Ulikan Anu Jadi Kata Ngahyang atawa Ngahiang

Ari arti kata "Ngahiang atawa Ngahyang" teh naon atuh? Apan pibasaeun sunda na mah ngahiang teh "Mulih ka Jati mulang Asal", amun ceuk basa sunda ceuk basa arabna mah "innaillahi wa inna illahi roji'un" nu ngandung pihartieun "asal tina taneuh balik deui ragana mah balik deui janten taneuh, asal ti MantenNa (Allah) uih deui ka Mantenna".

Naha ari Nabi Adam alahis salam jeung babu hawa jeung nabi syits alahis salam Ngahiang kitu? hilang ruhna jeung ragana? Apan mimiti nyieun kuburan oge mimitina dicontokeun ku Kain mangsa mateni/maehan kabil. Duka ari nu muhit/munjung mah balikna kamana? Da geuning sok euweuh jasadna di kuburan oge. Piraku atuh tirakatan (tatapa mun jalma baheula mah) nyucikeun diri/awak/raga kanu Maha Tunggal jeung nu Maha Suci (Mun tatapana bener), "RUHanina katut RAHgana Leungit Ilang Tanpa Karana", apanan unsur jalma teh unsurna jalma teh RAHgana na mah unsurna tina taneuh, cai, seneu (Hawa panas) jeung (napasan/HUdara).  

Ari lain rek nyebabkeun dirina mah ka bangsa dedemit, siluman atawa Jin mah, milu jeung alam na siluman anu dipanjangkeun umur ti batan alam manusa, milu jeung alam siluman.
Pan aya geuning salain ti eta anu tatapa neangan Elmu "Batara karang atawa Pancasona" jasadna teu milu ancur malah kukuna jeung buukna di alam kuburna, kusabab teu ditarima ku Allah RUHANIna. Jiga kamari aya info ti Waduk Jatigede ti tukang gali kuburan basa mindahkeun kuburan, aya jasadna nu teu ancur rahgana kulantaran ngelmu "Aji Batara Karang" keur mangsa hirupna, aya oge anu leungit jasadna euwuh tangkorakna saeutik-eutik acan, ceuk beja mah eta jelema muhit/munjung ka siluman buta hejo/siluman oray/siluman monyet jrrd. Tapi aya oge jelema anu beleger keneh tapi seungit/wangi saeutik jasadna, da keur mangsa hirupna hiji tokoh masyarakat atawa kiayai anu bener ngaji syariat, taraket, hakekat jeung makrifatna; bener habluminallah jeung habluminnasna.  Pan aya papatah geuning di Sunda teh "Melak cabé jadi cabé melak bonténg jadi bonténg, melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng" eta geus hukumullah (hukum alam).  Kitu deui anu sok pasang susuk diakhir hirupna sok hese maot, kusabab teu percaya aya kamampuan diri sorangan jeung ayaNA nu Maha ngersakeun.

Kuring keur kuliah di ATPU, oge pernah dicaritaan samodel kitu teh waktu pun Emang (Darmawan Purwasasmita) harita janten keneh kepala PU pengairan di Banten ngan ayeuna mah geus pangsiun nu pangkat terakhirna jadi STAFF ahli di BAPPEDA Propinsi Jawa Barat, ngan masih keneh ari ngajar pasca sipil pengairan mah, anu rek sakola deui ka universitas Delft - Belanda), harita nyieun Bendungan Pamarayan di Banten pas palebah ngagali tanaeuh ku alat berat aya jelema anu beleger keneh eta jalma buukna jeung kukuna manjangan pikasieuneun nu umurna ratusan tahun, nya nepi ku emang eta jelema teh pindahkeun ka makom umum anu teu jauh tidinya, da euweuh tanda aya makom tadina. Tah ku sabab aya makom jeung tangkal Jati anu buhun, eta design plan bendung teh dirubah acuan planningna, sangkan teu ngaganggu makamna lelehur di daerah eta tempat. Alhamdulillah pun Emang masih ngahargaan karuhun warga di daerah eta tempat, bendungan di eta tempat dibelokeun (teu dikeueum eta makam umum teh).  Teu jiga karuhun urang Sumedang anu wiwitan, dikeueum ditenggelamkeun kawas anu dihaja??? na ari urang!!! Ngan meureun ayeuna mah anu tatapa/tirakat/sembahyang teh kalobaan na mah paloba-loba ngumpulkeun harta...

Ari parahyangan, sanghyang, sembahyang, naon kakaitanana???

Ari parahyangan kurang leuwih kieu nu aya dina pamikiran kuring nu ngabogaan kurung, parahyangan teh padumukan raja-raja atawa kuburan nu aya di tatar Pa-Sunda-an. Lamun arti luasna mah anu aya di Tatar Sundaland/Pentas Sunda kongas arti sempitna na mah contona di pa-sunda-an, ka-jawa-an, jrrd. Upama RUH/ROH na mah apan jelas balik deui kanu NYIEUNNA, da lain Indung Bapa nu nyieunna, Indung jeung Bapa ngan saukur cukang lantaran. Ngan aya oge khodamna tiap manusa teh arek nu bener arek nu salah jalan oge sarua. 

Kapan cenah sok loba kabejakeun khodam jelema nu salah jalan, jadi kuntilanak atawa naon cenah nu teu kaharti ku akal nu sehat. Ku sabab tadi tea  "Melak cabé jadi cabé melak bonténg jadi bonténg, melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng" eta geus hukumullah (hukum alam).

Ari Sanghyang dikeunakeun kana ngaran Raja/resi anu ngabogaan kakuasaan/kamampuan anu linuhung baheula. Boh anu harirup keneh boh nu geus tilar dunya mangsa harita. 

Kecap sembahyang dikenakeun artina tapakur, mujasmedi/semedi, tatapa ka Yang/Hyang Tunggal anu Maha Tunggal tapi mungkin baheulana ka campur ku pangaruh urang hindi (india), nya melalui heula batara whisnu, batara syiwa, sanghyang pohaci (menta kaberkahan ngahuma, nyawah, jsb). 

Tah ari Ngahiang/ngahyang mah kapan geus dijelaskeun ku KURING nu ngabogaan KURUNGAN, nyaeta maot bin pupus bin paeh bin modar bin ko'it jrrd.  

Sok sanajan aya jalma anu percaya keneh yen ngahiang atawa tilem teh hilang RAHgana katut RUHanina, padahal saha atuh? anu geus ngalaman, sok sanajan boga elmu sakti mandraguna oge da angger wae jasadna mah jadi taneuh. "Tinu tanaeuh balik deui jadi taneuh", "mulih ka jati mulang ka asal", kapan baheula mah jasad teh, aya nu dibakar (ayeuna oge aya keneh pan). Kitu deui nu tatapa pan kalolobaan tatapa jalma baheula mah pundah-pindah teu tumenep di dinya, jeung teu tara dibaturan ngan sorangan lumakuna, jadi kongas mun maotna oge moal aya nu nganyahoankeun komo mangsa harita mah teu loba jiga jelema ayeuna. 

Mangga teh teuing anu palercaya kanu ngahiang atawa tilem, "RUHanina katut RAHgana Leungit Ilang Tanpa Karana", da kuring mah moal curak-carek. Manawi tiasa upami kitu, mah bade diajar elmuna??  
Kami tidak menjadikan hidup abadi bagi seorang manusiapun sebelum kamu (Muhammad), maka jikalau kamu mati, apakah mereka akan kekal?  Tiap – tiap yang berjiwa akan merasakan mati (Qs Al Anbiya : 34-35) 





Baca Juga :

Tidak ada komentar