Catur Gunem Beda Jaman Beda nu Ngajamanan Patokan Pikeun Nyukcruk Galur Karuhun

Wisahya Drs: Beda jaman beda nu ngajamanan patokan pikeun nyukcruk galur karuhun supaya henteu pabaliut carita jeung anu boga peran, conto anu nyata carita nagara indonesia jaman sukarno jeung jaman suharto, jentre teu pajeujeut, beda jaman beda nu ngajamanan.

Dedie Kusmayadi : nu mawi kang taun oge kadang kala sejarahwan sok tumpang tindih, kumargi?...atanapi titik...titik saur Kang Mang Sugara mah amun ngoment di Salakanagara. cekap ku koma wae janten weh prabu koma eke,,,ke,,,kee atanapi colaps sejarahna...amun teu diguar moal aya caritaeun pikeun jaga panginten kang...lebur janten sagara.

Wisahya Drs : Hal eta anu peryogi dilereskeun diluruskeun teh numawi rujukanna kedah aya carita sejen pikeun bandingan.

Wisahya Drs: Pedit.

Wisahya Drs: Titik-titik nu mang koko.

Koko Baranyai Baranyai: Ha-ha-ha ku sabab itu itik mah pan tos keuna ku sumpah/tawajuh...ulah eungab cukup di hate da etamah keuntungan asli sanes keuntungan nu keur ngalalakon.

Agus Rukmana: itu mah hanya alasan.

Wisahya Drs: Koma nu mang pelit.

Dedie Kusmayadi: Ari pajarkeun mah melindungi tradisi Buyut atawa pamali (tabu), atuh leburjadi sagara, moal terang atuh sajarah teh komo engke anak incu jaga...ngan iwal anu sok ruang-riung wae...nya kang Wisahya Drs..padahal sajarah ka-Galuh-an ayana di Tatar Darmaraja.

Wisahya Drs: Urang kedah cerdik nalaahna timana ti pihak mana eta aturan anu nyebutkeun tabu atawa pamali teh, boa ti pihak anu meungpeukan supaya poek teu kasalusur, eta kalebet kana pulitik sujarah.

Dedie Kusmayadi: leres kang.

Wisahya Drs: Harewoskeun ka dulur-dulur.

Wisahya Drs: Heug weh diteureuy buleud ku anu ngalindur dianggap enya eta pitutur karuhun.

Wisahya Drs: Nu matak aya kalimah ku rancage hate nyaring ati hudang rasa.

Wisahya Drs: Pek eta tengetan kalayan daria lamun teu hayang disebut ngalindur.

Wisahya Drs: Meiriani purnama.

Wisahya Drs: Asep enang hasanudin.

Wisahya Drs: Koko baranyai baranyai.

Wisahya Drs: Teu beda jeung pulitik dagang.

Wisahya Drs: Nu ente mah teu meunang dibeja beja ceuk karuhun ente, kitu eta teh pangersa urtad panyingkiran pama ceuk basa plb na mah.

Wisahya Drs: Saur mang koko baranyai baranyai mah, beda kitab beda jaman beda anu ngajamanan.

Wisahya Drs: Beda tempat beda lalakon beda anu ngalalakon.

Aji Guna: punten ngiring mairan,, Jaman teu ditangtukeun sakitu taunna, janten upami ngibaratkeun ka Jaman Soekarno - Soeharto anu benten, tapi buktosna seueur jalmi jalmi anu hirup di Jaman Soekarno masih hirup di Jaman Soeharto sanajan kedah gentos nami demi kasalametan,, teu jauh benten kapungkur ge dimana ambisi kakawasaan sanggeusna ngawasa tinangtu ngabinasa saha wae nu teu sapuk kana kapamingpinanna, teu kurang baheula ge nu ngungsi ninggalkeun nagri ganti ngaran ganti lalakon, keur nyingkahan ruhak pulitik,, buktosna di palih dieu aya anu kasebat Mbah Gede, pan nalika di Pajajaranna mah jenenganna Layang Dikusumah,, jsb. teu pajeujeut nanging ngantet,, tah rupina urang kedah ngungkap kantetan Sajarah sacara gemet supados teu janten "pajeujeut" saur istilah bah Wi.

Wisahya Drs: Yaktos.

Wisahya Drs: Hiji tokoh tiasa makalangan di tempat anu lian beda jaman?

Aji Guna: ku kapungkur hal eta kacida mungkinna margi kongas sepuh kapungkur mah yuswana ratusan taun,, malah pun aki ge nu kalebet generasi beh dieu yuswana dugi ka 127 taun.

Wisahya: Drs Upama hal sarupa kitu lajim alatan hal di luhur umur jeung pulitik , kantun ngajentrekeun periodesasi, sapertos tokoh anu dina jaman anu jadi anu.

Aji Guna: leres nun mung memang teu gampil da namina ge "MUKAKEUN TURUB MANDEPUN" ngunikeun anu nyamuni, ongkoh negrak tapi kapan teu katembong,, demi carana, nya kedah weruh di semuna anu saestu, kitu rupina.

