Papatah Eyang Ruwi Anu Makamna di Gunung Golempang Darmaraja

Dina carita, Papatah Eyang Ruwi anu di Gunung Golempang, jaman ahir padaleman Sumedanglarang.

Aya Papatah nu eusina kieu :
Mun ngelmu kudu boga Guru...
Mun nyiar dunya kudu boga alat...
Mun dek ngulik kudu ati-ati. kudu murah tapa, mahal jampe kudu kuru cileuh kentel peujit..
Mun hayang boga manuat kudu munajat...
Mun hayang matih. Kudu nyupri...
Mun hayang nulung ulah pamrih...
Mun ngucap kudu ulah asal pok. Ulah umankuh jeung asa aing. Da Diri mah ukur didarmakeunn ku Nu Maha Kawasa.
Kudu bisa teuleum dina leuwi...
Kudu bisa napak sancang. Meh boga mustika.
Merah daliman. Dal, anu lima eta, wujud pangakuan yen diri teu daya teu upaya.

Makomna dijalan jalur Cibugeul Daerah Cibuah...

kintunan : Kang AT Dendusri (Kang Aden), tinu kadarmarajaan

Pihartieunana,
Amun ngelmu kudu boga Guru = Ari ngelmu agama kudu boga guru teh ameh sanad/nasabna jelas, apan ceuk agama oge amun teu boga guru, Guruna Setan, jurig, jin jrrd ahii...hi...hiii

Kudu murah tapa, mahal jampe kudu kuru cileuh kentel peujit = puasa melek atawa puasa ngembleng, duh lieur geura puasa ngembleng mah geura anu nembe ngawitan mah....ahii....hii...hii

Kudu bisa napak sancang. Meh boga mustika.
Merah daliman. Dal, anu lima eta, wujud pangakuan yen diri teu daya teu upaya = Napak sancang dina pajaman ayeuna. Kedah tiasa, sagulung sagalang dimana wae ker kumaha wae.
Nulung kana butuh. Nalang kana susah. Tea. Atuh palih dituna ulah munjung ka gunung ulah muja ka sagara.
Pan anu kudu di punjung mah indung anu kudu di pujamah.
Bapa. Sabab indung tunggul rahayu bapa, tangkal darajat. Ameh urang kumelip di alam dunya aya hibar pangdua.
Ti indung bapa. Atuh, diteuraskn bakti.
Ka Gustina. Ku Sahadat. Sholat. Zakat saren puasa. Munggah hji.
Kalawan iklas ngaku ka :
1. Alloh pangerannana,
2. Malaikat,
3. Kitab kitabna,
4. Nabi miwah rosulna,
5. Poe Qiyamah
6. Tur takdir na.
(Blingbing KUWI, balaimbing anu segi genep amun dinu suluk ilir-ilir sunan kalijaga mah, anu di tangka balimbing nu sok dianggo nyeuseuh kain dodot, anu anu hartina jang ngbersihan tangkal imanna diri). Modalna pan yakin, ridlo tur iklas. Dina pangakuan na tur migawena.

Napak Sancang/lumaku ngalakukeun, ameh miboga mustika mirah~murahna anu lima (da lima), nyaeta :
1. Sahadat
2. Sholat
3. puasa
4. zakat/shodaqoh
5. Ka Haji
Yen diri teu daya teu upaya, tamana mah kedah ikhlas kalawan ridho, tawadlu sareng istiqomah tea.

Baca Juga :

Tidak ada komentar