anu liana, saperti : Wujud  anu di wasta  (ngaran), mi Wanda  (rupa) Jeung miBanda  (Sipat), mangrupakeun karsa jeung karsa.


43
ti Kudrat   PastiNa. geus ngajadi  “Titis Tulis, jeung Tulisannana, dina Kalam Sorang-sorangna,  saperti :  Wastana, sato, tuwuh (tangkal), seuneu, cai, angin, taneuh, jelema, jeung réa réa deui mahluk anu liana, pada-pada nga bangsa an séwang séwang (titisan).
Ka sipatan ku carana hirup séwang-séwang, anu geus di tangtuan ku kapastian  (tulisan) anu jadi laku jadi lampah  pari polah kabiasaanana. Tapi anu di sebut alam hirup jeung pahirupan, tinangtu mampu ngahirupan sipat ka mahluk anu merlukeun kabutuhan, keur nyumponan kabutuhan jasadna (parab Jasad), bias mangaruhan sipat anu ka parabannana.
Tapi lamun Jalmaan  Mahluk anu jadi wadah sipat, salaku Manusa anu kamanusaan, tinangtu bakal  mampu nyampurnakeun tur ngimbangan sagalana sangkan katutur ku sipat anu jadi ka hadéan.
“Hadé tapi Kahadé”
Hirup geus ti di tuna. Bongan tuna sagalana Hirup nu ku kersana,  Keur nusana,  Hirup nu ku karsana Keur nu karasana, Nu sasawa, nu sahudara Nu sada, nu sadara Nuhu, nu tuhu Ku Dia Hyang, hirup geus ti di tuna, asal tuna sagalana, ka usikan, ka obahan, ka wasaan tur ka basaan, (Hirup lain ka hayang, tapi ka hyangan, ku pasti Na  (kersa Abdi, karsa Gusti).   


44
PARIGEUING GEUSAN NYUNDA
Pari geuing, mangrupakeun pitutur pikeun milaku  sipat anu Nyunda, keur ngayoman, cirri  dina diri, tur cara anu nyoko dina Uga, malar pi bahaneun, bekel hirup di alam jeung papadana, luyu kana tujuan hirup anu sategesna nyatana Nyicipta Kamardhi ikaan (Merdéka).
Panegesan kaluhungan élmuning Sunda  geus teu ka ukur ku catur, atawana katalar ku baca, tapi ébréh teges dina pari polahna jadi pangakuan dina lalakuan, sabab tangtuna ogé sagala anu dirasa, anu karasa, tur hasil dina pangarasaan, ngajadikeun hiji ajén dina nyumponan pancén pikeun tumarima iwal ti ku medalkeun rasa, ku karumasaan.
Ayana rasa, rumasa jeung tumarimana  manusa dina élmu kamanusaan tinangtu bakal nga wujudkeun hiji Bangsa anu kabangsaan, anu geus di tangtukeun ku Sang Hyang Maha Kersa ( Gusti anu Maha tunggal), anu geus jadi hiji papakon patakonan, ti sang Hyang Luluhur Sunda,  anu negeskeun :
“Nu kangken bijil ti Nirmala ning lemah. (rasa rumasa) ngarana inget disanghyang siksa. (tumarima) mikukuh talatah ambu, bapa, aki lan buyut, nyaho disiksaan  maha pandita  mageuhkeun ujarning kerta”.
Éta diluhur negesan talatahna   aturan-aturan hokum dumasar kana “Cipta, Karsa jeung Kudrat”,
tegesna, yén Manusa Sunda  :
- Ulah mopohokeun ka anu nyipta (Tuhu ka Kersana  anu disebut KaTuhannan).
- Ulah Nyapirakeun kana talatah tur piwejang para karuhun. (Tumut ka Luluhur).


