Geber Hihid Aing Carita "Budak Pahatu Lalis"

Kuring nu ngabogaan kurung nu mangrupakeun saripati atawa acining-acining taneuh, seuneu, cai, anu ngaHUdara anu ngaHIrup udara. Ieu ngajadi wujud diri ngaliwatan dahar, nginum, napas jeung barang nu diasakan. Eta 4 unsur tadi sanggeus ngajadi dina diri nimbulkeun napsu-napsu:

- napsu/sumanget barang gawe jeung kapangkatan tina acining seuneu/beureum.
- napsu/sumanget ngudag kanikmatan kaasup napsu “birahi” nu asal tina acining cai/bodas
- napsu/sumanget ngudag kadunyaan (harta banda) tina acining angin/koneng.
- napsu/sumanget tetep/mertahankeun naon bae nu geus kapimilik (teu aya jalma nu hayang ngalaman kamunduran).

Jadi dina hal ieu elmu Sunda mah dina perkara napsu-napsu teh teu nyalahkeun ka mahluk sejenna (setan, iblis jeung sajabana) nu sarua mahluk Gusti, tapi estuning memang ngancik jeung nempel (raket) teu pisah tina badan sakujur sapanjang hirup di dunya gede, tinggal kumaha sang kuring ngadalikeunana (ngamudina), naha rek diabur atawa rek diatur nyoko kana papagon hirup nu kamanusaan. Kuringna nu kudu boga pamilih sabab ‘sang kuring’ geus dibere wenang ku Nu Maha Wenang pikeun make diri jeung pangawasana di alam Pawenangan Gusti mah teu nyaram teu nitah, ngan sagala ucap-tekad jeung lampah teh aya karmana (hukum sabab-akibat patokan ti Nu Maha Kawasa), melak hade buah hade-melak goreng buahna goreng. Pan sang kuring teh asal ti Nu Maha Suci (Cahyaning Gusti = Nur Allah tea ceuk tukang ngelmu mah) nu tangtu ngabogaan sipat-sipat suci. Matak aya benerna nu ngahartikeun ucapan sampurasun teh ngandung sampurna ning (dina) ingsun, dina harti ingsun teh sang kuring nu asal ti Gusti jeung teu pisah jeung Gustina.

Napsu-napsu dina diri eta aya nu hade aya nu goreng, jadi ceuk elmu Sunda mah napsu teu meunang dipaehan tapi dikadalikeun/dikokolakeun, sabab mun diabur bakal ngarugikeun batur jeung ngarugikeun dirina, mun dipaehan bakal moal aya kahirupan manusa di dunya, matak dina legenda Sangkuriang nu ku simkuring pernah dipedar dina milis ieu. Dayang Sumbi (diri) kacida ngambekna waktu si Tumang (napsu) dipaehan ku Sangkuriang (sang kuring), buktina karek dikurangan oge waktu diri butuh dahar atawa butuh nginum teu ditedunan (puasa) apan sakitu ngambekna diri teh (beuteng kukurubukan, hanaang jeung laleuleus). Mun urang teu make eta opat unsur, tinangtu bakal leungit napsu-napsu dina diri teh .....da tangtu tiwasna.

Tah didieu aya pabedaan nu prinsip dina asal usul kajadian manusa/jalma antara elmu Sunda jeung elmu ti Timur Tengah. Sakanyaho simkuring elmu ti Timur Tengah mah (Yahudi-Kristen-Islam), yen cenah jalma teh dijieun tinu taneuh, terus ditiupkeun roh (angin), ari syetan dijieun tinu seuneu, Malaikat dijieun tina Cahaya, duka tah nu asal tinu cai jadi mahluk naon? Simkuring teu apal, manawi ki dulur aya nu terang, bejaan simkuring. Jadi aya sababaraha mahluk, sedengkeun dina elmu sunda mah gumulung jadi jalma tea. Jadi ngandung harti dina elmu sunda mah, bisa diibaratkeun setan jeung malaikat teh gumulung ngancik dina diri manusa, matak pantes ucap-tekad-lampah hade atawa goreng teh aya nu nyatet atawa kacatet ku dirina sewang-sewangan.