Wisahya: Drs Numawi hak eta anu nuju dicrukcruk teh margi papagon sunda sering kapendak sapertos anu ulah nemrak disamunikeun hal ieu janten lalangse anu kalintang ageung pangaruhna kanggo ngungkab hal ihwal sujarah karuhun teh.

Wisahya: Drs Kedah aya upaya ngarobah paradigma.

Aji Guna: insya Allaah bah ari ku leukeun ngorehanna mah tangtos kabuka, sanaos seuseut seuat dina ngentepkeun seureuhna,, ku kitu kalintang saena abah Wi sarengrengan soson soson nyukcruk lalakon.

Wisahya Drs: Paradigma disumputkeun disamarkeun ku ditemrakeun, perjoangan anu kalintang abot kedah tawekal sabar tapi husu enya-enya.

Aji Guna: salahsawios metode arkeolog atanapi sajarawan sok ngawitan ku ngetang umur situs ku test karbon, saparantos kapendak umurna teras ditarik kalamangsana, nanging hal eta teu sapinuhna akurat margi tiasa bae batu situs / tutunggul teh digentos, alatan nu aslina kakubur atawa teu aya misalna.

Wisahya Drs: Aya kalimah ajimat lamun keyeng tangtu pareng kedah tiasa mensiasati kalimah lalangse can wayah dibuka.

Aji Guna: kadua ku cara nalungtik ciri situs, boh susuna punden, jenis batu nu dianggo, ornamen : aya pahatan / tulisan atanapi alami, teras ciri makam naha tos cara islam nyanggirah ngaler, atanapi ngulon? (margi aya salah sawios kuburan kuno saacan Islam nu nyanggirah ngulon), tapi cara ieu oge tetela teu sapinuhna akurat, margi tiasa wae dina jaman Transisi Islam seueur Kabuyutan / Punden nu dirarobih supados teu diraruksak ku Islam anu panatik anu sok gampil ngacap musyrik, antukna bentuk henteu aseli.

Aji Guna: hal-hal sapertos kitu rupina tiasa ngaburkeun carita sajarah nu saenyana, anu mawi teu aneh saupami seueur rucatan sajarah janten pabeulit bin pabaliut bin pajeujeut bin tumpang tindih,, heuheu

Aji Guna: aya paripaos kieu: "moal aya nu leuwih nyaho kana tapak meri dina cai iwal ti meri-na pribadi, moal aya nu leuwih apal kana tapak soang di awang awang lintang ti soangna sorangan, tur moal aya nu leuwih weruh kata tapak sireum dina batu iwal ti sireumna" hartosna: moal aya nu langkung uninga kana Tapak Lacak Karuhun lintang ti Karuhun sareng nu Kagungan Lalakon, saha nu Kagungan Lalakon ??? Gusti Murbeng Dumadhi : Awwalud Diini ma'rifatullaah, kocap Muhammad Saw ge yasa nyarioskeun lalakon Enoh As, lalakon Isa Ibnu Maryam As, lalakon Ashabul Kahfi,,jsb anu jamanna beh ditu ari tos WANA WANOH WANI WAWUH mah, teu mustahil kiwari ge da sageuy Jibril pangsiun, mung sumpingna ka Bah Wi mah moal cara sumpingna ka Muhammad Saw rupina, boa nyamar ngarupakeun aki-aki nyungkeun dun kawung ngajak ngadu bako di saung,, ti dinya derekdek bae galur ngabaralangkeun carita sajarah katukang, ngan biasana nyaram ditulis kedah ditalar bae,, haha

Wisahya Drs : Aduh

Wisahya Drs : Mudah2an we ieu mah etang2 pemanasan

Aji Guna : aamiin.

Asep Enang Hasanudin : Lajeng seun...

Wisahya Drs : Makam nyangirah ngulon kapendak situs sirah cipakt embah jaga lawang dilengkepan ku ciri benda purbakala nu disebat batu kantong namung ayeuna tos teu aya batu kantongna ical

Wisahya Drs: Di makam karamat genteng sukasari tanjungsari kapendak oge makam ngujur ngulon

Aji Guna: numawi seueur tangan tangan berantai nu maokan batu sareng tutunggul, aya nu dianggo uka uka lah, aya nu di-aku aku lah,, malah boa aya nu digosok jadi batu ali dijieun jimat kabuhulan, duh kacida tah mangkeluk nu sok maokan batu tutunggul,, teu sieun sieuneun kawalat.

