Rajah Amit Ka Sajarah Sumedanglarang


Pangrajah Amit ka Sajarah Sumedanglarang kenging Pa Darsum Dipa Atmaja

Ieu Rajah anu sering dipantunkeun ku Pa Darsum anu dilandihan namina Ki Kebo Kenonggo.
Nami Anjeunna saleresna Pa Darsum Dipa Atmaja, linggihna di Cibeureum Batu Karut Cimalaka (Pengkeren Matrial Ageung anu di Cibeureum Pa Iming).



Pak Darsum Dipa Atmaja katurunan ti Sumedang sareng ti Pangeran Sito Darjo, anu ngawariskeun ieu  pangrajah ti sepuhma nyaeta Bapa Dipa Atmaja (lahir di Majalengka, 1870, ngantunkeun di Sumedang).

Pak Darsum Dipa Atmaja diajar Rajah tinu janten sepuhna taun 1968 teuras-teurasan waktos sepuhna jumeneng keneh. Saatos sepuhna ngantunkeun Pak Darsum Dipa Atmaya, anjeunna ngagentos ramana janten juru rajah/juru pantun dugi kaayeunna. Dilandih Ki Kebo Kenonggo anjeunna kagungan kaahlian nu sejen nyaeta Pawang Oray.

Upami ninggal ieu pangrajah eusina mah TAWASSULAN ka luluhur mung pedah dinu basa Sunda...

Sampurasun...
Bismillah bubuka rajah Sumedanglarang
diantarana Prabu Daniswara, Resi Agung Aria Bimaraksa, Prabu Aji Putih, Prabu Tajimalela, Prabu Lembu Agung, Prabu Gajah Agung, Inten Dewata, Sunan Guling Pagulingan, Sunan Corendra, Pangeran Santri, Pangeran Geusan Ulun, Pangeran Sugih, Pangeran Mekah kum karuhun sabudeur handap.
Tetep bayu sampurna ning iman
Tetep bayu ning syahadat rasa
Sri ayana saking kudratulloh


Sri ayana saking rohmatulloh
Sri maya di Buana Pancatengah
Pundut larang, pundut asih, asihan Sri Rambut Sadana

Kanjeng sinuhun panghaturkeun dahar
Ngirim sari menta rasa
Amengan ngiring aturan
Dzat sipat kanyataan Gusti Rosululloh

Pang nepikeun hadiah kaula
Ti naraka nepi ka sawarga
Ka jongring tujuh
Gedong sakala domas
Ka nini wijiling sukma
Ka aki wijiling sukma
Ratu weruh tanpa guru
Ka kandang kali sukma
Ka Eyang Anta Boga bin Abiyasa bin Adam
Reureug Pageuh Teguh Rahayu

Pun sampun nya paralun
Ka luhur  ka Sang Maha Agung
Ka handap ka Sang Batara
Ka Batara ka Batari
Ka Batara naga raja
Kula seuweu-siwi Pajajaran
Seja mukakeun turub cupu nu karuhun
Sanduk sanduk ka para Rosul, para Nabi, para Wali, para Karuhun sadaya, jembarna ka para Pujangga

Salam Sang Sri syahadat sajati
Saraga, sanyawa jeung badan kaula
Bul kukus, kukus kami, kukus haji
Asup ka para pohaci
Nyi Pohaci Sang Hyang Sri
Dang dayang tresna wati
Nu nganten, nu ngajunganten, nu nganamaan inten, nu larang leuwih sorangan
Nya ieu nu kasebat Batara Naga
Sang Kamaherang, Sang Kamalenglang, Sang Kama Putih
Nu linggih di tungtung ati
Nu tapa di jero raga
Ngahaturkeun menyan putih sapurulukan
Ka Ibu, ka Rama, ka sapucuk ning ibun
Ka sajati ning raos
Ka sajati ning rasa
Ka sajati ning pangawasa
Ngirim sari kanu sakti
Ngirim rasa kanu kawasa
Ka Allah ta’alla ka Pangeran
Ka Syech Abdul Khodir Jaelani Bagdadi
Sareng ka para karuhun sakabeh