Bukti kalinuhungan luluhur Sunda, geura mun dilenyepan kajadian wujud diri asal tinu cahaya beureum-koneng-bodas-hideung teh, geuning nyatana universal atawa cocok keur sadunya, da buktina jalma di dunya teh geuning bisa digolongkeun (kelompok) kana bangsa kulit merah (Indian), bangsa kulit kuning (Indocina), bangsa kulit putih (Eropah), jeung bangsa kulit hitam (Negroid). Can ngareungeu aya bangsa kulit bulao atawa bangsa kulit hejo/ungu jsb.

Ari bangsa Sunda (Malayu) kaabus golongan mana? Apan cenah bangsa urang mah kaabus golongan bangsa kulit sawo matang nu hartina aya campuran nu saimbang antara beureum-koneng-bodas-hideung (unsur nu 4). Tah...mun kitu nyoko kana palsapah ieu, sabenerna urang Sunda kudu nganuhunkeun ka Gusti Nu Maha Suci, sabab sabenerna bangsa Sunda kacida pantes jeung meujeuhna ngajadi bangsa manusa nu utama teh, sualna aya dina kasaimbangan unsur nu ngabentuk dirina, oge dirojong ku alam/lemah-caina nu oge saimbang sagala aya nyukupan pangabutuh pangeusina (mun bener ngokolakeunana). Matak ceuk elmu sunda mah ari kuring teh (lain nu aya di lalaki bae, awewe ge sarua hakna) kudu bisa boga pamajikan 4 kalayan adil, sabab kakurangan atawa kaleuwihan salah sahiji unsur bae matak pigeringeun. Contona loba teuing beureum awak bakal panas (sipat lahir) atawa loba amarah/gancang ambek (sipat batin).

Hayu urang aji nu lianna tutungkusan hasil kalinuhungan luluhur dina perkara opat warna ieu, geura urang purak dina pawayangan. Urang gubrag jeung ngalalakon di dunya ku luluhur urang digambarkeun lir ibarat wayang, tah sajeroning milampah kahirupan gumelarna wayang, tangtu dipirig ku gamelan wayang, nu marengan dina metakeun ucap tekad jeung lampah eta sakabeh wayang kalayan ninggang dina wirahmana. Saha nu mirigna? Ceuk dina wayang disebutkeun “wali sasanga” (ke tunda guaran perkara wali sasanga ieu-teundeun di haneuleum sieum), urang guar bae alat gamelanana. Eta gamelan sarupaning saron, kenong, goong jsb, tetekon nu aslina mah kudu dijieun tina bahan perunggu, ari perunggu teh mangrupakeun campuran logam tina tamaga (beureum), kuningan (koneng), perak (bodas) jeung beusi (hideung), malahan gamelan pusaka mah sok oge nu ditambahan emas (koneng nu aya ajen).

Tuh geuning nyata kalinuhungan jeung kamotekaran luluhur teh natrat pisan, eta nepi ka kapikir pikeun ngagabarkeun kahirupan manusa di dunya nu salawasna make diri nu asal ti 4 unsur acining, dilarapkeun kana lakuning wayang nu dipirig gamelan nu oge dijieun tina 4 warna nu nyimbulkeu, asal diri.

Inget kénéh mangsa keur leutik sok dipandongengkeun ku kolot khususna ku nini atawa Indung Kuring nepi ka kuring Tibra sarena.... tah ieu caritana kurang leuwih leuwih kieu, teu karasa nyangclak cai sonca, sanajan Indung masih aya keneh dikieuna, pohara gedena jasa Indung teh, sanajan ngan saukur dipangdongengkeun. Sabenerna ieu teh mangrupakan hiji rumpaka anu mawa kana rahsa karuhanian jeung ngageuing rasa iba hate. Ngan teuing nu jadi Indung ayeuna sok mandongengkeun kanu jaHAdi Budakna atawa heunteu?