Wisahya Drs : Aya anu kedah disikapi anu cius ku pihak terkait peryogina binmas margi anu ngarobah bala makam teh kumargi teu terangeun karena kurangnya pengetahuan

Wisahya Drs: Ngeunaan kapurbakalaan

Aji Guna: malah aya carios kieu: aya oge karuhun nu dijahulan sanes ku Batu, nanging ku Kayu, ajir sahiji palebah udel (sanes palebah mastaka), lami ti lami Kayu teh kaibunan kahujanan janten sirungan, ngarandakah ngagedean, turunanna nu nyaho yen karuhunna dikurebkeun di dinya nya teras we jyarah (baheula mah tara tingaleun ti ngukus tur sasajen), tumerapna dinu teu nyaho nempo kitu der nganggap muja kana kai, padahal jiarah.

Aji Guna: aya deui carios: yen anu disebat makam Karuhun teh saurna teu sadayana makam dina hartos kuburan / tempat dikurebkeunna jasad, tapi makam dina hartos tempat atanapi patilasan, tiasa tempat paragina niis / tempat niisna, tempat tapana, tilas calik, tilas ngareureuhna jsb,, pan kocap karuhun kapungkur garagah sarakti, tiasa moksa ngaHyang, tiasa ngapung tur ngaleungit, tiasa bae asalna calik luhur batu tatapa, teras les leungit atanapi ngalih tempat / ras clok, kunu awam disangka ngaHyang / moksa na batu urutna sila, padahal hirup keneh ngalalakon di sejen tempat,,

Wisahya Drs: Leungitna bentuk asli balay makam alatan dipugar dirobah ngaleungitkeun raratan mugar makam bahaya

Wisahya Drs: Nya leres ngahyang moksa teh aya?

Asep Enang Hasanudin: Aya bah,,,,ngan aya anu bener moksa aya anu "moksa" alatan situasi jeung kondisi harita,,,,ipoleksosbudhankam faktor penentu nmh

Wisahya Drs: Moksa pindah tempat wujud aya

Wisahya Drs: Ngahyang ngaleungit jeung wujudna

Wisahya Drs: Tilem ngaleungit

Asep Enang Hasanudin: Enya bener harti namah eta, ngan kanyataana aya dua kamungkinan.

Wisahya Drs: Diantarana

Asep Enang Hasanudin: Ningalkeun tapak carita, padahal anjeuna ganti lalakon kahirupan.

Wisahya Drs: Ganti lalakon kahirupan dina anu beda?

Asep Enang Hasanudin: Enya, misalkeun dinu kahirupan manehna jadi raja, kulantaran aya hal anu leuwih penting atawa mendesak, anjeuna ngalihehkeun isu ngaliwatan moksa atawa ngahyang,,,padahal anjeuna lain leungit,,tapi ganti lalakon kahirupan,,misalna tadi na raja jadi ki lengser jrrd,,,

Wisahya Drs: Tapi masih di tempat eta?

Wisahya Drs: Nyamar

Asep Enang Hasanudin: Muhun, nyamar atawa memang geus teu hayang ngurusan hal-hal anu berbau politik

Wisahya Drs Mandita

Aji Guna: tah leres kang Enang, seueur pisan Karuhun nu model kitu teh, atanapi aya deui anu teu kaguar saha nami aselina kumargi kapungkur mah pahing nyebat nami menak, komo raja, "Culangung / teu sopan", janten sok nami gelar / panelahna bae,, malah kitu deui para menak ka beh dieunakeun, kalebet karuhun karuhun nu caket, samodel ka pangkat kuwu weh jaman pun Eyang da pan kapungkur mah kuwu teh kawilang gegedén lembur, pan teu kenging disebat jenengan aslina, upamana ku ditelahkeun nami putra / putrina nu cikal: ibaratna kang Asep Enang janten Kuwu baheula pahing disebat Kuwu Asep / Pa Asep/ Bah Asep, paling gan Kuwu Jeneng, jsb atawa upama kang Asep Enang kagungan putra cikal nami Agus, janten Bapa Agus teu Bapa Asep, tah kapungkur ge seueur nu kitu, janten seueur Karuhun nu teu kauninga saha Jenengan aselina,, bujeng hingga Karuhun beh ditu, dalah kadangkawis pangkat Uyut - Bao - Janggawareng ge seueur nu teu uninga.

Aji Guna : cing kang Asep Enang atanapi Bah Wi uninga teu jenengan Canggah, Janggawareng, Kakait Siwur/Gintung Siwur, Gerpak, Umpleng dugi ka Tambak Galeng ?

Asep Enang Hasanudin: Waah teu terang numawi seun, nyakitu poekeun obor simkuring mah perkawis rundayan timana-manana.

Wisahya Drs:  Sapalih

Wisahya Drs: Aya istilah nu beda

Aji Guna: keun leresan nu benten mah ulah dikapayunkeun ajang sapribadieun, urang pilari istilah nu sami ajang jalan hayuning silaturahmi,, margi upami pakeukeuh keukeuh teh sim kuring sareng Wulan Guritno ge batal saresmi ngajatukrami, "sakitnya tuh di sini loh bah Wi" (nyabak bujur seeng)

Wisahya Drs: He..he

Baca Juga :

Tidak ada komentar