Sumedang Purwa Carita: Galur Mimiti Sumedang


PUNIKA KACARITA AYA MIMITI SUMEDANG PURWA CARITA GALUR MIMITI 
SUMEDANG 
 
Ku ucap bahasa anu ka wengku ku rasa deudeuh weulas tur asih, ki sunda ngaraos payus dina waktu kiwari ngahudangkeun deui ciri tapak lacak karuhun urang anu baheula tapi sanes abdi bade milari pasalia paham, tapi urang milari jati diri anu baheula nu dipibanda ku leluhur urang anu sakitu nyaahna ka rahayat di tatar sunda.

Kunaon margina : paningal kisunda dina alam kiwari geuning ampir poho kana piwurukna sareung amanahna ti para pangagung baheula salahsawios contona: Eyang Prabu Geusan Ulun, gelar eyang prabu geusan ulun dicandak tina barempug para ahli atanapi reusi yen hartosna: hiji raja (pangagung) anu tutulung-nulungan-geusan nulung ka rahayat nagara ti anu leutik dugi kanu geude. Tah dina alam kiwari tabeat eta tos musnah ka ganti ku asal ngenah aing kareup batur mah. Atuh cilaka mun tatanan rahayat ki sunda dek saperti kitu jigana ieu alam tereh ruksakna.
           
Pan aya bahasa : mun urang sarerea mibanda rasa, kanyaah ka ieu alam atuh marumule ku urang sarerea. pon kana tapak lacak karuhun urang anu ayeuna teu kapirosea budaya warisan titinggal para raja-raja anu jadi pangagung nagri di tatar sunda.

Umumna ki sunda :
Lian ti eta mun ki sunda hare-hare teu mirosea adat budaya raja-raja ki sunda atuh jati diri ki sunda moal bisa turun-tumurun ka anak incu urang mun budaya ki sunda musnah. Matak geura guar tatanan ki sunda meh jati diri ki sunda lampar dugi ka akhir jaman komo mun apal kana sajarah tatanan ki sunda tah ieu urang buka sakedik jajaranana :

Mimiti Aya Sumedang
Samemeh aya ngaran Sumedang aya lalakon galurna : dina kaol Carita Sumedang tina (purwa sunda galuh galeuh ning manusa). Tina mimiti Purwa Carita anu kajadian dina eta pajamanan pasti loba jalma anu nyebut dongeng atawa mitos mun bahasa kiwari mah tapi pikeun jalma anu daek nafakuran bakal ka panggih mun ngelmuna sajatining diri jeung sajatining hirup–hurip manusa. Dina jaman eta kawenang anu maha kawasa dina galur sunda aya peurjalan ngauniraing.

Cikal Bakal Sumedang anu medal di Galuh Sunda Pakuan Pajajaran. Ciri eta anu ngajadi bukti di tatar Darmaraja. Kiwari ciri eta aya di Cipaku......tina lalakon Nur Cahya-Dzat Cahya-Nur Cahya Dzat- tah eta geura tafakuran, anu ngajadi bukti dina ciri Kasumedangan “Dzat Sunda Alif Satunggal“ teuras aya kaol warisan ti para leluhur ALAM PURWA SORA anu hartosna dina alam eta disebutna zaman luhur-anu tauna kira-kira tujuh ratus taun sarangenge. Dina jama moa kapikir ku hukun akal anging ku yaki yen anu maha agung wenang ku nyalira.

Mulih deui kana purwa carita Sumedang atawa wiwitan aya sumedang. Mun urang salaku ki sunda apal yen mimiti puseur sunda teh di sumedang da aya ciri Bujal Buana.


Naon Atuh Sumedang teh?

Ari sumedang teh tina lalakon karuhun urang nalika dipiwarangan ku anu agung piwarang ngaramekeun ieu lemah sagandu aya bahasa kiwari alam dunya. Tapi ulah ngenah ku kitu kudu apal barang medal tina mimiti Han Alloh meh teu asal apal jadi sasar. 


Kumaha atuh kaol caritana?.... dina jaman lemah sagandu aya karsa ti nu maha kawasa piwarang ngaramekeun ieu alam, tapi urang guar heula Purwa Carita Sumedang meh ki sunda ngarasa reueus kana tatanan salaku ki sunda.

Ciri Sumedang Purwa Carita anu tempatna di wewengkon Darmaraja - Cipaku gegelar carita tinu tilu purwa galuh galeuh ning manusa rucatan sunda pakuan. Wiwitan dikawasakeun ku anu maha kawasa geular di alam “lemah sagandu”.  