Tah ayeuna urang pedar wae caritana (dicaritakeun deui ku Ki Umbara) :

Jaman baheula aya dua budak—adi lanceuk—geus teu indung teu bapa, teu sanak teu kadang. Éstu éta barudak téh pahatu lalis. Lanceukna lalaki kira-kira umur tujuh taun, adina awéwé kira-kira umur lima taun. Titinggal kolotna ngan imah réyod wungkul. Pagawéan éta barudak sapopoéna ngarala suluh ka leuweung, mulungan pangpung atawa lanceukna naék kana tatangkalan, mitesmiteskeun rangrang nu gararing. Éta suluh téh dijual ka tatangga-tatanggana atawa ka pasar. Ladangna keur waragad hirup maranéhna. Hiji mangsa ngarala suluhna di tegalan eurih. Di dinya réa tatangkalan. Eurihna sadedeg-sadedeg. Ku maranéhna katénjo aya tangkal loa nu buahna raruhruy

pikabitaeun. Nu lalaki naék kana tangkal loa, ngalaan buahna nu arasak, diasupasupkeun kana koja bawana. Adina ngadagoan di handap, nyanghunjar lambar dina tumpukan eurih hirup.

Teu lila budak awéwé téh ngawih kieu:
Kang tulungan, Kang tulungan,
aya nu gagarayaman,
kana suku jeung ngégélan!

Ceuk lanceukna ti luhur bari jongjon ngalaan buah loa:

Usap baé Nyai, meureun sierum!

Teu lila budak awéwé téh ngawih deui:
Kang tulungan, Kang tulungan,
aya nu gagarayaman,
kana suku jeung ngégélan!

Cék lanceukna ti luhur tangkal loa, naékna beuki luhur:
Usap baé Nyai, meureun sireum!
Teu lila kadéngé deui budak awéwé téh ngawih deui:
Kang tulungan, Kang tulungan
aya nu gagarayaman,
kana suku jeung ngégélan!
Cek lanceukna ti luhur tangkal loa:

“Usap baé Nyai, meureun sireum!”

Budak awéwé ngawih deui, tapi soranan beuki laun, malah les pisan:
Kang tulungan, Kang tulungan,
aya nu gagarayaman, kana…

Lanceukna turun, pohara kagéteunana, lantaran adina euweuh dina tempatna. Eurih urut diuk adina busik. Nu barusik téh ngabulungbung manjang, ku lanceukna tuluy dipapay. Dina tungtungna nu busik téa, katingal ku manéhna,

oray sanca sagedé gulungan kasur…nangkarak beungkang paéh, beuteungna bungkiang. Sigana paéh kamerekaan. Keur kitu kadéngé ku éta budak lalaki, sora manuk di luhur kiara, “Cukrih, cukrih, turih ku pucuk eurih. Cukrih,

cukrih, turih ku pucuk eurih!” Ti dinya lanceukna téh niruk pucuk eurih nu garing, nu seukeut, tuluy beuteung oray téh diturih. …Ana boréngkal téh adina, hirup teu sakara-kara. Regeyeng nu

lalaki manggul beungkeutan pangpung, ngiringkeun adina, baralik bari ngadalaharan buah loa anu arasak.

Dua taun ti harita…

Dina musim katiga, cai walungan tiba ngérélék. Hiji mangsa ménak-ménak ti dayeuh ngersakeun munday di Leuwi Sipatahunan. Dina waktuna, barudak pahatu ogé milu tarurun ka leuwi. Mimitina mah nu lalaki nyairan beunteur
jeung hurang nu marabok, adina nu ngundangan. Lila-lia budak lalaki téh kabitaeun ku palika nu teuleum mareunang lauk galedé. Manéhna milu teuleum.