Atuh deui,....
Seja amitan ka para lelembutan
Nu ka kurung ku wawangunan
Bisi ka geuleuh, ka keumeuhan, ka tajong, ka koer, kagandengan, ku prilaku manusa
Kaula rek nyandak warisan manusa
Kudu runtut, paut, anut, patut ka manusa
Ulah hiri, ulang dengki, jail, kaniaya ka manusa

Seja amit ka alam kabir alam sagir alam dua papasangan
Ka taun dalapan, bulan dua belas, poe tujuh, dawuh lima, dulur opat kalima pancer
Ka Cirebon Girang, Cirebon Tengah, Cirebon Hilir
Ka Embah Sunan Gunung Jati Purba
Ka Ki Kuwu Sangkan Hurip
Ka Sunan Gunung Jati Syekh Syarif Hidayatulloh
Sareng deui ka Syekh Syarif Durrahman nyaeta Sunan Kalijaga
Nu sanggup ngajaga beurang peuting badan kaula
Nyatana panangan urang sarerea
Ka sukma agung, ka sukma rasa,
ka sukma sari, ka sukma tunggal, sukma sajati
Ka dzat kang sampurna, ka roh idhofi,
teteger Hyang Agung,
aya di sukma raga badan kaula
Ku keresaning Allah
Sumujud, sumerep, sa-Marifatulloh

Neda widi ka Gusti
Seja nyukcruk galur kapungkur
Mapay laratan baheula
Nu natrat dina tutulisan
Nu ka campa ku rasa
Nu ka toel ku hate
Katepi ku pikir
Kajeueung ku panempo
Pang wuwuh na basa lisan
Nu tumuwuh turun temurun
Teu ju’uh ku cai ibun
Teu luntur ku waktu
Teu laas ku jaman
Budaya Sunda tetep ajeg
Sanajan geus rea nu leungit
Dina jiwa manusa Sunda
Pang tepungkeun jeung para lelembutan,
wireh kuring kawakilan ku ...(nami anu gaduh hajat)

Jst.........


Assalam Mualaikum Rampessss.....

Mangga bilih peryogi juru rajah dinu acara hajatan "ala Kasundaan" tepangan Bapak Darsum Dipa Atmaja.
==============================
Buku Rajah Sumedang, Bapak Darsum Dipa Atmaya (Ki Kebo Kenonggo)

Tambihan

Rajah paragi dinu nikahan kenging Pa Darsum Dipa Atmaja :

Kalimah kali kalimah syahadat
Jalma dua jadi hiji, jadi sa-adat, nyaeta nyatana nikah
Wong tua gawe wiwitan
Wong enom darma lakoni
Sipate abang saking Si Biang
Sipate putih saking Si Bapa
Yaiku getih jadi sewiji
Hiji wadi disebut cai madi
Cai nu kapindo ngaran mani
Nu katilu nateh
Nu ka opat maningkem deui
Sabulan keur kumambang
Dua bulan keur lumegang
Tilu bulan kumunyu ngaran
Opan bulan keur mangrupa
Lima bulan mengusik alus
Genep bulan conggeang larang
Tujuh bulan asihan si raja murta
Tepi ka dalapan, salapan tumpak di baga
Sapuluh gancangna medal goredag
Budak ngagoler campur mani dina cupu astagina
Ayeuna utusan parantos ngawujud
Nyuhunkeun asihan Gusti safa’atna Dinu Kawasa
Mangka welas mangka asih
Khususna ka ...
Jembarna ka urang sadaya
Reureug Pageuh Teguh Rahayu....


==============================
Sumberna : Buku Rajah Sumedang, Bapak Darsum Dipa Atmaya (Ki Kebo Kenonggo)

Baca Juga :

1 komentar:

  1. Sampurasun....izin copas kanggo di amalkeun,ngirim puji ka leluhur abdi...mugia barokah rahayu dunia akhirat kanggo para sepuh sadayana khususna Pak Darsum Dipa Atmaya kum ka sadayana..hapunteun abdi lancang...

    BalasHapus