Anu cirina ti kaler gunung pareugreug, ti wetan gunung puseur jagat, ti kidul gunung penuh, ti kulon pasir hiking kiwari (pasirringkik) tah eta ciri "Purwa Carita Sumedang". 

Ti dinya dijajarkeun di tilu tempat hiji di puncak damar, dua di cipeueut, tilu di paniis - hiji di paniis, dua dipuncak damar, tilu di cipeueut - hiji di Cipeueut, dua di paniis, tilu di ciseuma (puncak damar kiwari) teu aya nu di nomor hijikeun kumargi geularna bareng. 
Kapicatur eta anu tilu dipiwarang ngabuat mekah di eta tempat ku anu tilu di sanggeman tapi unjukan hoyong gaduh rencang. Nya di dameul rencang kaopat istri (anu jeunengan Ratu Sinuhun) saparantos kitu pada jeungkar bade milari ciri ngabuat mekah.  

Teras diukur ngaler-ngetan-ngidul-ngulon, mung teu cios da saur nu tilu ka opat istri cakeut teuing ka palih kidul tidinya anu tilu baradami. Saurna urang bade kumaha?  Urang arunjukan ka PANGERAN URANG :  kaol “nun Gusti ieu kedah kumaha?” Saur NU KAWASA : “anjeun kedah nyieun di kulon tapi kudu sarua tempatna!” Anu Tilu ngawaler : ”nun sumuhun kaulanun Gusti abdi bade jeungkar

Tapi eta dandanan mudu dicipta ku aranjeun. Anu tilu baradanten teras nyipta eta dandanan, saparantos di cipta eta dandanan beut bodas.  Ti dinya baradami deui anu tilu ka opat istri, urang miang ngulon, ngan anjeun sorangan kudu tetep di Cipaku (ngaran ayeuna).  Anu dua angkat ngulon, lami ti lami mendak tempat anu sami sapertos di Cipaku. Dilingkung ku Gunung-gunung, nya ngabuat mekah di kulon dugi ka kiwari tos sadia. 

Saparantos beres ngabuat mekah, lami ti lami nya baradami urang mulang ka asal urang di lemah sagandu urang mulang bareng ka asal urang, tapi kudu nyusul baya urang mulang saurang-saurang, ke urang tepung di asal urang mun dek akhir jaman.

Ti dinya ngersakeun mulih ka pulo urang, nu hiji tetep di Mekah. Nu hiji nyaur kaula dek medal di pulo urang, ngersakeun ngadamel patileman, tilem di Mekah rek medal di gunung simpay mung teu cios ku sabab di beberan..., ti Gunung Beber, mulih deui teras ka Gunung Lingga, bade metu ti Gunung Lingga teu cios margi kaburu ka peungpeukan ku batu. 


Matak dugi ka ayeuna aya batu di luhur gunung sarta jadi kabuyutan matak di sebut Gunung Lingga. Mulih deui teras ka Gunung Puyuh tos dugi ka gunung puyuh, tos dugi ka gunung puyuh teu cios margi di piwarang di keureuweukan ku puyuh, sarta dugi ka ayeuna aya kabuyutan di Gunung Puyuh, teras mulih deui. Teras ka gunung Merak, kumargi teu kabujeung meutu di gunung meurak nya di keureuwekan meurak, dugi ka ayeuna aya Gunung Merak sarta jadi kabuyutan di eta gunung, kitu asalna. Teras mulih deui ka gunung kunci arek metu di gunung kunci oge teu cios margi geuntar di konci, kitu asalna Gunung Kunci. Ti dinya ngersakeun deui mulih deui ka Gunung Kunci guling ti dinya teu kabujeung kapeungpeuk kaburu medal di Gunung Kunci guling, matak aya nagara Sumedang tina medalna (prebu......) anu ngadameul patileuman di Mekah. 

Matak di Sumedang aya ngaran Gunung Beubeur, Gunung Lingga, Gunung Puyuh, Gunung Meurak, Gunung Kunci, gunung Kunci Guling. Kitu asalna Sumedang matak di Sumedang moal waka rame, ngan mun geus deukeut akhir Sumedang tangtu Rame.....

Dugi ka kiwari di Sumedang aya geular Prabu Pagulingan tina ku suka, teu ka peungpeuk......tah kitu asal Sumedang tina basa medal di pegat-pegat.....

Ti dinya kari-kari nyusul baya anu tiheula inget ka anu paneuri, emut ka saur tadi, “pek urang tepung akhir jaman bari urang ramekeun asal urang tadi di Cipaku. Lamun ta can akhir jeung can teupung ulah waka dek di ramekeun. Di mana mun geus akhir tangtu rame di Sumedang, kitu janjina.