Enya baé, manéhna ogé meunang nilem. Sumangetna beuki gedé, tuluy teuleum ka nu jero. Tapi aya sajamna manéhna teu mumbul-mumbul. Adina jejeritan ménta tulung. Teu lila hiji palika mumbul bari nangkeup Si Ujang pahatu geus…maot.

Adina ceurik auk-aukan, akang-akangan. Ku palika duaan, mayit téh dianteurkeun ka imahna, digolérkeun dina babaléan, diruruban ku samak butut. Cék salah saurang nu nganteurkeun, “Dikuburna mah isukan. Ayeuna mah kapalang, kami keur munday,” tuluy maranéhna ka leuwi deui.

Budak awéwé ingeteun kana omongan indungan basa rék maot. Kieu, “Ieu jimat ti karuhun, simpen sugan aya maunatna.”

Nu disebut jimat téh mangrupa hihid. Ku budak awéwé harita dicokot, tuluy dipaké ngageberan mayit lanceukna bari ngawih, kieu:

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Anéh mayit téh ngerenyed.

Ngawih kadua kali:
Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit
panawa anu cilaka.
Mayit téh beunta, panonna gular-giler.

Ngawih katilu kali:
Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Juringkang lanceukna hudang, waluya teu sakara-kara.

Kacaritakeun raja di éta nagara kagungan putra hiji-hijina pameget, nunggal. Éta putra ku ibu ramana pohara didama-damana. Keur kasép jeung calakan téh, handap asor jeung hadé basa deuih. Hiji mangsa éta kakasih ibu ramana téh teu

damang wales. Dukun lepus dikelun, paraji sakti dikerid; tapi saurang ogé boh jampéna boh ubarna taya nu mental. Nu teu damang dengdeng baé, malah wuwuh répot. Cindekna, dukun lepus ilang lepusna; paraji sakti leungit saktina.

Nu nyoba ngalandongan munggah ka ngantay. Tapi teu aya nu hasil. Kangjeng Raja jeung praméswari siang wengi teu tebih ti pajuaran nu teu damang.

Pamaréntahan mah kumaha Patih baé. Di imah barudak pahatu. Nu lalaki ka adina nyaritakeun putra Raja nu teu damang wales, teu aya nu bisa ngalandongan, “Kumaha upami Nyai nyobaan ngageberan ku hihid jimat?”

“Asal diidinan asup ka karaton,” témbalna.

Lanceukna ngadeuheus ka Juragan Patih, neda widi yén adina badé nyobi ngalandongan nu teu damang.

“Saha baé boh kolot boh ngora, boh lalaki boh awéwé, meunang nyobaan.

Ngantay baé!”

Isukna dianteur ku lanceukna, Si Nyai milu ngantay ngalandongan. Gancangna bagéan Si Nyai asup. Kusiwel tina jero bajuna, Si Nyai ngaluarkeun hihid jimatna, tuluy ngageberan nu teu damang bari ngawih:

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Nu teu damang, anu tadina peureum baé téh bray beunta.

Ngawih kadua kali:
Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisanti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Nu teu damang socana gular-giler, rurat-rérét ka ibu ramana, nyéh imut.

Ngawih katilu kalina:
Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Juringkang nu teu damang téh gugah. Sang Raja ngarangkul putrana. Ari praméswari ngarangkul Si Nyai, digaléntor diciuman. Boh Sang Raja boh Praméswari rarambay socana. Cisoca kabingah.

Ti harita Si Nyai teu meunang balik deui, kudu tetep di karaton, diasih pisan ku Praméswari jeung ku Sang Raja. Beuki lila beuki geulis, beuki apal tata-titi kaménakan.

Barang Pangéran jeung Si Nyai pada sawawa, tuluy ku Sang Raja ditikahkeun. Péstana ramé pisan. Lanceuk Si Nyai diangkat jadi mantri.

Tamat.




Baca Juga :

Tidak ada komentar