45
Ulah ngaliankeun ka sasama ciptaning Gusti,  ajén ka lemah caina. Anu jadi pangasalan sarining patina anu marengan. Sangkan pinanggih jeung Kawaluyaan, karaharjaan, tur kamulyaanana,  Mulus Rahayu berkah salamet,  Cageur,  Bageur tur Bener, Mulus lalakon jasadna,  Rahayu lalakon gawéna,  Berkah ku nilikna,  Salamet lalakon juangna,  Cageur Awakna,  Bageur Kalakuanana.  Tur, Bener Élmuna.
Dina Papakon diluhur, tinangtu anu utamana, geusan ngawasakeun jasad sadiri, salaku kawasa Gusti anu Maha Tunggal, sa muduna di jaga dijaring, dina ujaring talatah luluhur  anu disebut  Dasa Kerta. Dasa kerta  “Pamali” 
1. Ceuli ulah rék ngadéngé, anu lain déngéeunnana.  Sabab bakal jadi mamala.
2. Panon ulah sa ténjo-ténjona , lamun anu teu pantes ténjoeunana.
3. Kulit ulahnepi ka samara rasa samar polah, alatan karo béda ku pangaruk panas jeung tiisna.
4. Létah ulah salah dina mi guna rasa jeung ngarasakeunana.
5. Irung ulah sa ambeu-ambeuna mun lain ambeukeuneunnana.
6. Sungut ulah rék sambarangan ucap lamun lainucapeunnana.


46
7. Leungeun ulah sa cokot-cokotna,lamun lain cokoteunnana.
8. Suku ulah dapon ngaléngkah lamun lai tincakeunnana.
9. Tumbung ulah dipaké  nu lain muduna, utamana dina
dina harti hubungan badan.
10. Baga purusa ulah dipaké nyacapkeun silih pika asih,
jeung nu lain hakna. Dasa Prabakti. Tatakrama. Nata dina bagbagan anu dipaké  pikeun hirup kumbuh
jeung papada, dumasar dina ayana Tatakrama, anu jadi salah sahiji cara jeung ciri anu mudu kapibanda ku manusa Sunda,  saperti :
1. Budak Tumut ka Indung Bapa.
2. Pamajikan satia tuhu ka salaki, salaki satia tuhu ka pamajikan.
3. Siswa Tuhu ka guruna.
4. Patani tuhu ka Wado.
5. Wado tuhu ka Mantri jeung sajabana.
Dumasar kana ayana Undak usuk  dina susunan kulawarga atawa dina pataréma pancén pikeun nyumponan  harti tunduk atawa tumut anu jadi pa Tuhuan, kana tangtuan hukum jahirupan salaku manusa tunduk ka Hyang (nu maha kersa).
Dasa Prasanta : Nya éta sapuluh cara pikeun panggih jeung katingtriman haté, anu kudu dipilampah. Ku singsaha anu keur ngalaju ning laku dina pahirupanana, saperti:
1.  Guna (wijaksana).


47
2.  Rama (ramah).
3.  Hook (deudeuh).
4.  Pésok (kataji).
5.  Asih (héman).
6.  Karunya (mikawelas).
7.  Mukpruk (muji).
8.  Ngulas (niténan hasil gawé).
9.  Nyecep (ningtriman haté).
10. Ngala angen ( ngagumbirakeun).
Tegesna dadaran anu diluhur, mangrupakeun anu katimu, ku manusa Sunda, dina ngolah tapak dasar hirup anu sategesna geusan nyubadanan tujuan ngamulyakeun ka sampurnaan hirup, di dasaran ku budi basa anu merenah katarima ku anu lian, matarémakeun rasa kasugemaan keur haté nu lian. Jembarna Manusa, nyaéta. Anu bisa mere kasugemaan, ka genahan ka na haté papadana :
Nulung ka anu keur  butuh. Nalang ka anu keur susah. Nganteur ka anu keur keueung.  Nyaangan ka anu keur poékeun.  Pari geuing au nyangking dina eusining Dasa Prasanta, teges némbongkeun atawa nyicirénkeun  kaluhungannana  jeung kalantipan budi manusa Sunda bihari, dina nata ngawangun ka sajatian ules watek budidaya dina sagala widang saperti :
1. Nata ngawangun Rasa jeung rumasa. (kaTuhanan).
2. Nata ngawangun Jiwa (kapribadian, kaManusaan).
3. Nata ngawangun Pribadi. (kaBangsaan).


48
4. Nata ngawangun Prilaku (kaRohhayatan).
5. Nata ngawangun Nagari (kaAdilan).
Pikeun kapengkuhan nyicipta ka tingtriman, rahayat jeung somah dina ngawujudkeun lalaku dina sipat’
“Silih asih, silih asah, silih asuh, keur wawangi nagri. Geusan  ngajembarkeun  rahayat ku kaadilan, ngamerdikkeun Bangsa tur Nagarana.
===================
Sanggian : Ki Laras Maya

Baca Juga :

Tidak ada komentar