Tidinya angkat deui kanu pangcalikan asal tadi di Ciseuma bari ngagakgak ngabijilkeun cahaya caang sabuana kabeh anu matak di Ciseuma aya ngaran Puncak Damar Ti dinya angkat deui ngetan terus ka luhur Gunung Calik diluhur gunung mayun ngeta ningali nagara lemah sagandu teras angkat deui ngetan kaluhur gunung bari ngantunkeun tampekan. 


Teras angkat ka nagara Cirebon ningali acan aya mesjid. Para Dewa pada sumping nun kaulanun gusti...... timalan keudah ngadamel mesjid, nya para Dewa pada riab milari dandanan kanggo mesjid dugi ka ayeuna aya patilasan mesjid di babakan Cirebon. 

Mung aya hiji Dewa anu teu tiasa ngiring ngabuat mesjid namina Dewa.......anjeuna ngerik batin bari ngeclakeun ci soca, nun kaulanun kangjeung Nabi.......mangga kaula maotan wae. 

Kangjeung Nabi nyaur, ti dinya cai soca Dewa.......jadi endog. Kangjeung Nabi.......nyaur, eta endog ku anjeun sileungleuman lamun geus megar bawa ka kaula, eta Dewa nyaur oge manga kaulanun kangjeung Nabi......ngan anjeun jeung batur-batur anjeun kudu tungu-tunggu tilas pangcalikan kaula. Saur eta Dewa mangga kaulanun Gusti, ti dinya Prabu Gusti Nabi...... angkat Ngetan ngadamel patileman di wetan. 

Kapicatur anu hiji anu di piwarang tetep di Cipaku, ngemban dipiwarang mepekeun ieu alam. Ti dinya nyipta eusi bumi matak aya cikeusi, teras reugreug mageuhan ieu alam, matak aya pareugreug. Teras maseuran ieu alam jagat matak aya Gunung Jagat. Teras menuhan ieu pangeusi jagat matak aya Gunung Penuh. 

Ti dinya nyaur ucapna “kaula dek ngajayaan ieu nagara sangkan hurip matak aya Gunung Sangkan Ratu Jaya. Ti dinya ngahiriring suka ieu nagara pepek matak aya pasir hiking (pasiringkik), tapi kade kudu inggis sajeroning eta. Ti dinya ngersakeun ngadarma di eta alam matak aya dermaraga kiwari Darmaraja. 

Kedal lisan dina isuk baring pagi umat aing ieu di ganggu kaula bakal tepung jeung dulur kaula, ucap kedal lisan deui papaku ka umat aing dina isuk baring pagi alam diganggu bakal aya balai di alam dunya matak aya Cipaku tina papaku ka umatna.

Ti dinya ngadamel ciri ku walungan tilu, hiji ciliwung rasa, dua cilinggalarang, tilu cigagak jalu. Ieu walungan asal sahiji ngajadi tilu ieu ciri asal kaula jeung dulur kaula.

Tah eta ciri kaula keur teangeun umat Sumedang anjeunna milari ciri tina asal anjeuna jeung dulurna anu di jajarkeun di Galuh, matak aya Galuh Pakuan di Cipaku tina asal anjeuna rumasa di jajarkeun.... di geularkeun kanu Maha Agung.

Dimana ieu jaman geus akhir kaula bakal tepung jeung dulur kaula baring medal di asal kaula... dimana ieu jaman geus akhir Sumedang tangtu rame, tapi kade ciri kaula dina walungan anu tilu nya Cigagak Jalu, dimana geus aya ciri gagak bodas sakembaran ti hilir maju ka girang ati-ati umat ang Sumedang tangtu rame, simbul eta hayu urang tafakuran ku urang salaku ki Sunda meh apal asal ciri karuhun urang anu medal di tatar Sumedang kiwari.

Ti dinya mere pepeling dimana ciri asal kaula di ganggu ieu jaman..... jeung dulur kaula. Tapi mun ciri kaula teu di ganggu ieu jaman panjang lalakon mangka kahade Darmaraja kudu beja nagara, Sumedang rangrangan jadi Ciri Tunggal aing Cigagak Jalu (Cipaku). Mun Darmaraja hayang Tembong Agung tina karsa kawasa, nu Agung, pan ieu jaman kumaha aranjeun mun anjeun aya dina ridona.

Kalawan anjeun apal kana Sumedang larang – larang Sumedang yen urang Sumedang mibanda larangan atawa kapantrang anu basana : Tembung Agung Sumedang Larang-larang, Sumedang Tembong Agung mun acan akhir dimana geus dek ahir....


Tah kitu sajarah singkat Cikal Bakal sumedang, cag ah.

Baca Juga :

Tidak ada komentar